Ieu mah ka ideuan ku dongengna apih Sidik, etang etang ngareuah reuah
milangkalana kang Rahmat sasih juli kalangkung oge milangkalana MJ 7 agustus
anu bade dongkap. Nambut tokohna ti epigramna MJ,
Adeng Suradeng tea.Mangga nyanggakeun Adeng Suradeng dina wanda keom
sakedap. Prung ah!.

Aleutan nu seserahan ngaleut ngeuhkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang
pinang. Rombongan panghareupna Adeng Suradeng, calon panganten tea, diapit
ku wadia baladna anu kenca katuhuna ngajaringjing koper. Leumpangna dangah,
lain dangah ngarah gagah bubuhan dipasieup ku stelan jas wang weng wong
tailor, tapi beuheungna asa ka eurad ku dasi lorengna anu nyangreudna nyekek
teuing. Rombongan kadua disambung ku para wanoja anu kenca katuhuna reuteum
naranggeuy bolu,pakean salengkepna tur dihias model sosoangan jeung
paparahuan, leumpangna diatur persis pasukan drum band waktu keur agustusan.
Aleutan katilu disambung  ku nu naranggung dongdang,  petong, lomari
pajang,korsi jok,  spring bed meni ngaharegak capean kawantu jalan nu
disorang jauh tur netek pisan. Dipungkas ku nu nungtun domba jalu disada
beberelean.

Nepi kahiji imah Adeng Suradeng ngarandeg, terus noel ka baladna.
"Asana mah ieu euy imahna, da lamun keur apel dewek sok diuk paduduan dina
bangku itu tuh!" ceuk Adeng Suradeng, curukna bentik nunjuk hiji bangku
hareupeun imah anu iuh ku tangkal jambu anu daunna ngarumpuyuk. Ngan rada
aneh, kaayaanana rehe combrek, euweuh tanda tanda keur boga hajat. Biasana
ditungtung lembur keneh sok geus kadenge hawar hawar  sora degung pamapag,
atuh lamun geus anjog,dina rongkahna sok aya silengser mapag. Ieu mah
tongboroning sora toa jelema ngulampreng ge euweuh hiji hiji acan.

"Salah ngitung meureun Deng. Panyangkana lain ayeuna!" ceuk baladna
"Heueuh pan geus paheut, tanggal 2 agustus ninggang 7 legi, poe ieu pisan!"
Adeng Suradeng hemar hemir hariwang kawinna teu jadi. Keur paguntreng kitu
torojol tijero imah aya nu kaluar saurang nini nini paromana semu
hareugeueun.
"Euleuh mani rareuwas kieu, tamu timana tea ieu teh?" manehna langsung
nyamber ku panaya
"Punten, ieu teh bumina euis bahenolwati anu dinten ieu bade pangantenan?"
baladna Adeng Suradeng malah malik nanya
"Ih sanes,da incu nini mah tos rarimbitan, tapi ketah nini ge nampi keneh,
kaparengan keur lowong!" ceuk sinini bari balaham belehem.
"Hatur nuhun. Mangga. Sanes waktos munding abdi sina ameng kadieu, ari nuju
lowong mah!"

Bring aleutan nu seserahan, ngaleut deui. Tarang Adeng Suradeng karijut siga
nu
keur nginget nginget deui imah nu sok diapelan tea. Teu jauh tidinya anjog
kahiji imah dihareupeunana balawiri loba jelema.
"Moal salah deui, imah ieu euy!" hate Adeng Suradeng ngadadak bungangang.
Tapi pas ditalenteng sihoreng loba jelema teh lain keur boga hajat tapi keur
kapapatenan, atra pisan aya bandera koneng dihareupeun imahna.
"Bedul salah deui euy, na asa poho poho teuing!" Adeng Suradeng kabelejog
kadua kalina
"Lain euy ari basa nanyaan nya teu sidik kitu padumukanana?"
"Puguh kurang eces euy, da harita teh peuting!"
"Lamun apel?"
"Keur apel ge kaparengan sok peuting!"
"Panggih munggaran?"
"Panggih mimiti ge keur peuting!"
"Can kungsi patepung lamun keur beurang?"
"Can sakali kali acan!"
"Mun kitu mah ngaran euis bahenolwati ge boa keur peuting wungkul!"
"Maksud silaing?"
"Tibeurang bisa ngajanggelek jadi adun suradun, Euy!"

Ngadenge kitu Adeng Suradeng langsung ngulapes, tim medis langsung sigap,
sabada diinpus Adeng Suradeng langsung digotong kana dongdang dihijikeun
jeung cau sarta kalapa. Bring baralik deui. Tamat.

syam ridwan
Kabaraya anu teu acan gaduh buku keom sakedap mangga japri ka MJ
atanapi langsung ka gramedia bdg, gramedia jkt matraman.

----- Original Message ----- 
From: "MRachmat Rawyani" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Tuesday, August 01, 2006 1:10 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Iber milangka MJ (koreksi)


Leres saur Apih
> Sidik, bakal rame upami didongengkeun ku  "raja Keom".
> Der...ah.
>
> baktos,
>
> mrachmatrawyani
>
> --- Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> > Heuheuheu.....kacipta....!!
> >   engke sore burudul teh wargi Kusnet, ka bumi mang
> > J, aya nu nyandak kembang,
> >   aya nu ngajingjing kado......, mangka mang J. teu
> > aya di bumi.
> >   Kacipta mamahna neng Tizzy colohok ngembang
> > kadu......!!
> >   "Aya naon ieu teh...??".
> >
> >   Terasna mah......(ahh...ieu mah bagean juragan
> > Keom neraskeunana...)
> >
> >   ssw



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke