Punten kang, abdi bade ngiring "ngarewong" paguneman
akang sareng Kang Kumincir.

Kumaha upami akang nyukruk informasi anu aya pakaitna
sareng urang Sunda, Kasundan, atanapi komunitas di
Australia anu aya pakaitna sareng Sunda.  Sapertos Pa
Achdiat Kartamihardja anu ayeuna janten "permanen
resident" di Aussi, naon wae anu dipidamel ku
anjeunna. Atanapi, unversitas mana di Aussi anu
nyimpen informasi perkawis Sunda, atanapi pusat kajian
Sunda. Sacara berkala, tiasa diinformasikeun di
babakan KUSnet.


baktos,

mrachmatrawyani


--- S M Natapradja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Kang kum,
> 
>     Hatur nuhun waleran nana, salajengna ari elmu
> mha teu gaduh pangaweruh 
> oge meni di batas pisan, naon atuh nya anu tiasa sim
> kuring
> hatur keun kanggo ngamumule babakan ieu, kaleresan
> sim kuring insya Allah 
> bade wangsul heula dina sasih january 2007, bilih
> aya anu di peryogikeun
> di nagara kanguru ( anu teu aya di lebur ) sapertos
> " Softwares " atanapi 
> anu sanes na, anu pasti tiasa ngabantos kana
> kamajengan ieu babakan,
> hapunten sarebu hapunten sanes sim kuring aya maksad
> hoyong janten pahlawan, 
> namung rumaos sim kuring teh hoyong tetep di angken
> janten
> salah saurang baraya di ieu Kusnet teh, walaupun (
> punten bingung bhs sunda 
> na ) jarang ngometaran, margi sakumaha anu sim
> kuring serat wirehna
> resep pisan kumargi asa cakeut tali duduluran sareng
> seu-eur manfa'atna, 
> buktos na sim kuring parantos lami oge ngiringan di
> ieu milis, sanaos teu
> patos akrab namung masih ngiringan mulungan elmu ,
> sura-seuri tina sagala 
> rupi seratan2 baraya sadayana.
>     Sakali deui hatur nuhun ku pangangken na, sareng
> mangga di antos 
> komentar na bilih aya anu di peryogikeun tanagi ti
> sim kuring.
> 
> Wassalam
> 
>     Nata


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke