|
Dihiji restoran sunda,jang itok semu
ngahegak,beungeutna ngoprot pinuh ku kesang,tayohna tas ngagedag sangu timbel
pleus sambel tarasi sacoet metung. Eureuleu teurab lambat pisan,sorana
melengkung lir hayam pelung, kontan restoran ngariyed kabawa eundeur, lir
aya lini 6,5 sr. Keur kitu palayan restoran anu bahenol nerkom lir angel
lelga,nyirintil nyampeurkeun jang itok, belewer maledog ku imut, pok
ngomong halimpu pisan.
"Parantos tuangna?"
"Atos!"
"Punten sareng naon tadi tuangna?"
"Nasi timbel hiji!"
"Teras!"
"Saladah sabebed!"
"Teras!"
" Peuteuy tilu papan!"
"Teras!"
"Sambel tarasi sacoet!"
"Teras!"
"Tos sakitu!"
"Dua puluh rebueun, mangga teras we ka
kasir!"
"Teu salah ngitung, ieu teh?"
"Puguh sakitu ge ka etang mirah!"
"Murah kumaha pilakadar ge dahar jeung
rumbah!"
"Enya ari ngan ukur tuang sareng rumbah mah malihan
didieu mah diharatiskeun!"
"Nya naon atuh nu matak mahalna?"
"Numawi harga coet tos awis ayeuna
mah"
"Har naha diitung jeung coet coetna
sagala?"
"Nya teu katingal kitu? Itu coetna dugika
totos!"
syam ridwan ( kakara ulal elol)
----- Original Message -----
__._,_.___ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
__,_._,___ |
- [Urang Sunda] LALAB-RUMBAH ala Keom sakedap sr
- Re: [Urang Sunda] LALAB-RUMBAH ala Keom sakedap surtiwa surtiwa
- Re: [Urang Sunda] LALAB-RUMBAH ala Keom sakedap kumincir
- Re: [Urang Sunda] LALAB-RUMBAH ala Keom sak... Neng Nong
- Re: [Urang Sunda] LALAB-RUMBAH ala Keom sak... surtiwa surtiwa
- Rujak Hiris - Re: [Urang Sunda] LALAB-RUMBAH al... riksanagara
- Re: Rujak Hiris - Re: [Urang Sunda] LALAB-R... kumincir
- Re: Rujak Hiris - Re: [Urang Sunda] LAL... Dudi Herlianto
- [Urang Sunda] Rujak Hiris Siddik Wiradireja
- Re: Rujak Hiris - Re: [Urang Sunda] LALAB-R... brad porenges
- Re: [Urang Sunda] LALAB-RUMBAH ala Keom sakeda... sr

