Kuring sanes ahli fiqh, patarosan kang Emod teu tiasa
diwaler.
Tapi kuring ngarasa, naon-naon anu sigana tos ilahar
(=biasa) katingali ku urang sadidinten, kedah
diayakeun redefinisi sacara kritis kalayan ngacu kana 
hiji katangtuan anu tos baku. Jiga kasus barudak
leutik icalan atawa meser barang.
(jiga kapungkur aya kasus, anu kaalaman ku salah
saurang artis penyanyi "trio bebek" didikan Guruh
Sukarno, anu nikah kalayan ijab kabulna ngalangkungan
telepon, margi calon pamegetna aya di Amerika).

Contona wae kieu, dina hal riba, pan tos jelas hukumna
(aya fatwa MUI sagala). Tapi naha masih tetep heunteu
dilarang, atawa heunteu dijauhan ku urang muslim? Aya
pendapat, ceuk sakaol para ahli situasi ekonomi ayeuna
masih darurat, margi teu acan "berkembang" sareng teu
acan kuat pisan sistem ekonomi syariah. Tah kumargi
kitu, sistem ekonomi anu nerapkeun riba, masih tiasa
ditolerir.

Aya hiji panalungtikan batur kuring (tesis S2 widang
hukum) anu netelakeun yen ekonomi syariah anu ayeuna
aya di Indonesia, heunteu cocog sareng ekonomi syariah
anu diajarkeun ku Islam. Kunaon? Margi para pelaksana
ekonomi syariah di Indonesia, masih ngangge konsep
ekonomi sistem riba.
Kitu tah, kinten-kintenna alesan kunaon mayoritas
urang Islam di Indonesia masih seneng kana sistem
ekonomi "berbunga".

baktos,

mrachmatrawyani

--- Emod Morales <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Diantawis syarat sahna ical galeuh nyaeta :
> 
> 1. Baligh.
> Nu katingal ku kuring, seeur murang kalih (teu acan
> baligh) anu ical galeuh,contona padagang asongan,
> malih kuring oge sakapeung mah sok miwarang muarang
> kalih ngaggaleuh udud ka warung, kumaha tah hukumna
> ?
> Cenah...ah eta mah budak teu gede duitna, sabaraha
> atuh gedena ukuran jual beuli keur barudak ?
> 
> 2. Ijab Qabul
> Lamun ical geleuh ON LINE, kumaha ijab qabulna ?
> Ijab Qabul kenging teu ku seratan ?
> 
> 
> Wasssalam
> 
> Jang Emod


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Great things are happening at Yahoo! Groups.  See the new email design.
http://us.click.yahoo.com/TISQkA/hOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke