Kahatur sadaya baraya Kusnet

Sinareng Hormat,

15 taun kapengker simkuring kantos meser lagu sunda buhun 
CACANDRAN,...dina format kaset mgangrupi degung rampak sekar...
Mung aya rerencangan anu nambut tapi teu ngauihkeun dugi lapurna.

Manawi sareng manawi aya baraya kusnet anu gaduh versi digital na 
(MP3/Real/WMF atanapi format anu sanesna), sim kuring bade mundut 
bantosan na tiasa di kintunkeun ka simkuring.

Hatur nuhun sateuacan na

Baktosna

RIKSANAGARA
&&&&&&&&&&&&&&&&&&&&&&&&&&&&&&&&

CACANDRAN 

Cacandran para luluhur
ciri bumi dayeuh pancatengah
ciri dayeuh pancatengah
lemah duwurna, lebak lengkobna
tanah padataranana

Nagara wibawa mukti
perlambangna congkrang kujang papasangan
Yasana para Dewata teu sulaya dinyatana

Pasundan tanahna subur
gemah ripah ma`mur loh jinawi
gemah ripah loh jinawi
gunung gunungna, cur cor caina
makplak pasawahanana
subur sugih pangebonna
karaharjan mencar mawur kajauhna

nagri nanjung panjang punjung
murah sandang murah pangan

Sunda surup kana tangtung
sunda sieup ninggang kana wanda
sieu ninggang kana wanda
adeg adegna, budi basana
teu nandakeun wawanenna

someah narima semah
matak betah anu ngadon bubuara

taraebreh pangartina
teu nembongkeun kabisana


   








Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke