tah di dieu kuring rada ngahuleng... leng lengan...
ari nu dimaksud hirup tawadhu sacukupna teu kaleuleuwihi teh nu kumaha?

ari cek simkuring mah mendingan keneh make pikiran positip. alya rohali kawin make waragad sami lieur, oh meureun nyumbangna mah dwami lieur. eta cenah embung ngadahar lotek, meureun teu beuki da can pernah ngasaan. ti leuleutik diwewelan pray ciken wungkul ku pembantuna. jeung deui sakapeung mah sok jarijipen lamun kudu ngadahar lotek mah cenah. lain sing gengsi kalolobaanna pan teu pati merhatikeun kabersekaan dagangan. cobi lamun lotek dikemas jiga mcD meureun laku komo bari diiklankeunna ku dian sastro mah. kudu eleh tah mcD, pan sakitu kemasan canebrang herang ge loba nu nyebut kadaharan runtah. buktina tuh di bandung loba!!! sedeng ari lotek mah pan memang kadaharan tina "runtah" tapi cek pa dokter dodo urang cicaheum mah kadaharan sehat eta teh...

punten ah bari leneng sirah yeuh can sare peuting!
dh

On 7/27/06, irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED] > wrote:

Hirup cukup jeung efisien. ulah kaleuleuwihi.
Dina enyana aya kabutuhan anu ngan bisa dipenuhi ku produk luar. nya mangpaatkeun seoptimal mungkin. contona meuli komputer, motor atawa mobil.
nu penting ulah kaleuleuwihi.

kuring mah ngangres euy, ngadenge kamari alya rohali (ceungceuman hate, dikeukeupan batur. aing mah euy  he..he..he..), resepsi perkawinanna beak leuwih ti 1M.
 
padahal mah di tasik, ciamis, kebumen, bantul, sulawesi, kalimantan, jelema ngararungsi. teu boga imah, pake, jeung dahareun anu memadai.

tah da jalma urang mah sok "lupa daratan". teu inget ka purwa daksina, ceuk ki dalang mah.

Hirup tawadhu, secukupnyah. ulah kaleuleuwihi.

Ulah GENGSI-an.
Boga duit Rp.5000, disisi jalan aya tukang lotek kana roda, digigireuna aya restoran MC D. pasti meuli mc D da ngarah "GENGSI".
tukang lotek mah nanggeuy gado.

Boga duit RP. 1,6 Jt. meuli HP Nokia 6600 najan seken oge, nupenting "GENGSI". padahalmah Rp. 600 rb ge cukup jang HP mah, sesana 1jt. bisa dimangpaatkeun jang meuli susu budak, atawa sukur-sukur disumbangkeun ka Kencleng Tsunami Tatar Sunda, nya MJ.

jeung loba deui lah kalakuan anu Ngabelaan "GENGSI" kaleuleuwihi.



Hidup Gengsi, Hidup Israel !!!
Nu gengsian mah da nu ngadukung Israel.


__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke