Eta wae, kuring mah katarik ku namina yayasan
Pembangunan Jawa Barat. Saheunteuna panginten aya
"blue print" kumaha ngawangun Jawa Barat. Pangwangunan
di didieu dina hartos anu luas kalebet ngawangun seni
sareng budaya.
Ayeuna mah jaman era "good governance", transparansi
sareng akuntabilitas tea, atuh masyarakat ge kedah
terang naon-naon anu bade diwangun, supados
partisipasi ti masyarakat langkung rame. Pola pikir
sareng budaya siga kieu sakedahna mah janten hiji ciri
masyarakat ayeuna. Siga KUSnet salah sahiji contona,
hiji "rancatan" kanggo ngamasyarakatkeun naon-naon anu
kedah dibewarakeun ka balarea. Asana kirang maksimal
ngamangpaatkeun KUSnet pikeun ngajembarkeun pipikiran
balarea.


baktos,

mrachmatrawyani


--- Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Haturan ka sadaya, punten ngiringan enya ge sanes
> anggota YPJB, ngan pedah kaondang we.
>    
>   Pami teu lepat mah dina eta wengian teh target
> sumbangan simpel keur nulungan nelayan nu kaetang
> aya 2000an parahu nu reksak, 400an motor parahu nu
> ancur/leungit. Harepanana nuwuhkeun deui sumanget ka
> para nelayan neang kipayah, ngajauhkeun tina mental
> "barangmaen". Program rincina mah bade dipedar kang
> Jaka Badranaya.
>    
>   Konsep ageung ngaronjatkeun pangwangunan Jabar mah
> abdi ge teu terang, mung eta wengi mah khususon
> tumali sareng musibah tsunami panginten.
>    
>   salam,
>   tirta


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke