Medio Juli 2005, kuring keur ngalangeu di lobby hiji hotel di Atambua NTT. Teu kanyahoan datangna, aya nu nanya ti tukangeun : "Selamat Sore, Bapak"
Kuring ngalieuk, aya budak ngora kira-kira umur 20 taunan duaan, dedeg pangadegna khas urang dinya, hideung jeung perekel, rambutna kiriting. "Aya naon?", ceuk kuring teh. Maranehna muka tas, terus nyokot barang-barang karajianan tina onyx. " Bilih bapak katarik, mangga peser, mirah Pa!", omongna teh. Kuring nyidik-nyidik barang nu ditawarkeun, sidik ieu mah onyx jieunan Tulungagung. Kuring apal sabab kuring kungsi jualan barang- barang karajinan tina onyx. " Ah.....ieu mah jieunan Tulungagung, di Jawa. Saya ti Jawa, nu kieu mah loba di jawa mah", pok teh. Barudak nu dua teh, ngaharuleng kuring ngomong kitu teh, disangkana kuring meureun lain ti Jawa. Teu kungsi lila, nu saurang ngomong: " Bapa ti jawa? .... Pa abdi ngiring Pa, ngiring didamel di Jawa!" Kuring mencrong, "Ngilu digawe ka Jawa kumaha?" " Enya Pa, didieu mah hese padamelan, abdi tamatan SMA. Abdi kersa didamel naon wae. Upami bapa tiasa, abdi bade ka lembur heula, nyandak izasah. Paling oge sadinten tos wangsul deui. Ngiring nya Pa ?, Pokna teh, bari roman beungeutna pikarunyaeun tapi satengah maksa. Leng ingetan kuring ka 23 taun katukang, harita teh kuring keur di leuweung Kalimantan Barat, keur leumpang ingkud-ingkudan, suku nyeri, balas ku leumpang unggal poe, mapay-mapay jalan meunang ngarintis. Leumpang dina rintisan, kacida capena, ngalengkah suku kudu diangkat luhur-luhur, sabab kahalangan ku rungkun, nu ngarintis ukur ngababad luhurna wungkul. *** Keur ingkud-ingkudna jeung kesang ngucur saawak-awak, panonpoe ditengah-tengah, panasna ereng-erengan. Ransel nu digagandong nu tadina hampang, ayeuna mah asa beuki ngabeuratan, aya sora ditukangeun : "Pak, Pak, biar ranselnya saya yang bawa" Kuring ngalieuk, saha nu ngomong teh. Breh teh nu seuri someah, geuning pagawe lokal nu kakara asup. Awakna bersih koneng, buukna rancung dicukur pendek. Kuring teu apal saha manehna teh, da kakara ngilu digawe poe ieu, ongkoh deuih nu nareangan tanaga lokal keur mantuan digawe, lain kuring. Ceuk kuring teh :" ENya ieu ransel asa beurat pisan, jeung suku ieu nyeri, sok bawa ku maneh". Manehna langsung ngagandong ransel kuring. Kuring neruskeun leumpang, manehna ngiclik tukangeun. Bari leumpang kuring nanya, "Saha aran teh?" "Apuy Pa!" "Urang dieu atawa urang sanggauledo?" "Abdi urang Sanggauledo, kamari sonten Pa Endun ngajak didamel" Pa Endun teh anak buah kuring. "Lain Puy, na maneh mah geuning beda jeung nu sejen, kulit maneh koneng, jeung rada sipit" "Abdi katurunan Cina Pa!", ceuk si Apuy teh nyerengeh. "Bisa basa Cina atuh?" "Tiasa Pa, ngan benten jeung basa Cina di Jawa, didieu mah nganggo basa Khe", pokna teh. "Oh kutan kitu?, bapa mah henteu terang, da sarua wae kadengena teh", ceuk kuring teh, rada hookeun. Waktu tepi kanu dijugjug, kuring saparakanca nyieun kemah, da survai teh di jero leuweung. Si Apuy digawena segut pisan, malah pang rajinna. Masak oge pinter jeung ngeunah deuih. Kadang-kadang kuring ngomong:"Puy, kade maneh mamawa minyak babi, da geuning pasakan maneh mah ngeunah pisan!" "Ah si Bapa mah, abdi ge terang urang Muslim mah tara tuang Babi", ceuk manehna teh. Lamun keur salse, kuring sok tunyu-tanya, soal basa Cina. Piring disebutna naon, teko disebutna naon jeung rupa-rupa nu sejenna, ngan ayeuna mah geus pararoho deui. Nu inget teh , "Wo ai ni" jeung Wo he ni". Wo ai ni mah kuring tresna ka maneh, ari wo he ni mah kuring sebel ka maneh. Kulantaran si Apuy digawe alus, sanggeus anggeus survai didaerahna, si Apuy diajak deui digawe didaerah sejen di Kalimantan Barat. Harita pagawean kuring lokasina ampir aya di unggal kabupaten di Kalimantan Barat. Anggota team kuring oge raresepeun ka si Apuy, komo Pa Endun mah, anak buah kuring, urang Garut, umurna geus kolot tapi teu boga anak. Nyaaheun pisan, pokna teh "Asa boga anak ....." Teu karasa, sanggeus ampir satengah taun kuring di Kalbar, pagawean anggeus. Harita teh kuring keur aya di Kota Sintang. Hate ngarasa atoh rek balik, komo ari anggota team mah, maranehna mah bener-bener genep bulan teh teu balik-balik. Ari kuring mah sabulan sakali balik, da kudu ngalaporkeun hasil pagawean ka Jakarta. Peutingna rek ka Pontianak, si Pa Endun nyampeurkeun terus ngomong : "Pa, kumaha lamun si Apuy teh dicandak ka Bandung?" Kuring kerung:"Dibawa ka Bandung, rek dimana cicingna? " "Di rorompok abdi we Pa, keun we di Bandung mah kumaha abdi. Pangongkosankeun we ti dieuna ku Bapa!" Kuring rada bingung rek ngaheueuhkeun teh, tapi waktu ngareret kana panto, geuning si Apuy teh keur ngadengekeun gunem catur kuring jeung Pa Endun. Ku kuring digeroan, "Puy Kadieu" Jle manehna diuk, ku kuring ditanya, enya manehna teh hayang ka Bandung. "Leres Pa, abdi hayang terang Jawa, hayang terang Jakarta, oge hayang terang kareta api", pokna teh, beungeutna jiga beunget ngalengis. Hate kuring leah. "Heug ku sayah di ongkosan, ari hayang-hayang teuing mah. Ngan ari sayah mah can boga imah, da bujangan keneh, masih jeung kolot keneh, paling jeung Pa Endun". Si Apuy kacida bungahna, manehna sababraha kali nganuhunkeun. Anggota tim oge galumbira, komo Pa Endun mah, galumbira Si Apuy bakal nyaho Kareta Api lain wae tina gambarna .... Si Apuy geus di Bandung cicing di imah Pa Endun. Kungsi dibawa nganjang ka imah ku Pa Endun. Harita kuring masih bujangan, masih nganjrek di Imah Ua. Di Imah Ua Si Apuy ditanggap ku Ua jeung dulur- dulur kuring. Pada nanyakeun kumaha di Bandung teh. Ceuk si APuy teh resep cenah. Bisa tumpak pesawat udara, tumpak Kareta Api jeung eta cenah ku seueur beus galalede, da di Kalbar mah nu disebut beus teh ngan ukur beus tilu parapat. Ngan cenah, manehna sok lieur, lieur ku ningali jalma nu sakitu reana. Kunaon cenah loba-loba teuing jelema ari di Bandung. Sarerea sareuri ngadenge jawaban si Apuy, papada ngageuhgeuykeun. Teu karasa geus ampir tilu bulan, si Apuy aya di Bandung. Kuring jarang papanggih paling bejana ti Pa Endun, da unggal poe papanggih di Kantor. Ceuk Pa Endun, si Apuy teh pada ngondang disina sare di imah anak buah kuring nu sejenna. Kuring ngilu atoh, sabab asa boga dosa lamun si Apuy kadungsang-dungsang di Bandung. Maklum manehna teh apan urang leuweung, teu nyaho kota gede jiga Bandung. Genep bulan ti saprakna kuring balik ti Kalbar, kuring meunang pagawean deui di Kalbar. Tapi kulantaran pagaweanana leutik, kuring rek nitah babaturan we sina indit ka Kalbar, da ukur tilu minggueun. Si Pa Endun oge teu dibawa. Kuring oge teu niat rek ngajak deui si Apuy, da pikir teh geus betaheun di Bandung. Tapi pitilu-poeun deui rek arindit, si Pa Endun asup ka ruangan kuring di Kantor, jle diuk ngadep ka kuring. Pokna teh: "Pa, Si Apuy candak deui we ka Kalbar, aduh abdi ripuh ...." "Har .... kumaha ieu teh, pan Pa Endun nu ngusulkeun si Apuy dicandak ka Bandung" "Aduh Pa, Si Apuy teh geuning jadi bangor, robah sifatna. Unggal wengi tara aya di rorompok. Kukulayaban di kota Bandung. Malah kabejakeun mabok-mabok jeung barudak bengal di daerah C. Kitu deui ayeuna mah sok ka awewe" "Ka Awewe kumha, nya keun wae atuh ari boga kabogoh ka urang dieu mah" "Sanes Pa, ka Awewe bangor, nu sok nalangkring tengah wengi geuning di Alun-Alun jeung di Cicadas" Kuring ngahuleng reuwas, walah si Apuy kababawa ku teu balegna hiji kota. "Urang leuweung" teh nyaluyukeun diri, jeung kahirupan peuting kota Bandung. Kuda leupas ti gedogan. Aya rasa handeueul, ngarasa dosa, naha atuh kuring make ngongkosan manehna datang ka Bandung. Pa Endun dipencrong, kuring keuheul pisan tadina rek ngambek, tapi dipikir deui, ah ......teu bisa nyalahkeun ka Pa Endun, jalma soleh jeung bageur, anu teu boga anak .... "Ke Pa Endun, kuring kudu mikir heula, sabab sayah kudu ngitung deui biaya ongkos nu survai, da katambahan meureun ku ongkos si Apuy, ke dibejaan deui isukan", akhirna kuring ngajawab leuleuy. Sanggeus badami jeung nu rek indit, akhirna meunang kacindekan, si Apuy dibalikeun deui ka Kalbar. Kuring ngabejaan Pa Endun, tiket geus dipesenkeun jeung jam 3 subuh kudu geus kumpul di kantor, da pesawat hiberna jam 8 isuk-isuk ti Kemayoran. Dina Poean balik Si Apuy pada ngajajapkeun. Kuring oge subuh-subuh geus ka kantor, ngajak sasalaman ka manehna. Manehna kaciri rada nguyung, tapi seuri someah mah masih aya, pokna teh: "Nuhun Pa, abdi jadi terang Jakarta sareng Bandung" Kuring oge nyerengeh, haroream ngomong, tapi akhirna kuring ngomong, "Ti Pontianak maneh bisa langsung naek beus ka Sanggauledo, ongkos mah menta we ka Pa Ruchiat" "Muhun Pa, kumaha Pa Ruchiat we, engke di Pontianak", ceuk manehna bari asup kana mobil nu rek nganteurkeun ka Bandara Kemayoran. Si Apuy akhirna balik deui ka "habibatna". Ti harita kuring tepi ka ayeuna teu meunang bejana deui. Ongkoh kuring teu kantos ka Kalbar deui. Kuring ukur ngado'a mudah-mudahan we "kabiasaan" di Bandungna ulah dibawa-bawa terus ka lemburna. *** "Pak, bagaimana Pak, bisa tidak, bawa saya ke Jawa?" Kuring ngagebeg, kagareuwahkeun tina ingetan ka Si Apuy. Ngusap beungeut, kuring lain keur di Kalbar, tapi di Atambua NTT. Budak nu nawarkeun onyx, ku kuring diteuteup, budak teh kasep, sehat, someah, siga si Apuy, ngan ieu mah bedana kulitna hideung jeung buukna kiriting. Bari ngolesed tina kursi terus nangtung, kuring ngomong: "Ah Jang, mending didieu we, di Jawa mah geus loba teuing jelema, diditu oge sarua neangan gawe teh hese!" Baktos, WALUYA Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

