Leres, Kang, élmu manusa téh céték pisan di payuneun Allah mah. Khususna keur urusan lini, ngarumus ngaitkeun kalakuan 8 pelat gedé nu di luhurna aya pulo, sagara, jeung banua, sarta nu di handapna aya mantel ngagolak nimbulkeun konvéksi, éstu can aya hasilna nu jetu. Nya, antukna mah, balik ka statistik baé (mugi-mugi keur saheulaanan).

Tapi, di jagat kaélmuan mah, asal metodana galib jeung prak-prakan panalungtikanana bener, hasilna bisa dianggap hiji "bebeneran", mungguhing manusa tangtuna ogé.

"Itu adalah hak Tuhan", pasti kitu ayana. Tapi ulah dipaké mareuman sumanget manusa neuleuman élmu Allah, sakumaha déétna oge manusa kuateun teuleumna. Ari rék mareuman sumanget sorangan mah mangga téh teuing...

AJ

waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hehehehe .... ahli oge tiasa lepat da sanes Nu Maha Kawasa. Kamari
kuring papanggih jeung Dr. Nanang (dosenna tukang kaos Kusnet) di
jurusanana, ngan teu kaburu ngobrol lila, manehna rek ngahadiran
seminar cenah, da didadasi jeung make jas. Satadina mah rek tunyu-
tanya, sabab Nanang kungsi nyarios dina media (PR kitu), teu kantos
kacatet ku Sajarah di Jawa Barat aya Tsunami. Janten sacara
statistik, kamungkinana leutik pisan aya tsunami di basisir kidul
Jawa Barat. Tapi da eta mah statistik, kamungkinan leutik oge, bisa
wae jadi enyaan ......

Baktos,
WALUYA
(Kungsi babarengan jeung Nanang waktu Nanang mahasiswa keneh)

_