Aya bagian nu kirang kang SR. Kedahna mah sakali jang Adeng Suradeng teh mapay lembur dugi ka panungtungan lembur. Di panungtungan lembur eta teh aya tanda-tanda tempat "pasamoan" sareng Euis Bahenolwati, nyaeta di handapeun tangkal kaboja tea, alias pajaratan (tapi 'ending' siga kieu mah klise nya?)
baktos, mrachmatrawyani --- sr <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ieu mah ka ideuan ku dongengna apih Sidik, etang > etang ngareuah reuah > milangkalana kang Rahmat sasih juli kalangkung oge > milangkalana MJ 7 agustus > anu bade dongkap. Nambut tokohna ti epigramna MJ, > Adeng Suradeng tea.Mangga nyanggakeun Adeng Suradeng > dina wanda keom > sakedap. Prung ah!. > > Aleutan nu seserahan ngaleut ngeuhkeuy ngabandaleut > ngembat-ngembat nyatang > pinang. Rombongan panghareupna Adeng Suradeng, calon > panganten tea, diapit > ku wadia baladna anu kenca katuhuna ngajaringjing > koper. Leumpangna dangah, > lain dangah ngarah gagah bubuhan dipasieup ku stelan > jas wang weng wong > tailor, tapi beuheungna asa ka eurad ku dasi > lorengna anu nyangreudna nyekek > teuing. Rombongan kadua disambung ku para wanoja anu > kenca katuhuna reuteum > naranggeuy bolu,pakean salengkepna tur dihias model > sosoangan jeung > paparahuan, leumpangna diatur persis pasukan drum > band waktu keur agustusan. > Aleutan katilu disambung ku nu naranggung dongdang, > petong, lomari > pajang,korsi jok, spring bed meni ngaharegak capean > kawantu jalan nu > disorang jauh tur netek pisan. Dipungkas ku nu > nungtun domba jalu disada > beberelean. > > Nepi kahiji imah Adeng Suradeng ngarandeg, terus > noel ka baladna. > "Asana mah ieu euy imahna, da lamun keur apel dewek > sok diuk paduduan dina > bangku itu tuh!" ceuk Adeng Suradeng, curukna bentik > nunjuk hiji bangku > hareupeun imah anu iuh ku tangkal jambu anu daunna > ngarumpuyuk. Ngan rada > aneh, kaayaanana rehe combrek, euweuh tanda tanda > keur boga hajat. Biasana > ditungtung lembur keneh sok geus kadenge hawar hawar > sora degung pamapag, > atuh lamun geus anjog,dina rongkahna sok aya > silengser mapag. Ieu mah > tongboroning sora toa jelema ngulampreng ge euweuh > hiji hiji acan. > > "Salah ngitung meureun Deng. Panyangkana lain > ayeuna!" ceuk baladna > "Heueuh pan geus paheut, tanggal 2 agustus ninggang > 7 legi, poe ieu pisan!" > Adeng Suradeng hemar hemir hariwang kawinna teu > jadi. Keur paguntreng kitu > torojol tijero imah aya nu kaluar saurang nini nini > paromana semu > hareugeueun. > "Euleuh mani rareuwas kieu, tamu timana tea ieu > teh?" manehna langsung > nyamber ku panaya > "Punten, ieu teh bumina euis bahenolwati anu dinten > ieu bade pangantenan?" > baladna Adeng Suradeng malah malik nanya > "Ih sanes,da incu nini mah tos rarimbitan, tapi > ketah nini ge nampi keneh, > kaparengan keur lowong!" ceuk sinini bari balaham > belehem. > "Hatur nuhun. Mangga. Sanes waktos munding abdi sina > ameng kadieu, ari nuju > lowong mah!" > > Bring aleutan nu seserahan, ngaleut deui. Tarang > Adeng Suradeng karijut siga > nu > keur nginget nginget deui imah nu sok diapelan tea. > Teu jauh tidinya anjog > kahiji imah dihareupeunana balawiri loba jelema. > "Moal salah deui, imah ieu euy!" hate Adeng Suradeng > ngadadak bungangang. > Tapi pas ditalenteng sihoreng loba jelema teh lain > keur boga hajat tapi keur > kapapatenan, atra pisan aya bandera koneng > dihareupeun imahna. > "Bedul salah deui euy, na asa poho poho teuing!" > Adeng Suradeng kabelejog > kadua kalina > "Lain euy ari basa nanyaan nya teu sidik kitu > padumukanana?" > "Puguh kurang eces euy, da harita teh peuting!" > "Lamun apel?" > "Keur apel ge kaparengan sok peuting!" > "Panggih munggaran?" > "Panggih mimiti ge keur peuting!" > "Can kungsi patepung lamun keur beurang?" > "Can sakali kali acan!" > "Mun kitu mah ngaran euis bahenolwati ge boa keur > peuting wungkul!" > "Maksud silaing?" > "Tibeurang bisa ngajanggelek jadi adun suradun, > Euy!" > > Ngadenge kitu Adeng Suradeng langsung ngulapes, tim > medis langsung sigap, > sabada diinpus Adeng Suradeng langsung digotong kana > dongdang dihijikeun > jeung cau sarta kalapa. Bring baralik deui. Tamat. > > syam ridwan > Kabaraya anu teu acan gaduh buku keom sakedap mangga > japri ka MJ > atanapi langsung ka gramedia bdg, gramedia jkt > matraman. > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

