31 Desember 2004, 5 poe saentasna Tsunami di Aceh, kuring ka 
Pangandaran sakulawarga. Indit teh maksakeun pedah si Bungsu rewel 
terus hayang ningali laut jeung hayang Tahun baruan di luar imah. 
Kuring ge harita rada hariwang, tapi boga kayakinan, piraku sugan aya 
tsunami terus-terusan.

Pangandaran, waktu taun Anyar 2005, ceuk urang dinya mah sepi, sanajan 
ceuk kuring mah rame oge. Nu disebut sepi teh pedah panginepan loba nu 
kosong, da kuring oge gampang pisan meunang panginepan kalawan hargana 
murah. Urang dinya loba nu kukulutus, cenah gara-gara wartawan, loba 
ngawartoskeun tsunami di Aceh, Pangandaran jadi sepi sabab loba nu 
sieun aya kajadian tsunami di Pangandaran.

Ayeuna, sanggeus sataun satengah, Pangandaran malah bener-bener keuna 
ku Tsunami. Mudah-mudahan urang dinya sing tarabah, jeung Pangandaran 
sing geura sabihara-sabihari deui. Ngarah kuring sakulawrga bisa ulin 
deui kadinya, dina hiji waktu .....

Baktos,
WALUYA  



--- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> 
> Deudeuh teuing, basisir paranti kuring ulin, ayeuna keur tunggara. Beu
> teuing. Kabayang munggaran ka pangandaran, keur sd keneh pisan. Kana 
colt.
> Rombongan SD sakelas. Dasar urang gunung, nempo laut asa kumaha. Teu 
aya
> pamandangan nu rata kitu di gunung mah.
> 







------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Groups gets a make over. See the new email design.
http://us.click.yahoo.com/XISQkA/lOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke