ari sim abdi mah ka Pangadaran teh 7 bulan saprak kajadian Tsunami di Aceh mun teu lepat mah bulan Agustus 2005 katompernakeun...da harita di Pangandaran aya panggung hiburan agustusan (di sisi laut belah kulon). Harita oge pedah wae kabeneran aya acara kulawarga ti kantor pun bojo atuh Alhamdulillah haratis sagalana...hehehe. (ngan heunteu wae ari jajan mah).
Harita oge sabenerna mah masih keneh dilimpudan ku kasieun kajadian Tsunami, komo pas peuting panungtung di Pangandaran hujan ngecrek ti beurang keneh pas kasorenakeun tambah badag di barengan ku hujan angin samalah tangkal kalapa gigirieun panginepan kuring rungkad untung teu ninggang oge Alhamdulillah...malah nepi ka banjir sagala...(nepi ka benteng panginepan di jebol ku warga da cai ampir rek minuhan pakampungan).
Atuh poe isukna buru-buru nyiapkeun sagalana pikeun balik sok sanajan aya waktu keneh nepi ka sore oge, sarerea sapuk rek balik rada isuk keneh sieun hujan angin deui....pang-pangna mah siuen aya Tsunami tea. Ari pek geuning bener kajadian Tsunami mah di Pangandaran teh poe Senen kamari...
ehmmm.....deudeuh teuing Pangandaran muga anjeun sabar jeung tawakal dina nyangharepan ieu cocoba....didoa'keun sing tereh siga sabihara-sabihari deui aman tentrem...sangkan kuring bisa ulin deui....amin.
"kkbm'69"
-kang Runa saparakanca kumaha acara ka ulin ka Pangandaran teh...???
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

