Haturan ka sadaya, punten ngiringan enya ge sanes anggota YPJB, ngan pedah kaondang we.
 
Pami teu lepat mah dina eta wengian teh target sumbangan simpel keur nulungan nelayan nu kaetang aya 2000an parahu nu reksak, 400an motor parahu nu ancur/leungit. Harepanana nuwuhkeun deui sumanget ka para nelayan neang kipayah, ngajauhkeun tina mental "barangmaen". Program rincina mah bade dipedar kang Jaka Badranaya.
 
Konsep ageung ngaronjatkeun pangwangunan Jabar mah abdi ge teu terang, mung eta wengi mah khususon tumali sareng musibah tsunami panginten.
 
salam,
tirta
 
en be: KangNdoell wilujeng janten kuncen.

<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Punten, sanes teu gumbira mireng wartos kagiatan
yayasan Pembangunan Jawa Barat sawatara waktos anu
kalangkung dugi ka tiasa ngempelkeun dana samilyar
langkung. Jaman ayeuna mah ngempelkeun artos
mangmilyar-milyar. asa langkung sae upami ditambihan
ku konsep anu jelas, kumaha ngaronjatkeun pangwangunan
di Jawa Barat.

kamari wae waktos gempa di Yogya, masih seueur hal anu
teu kapirosea, padahal sumbangan ti ditu ti dieu mani
"ceuyah". Ceuk kuring mah anu diperyogikeun teh,
pangwangunan sabada bencana sacara konseptual. Kamari
dipadungdengkeun perkwawis pamasangan alat EWS. Tapi
eta mah mung sabagian tina konsep pangwangunan.
Mangga geura pedar ku teh Ika, naon anu parantos
direncanakeun ku Bappeda Jawa barat. (kamana nya Teh
Ika, abdi sono mirengkeun pedaran perkawis
pangwangunan Jawa Barat).

baktos,

mrachmatrawyani

--- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]com> wrote:

> Alhamdulillah, reueus ku karancingeusanana ti
> Yayasan Pembangunan Jawa
> Barat. Oge hatur nuhun ka Ua Djatnika, sesepuh
> Yayasan Perceka-KUSnet, anu
> aktif dina eta kagiatan sareng haat ngawartakeunana
> ka milist. Pamugi
> sadayana manfaat sareng barokah ka sadayana wae.
>
> baktos,
> manAR

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com



Makarya Mawa Raharja


Do you Yahoo!?
Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail Beta. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke