Ari abde mah sanes ..sok watir ari kanu kirang wawasan teh...komo lamun urang US...pan kedahna ...jembar manahna....luas wawasan....luhur elmuna...bijak kana tindakan...karek kamari aya nu ngeposkeun eta sae pisan 'prinsip urang Sunda' sae pisan. Tapi upami hoyong gagah2an sareng supados kasebat militant tiasa oge... " Pokona ....boikot...wajib hukumna.... terus boikot...seueur urang Sunda nganggur sareng bangsa Indo sanesna bakal nganggur....pokona boikot tetep...teu mungkin dilaksanakeun da hese boikot teh...ah tetep boikot wae...teu asup akal eta teh...tetep boikot....teu sadaya urang Arab ngaboikot...ah tetep wae uing mah boikot....." Mun kitu mah teuing atuh...hirup teh jang naon........
--- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > --- In [email protected], "Ari R. Fikri" > <[EMAIL PROTECTED]> > wrote: > >=== Dikeureut === > > Urang teu kedah ngageuhgeuykun usaha sasami urang > Islam, bari > > saeutik sareng rada mahiwal oge aranjeunna mah aya > usaha satekah > > polahna. Bandingkeun sareng urang anu ngan > > cicing nongton aranjeunna dina CNN nganggo TV > buatan USA bari > > ngaleueut Coca-Cola sareng Biskuit > Danone.(he..he.. deui) > === DIkeureut==== > > Haturan Kang Ari. Ih paralun teuing sanes > ngageuhgeuykeun, ngan > nyaeta ningali realitas nu aya, dina era global > kieu, rarasaan teh > hese maen boikot. Pajurawet jeung pakait-kait. Dua > sasih kapengker > kuring ngagawekeun survai cai di Pabrik2 Coca-Cola > di Rancaekek, > Bekasi jeung Ungaran. PT Coca Cola teh seueur > padamelna geuning, > urang Indonesia sadayana. Lamun wae urang Indonesia > eureun atawa > ngurangan ngaleueut Coca Cola, meureun seueur > padamelna anu nganggur, > nya akhirna PHK. Keur anu gaduh modal mah > (investor), bangkrutna > pabrik di Indonesia, teu masalah, gampang pindahkeun > we ka nagara > sejen. Tapi keur padamelna, ieu teh "bancang > pakewuh". Pamarentah > Indonesia oge bakal lieur, da nu nganggur beuki > nambahan. > > Israel leres kurang ajar, tepi ka dulur urang, urang > Sunda, TKW asal > Sukabumi, maot ka bom ku Israel. Kuring sedih > nguping wartos eta. > Sedihna teh sanes wae ku katelengesan jalma (baca: > Israel) ngebom > kamana wae, tapi pangpangna sedih kulantaran inget > yen nagara urang > teh miskin, tepi ka rakyatna ngabrul buburuh ka > nagara batur, sanajan > tempat nu dijugjug teh lain tempat anu aman. > > Ari ceuk kuring mah, mudah-mudahan we perang Israel > jeung Hizbullah > teh gancang eureun, ulah nerekab tepi ka nagara > sejen pipilueun. > Sabab akibatna bakal keuna oge ka Indonesia, nu > miskin ieu. Salah > sahijina BBM. Kumaha lamun minyak ngalangkungan 100 > dollar per > barrelna. Padahal ayeuna oge, aya sabagian kampung > di Purwakarta geus > dahar sampeu dicampur sangu! > > Baktos, > WALUYA > > > > > > > > > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

