haha. golden golden kitu teh tos rada antik. ayeuna mah -cara modern meureun- ukuran rohangan teh dumasar kaperluanana nu patali jeung cara urang hirup. ari ngawanguna mah nya sakamampu sakadang duit.
contona kieu, kamer kos msiswa ekonomi jeung arsitektur, sacara teori mah legana atawa gedena kudu beda. sabab kamer kos msiswa arsitektur mah salian ti kudu mahi pikeun kabutuhan standar msiswa-kasur single, 100x200cm, lomari pakain dua panto, meja tulis/komputer & rak buku, meureun kudu mahi atawa kudu aya tempat pikeun meja gambar. msiswa ekonomi mah teu perlu meja gambar. faktor aktivitas-fasilitas nu jadi ukuran standar modern mah. pon kitu deui kamar msiswa pertanian, meureun dikamerna kudu aya kebon atawa sawah percontohan. kamar kos msiswa peternakan, kudu boga rohangan pikeun sapi hiji mah. haha mj http://geocities.com/mangjamal > Euh aing mah, meni pedit.... he..he..he.. > iraha atuh urang bisa ngawujudkeun "Knowledge based society" ? > > kuring ge saeutik-eutikeun boga gambaran ngeunaan eta. > dina buku anu keur di baca ku kuring ayeuna, najan lain ngabahas > arsitektur > oge. > bukuna : "architec of deception, secret history of freemasonry", karangan > Juri Lina, urang Estonia. > > ari maksud kuring nanya teh sabenerna mah, nyaeta, > meha urang babakan kusnet nyaho, > bangunan anu nganut asas perbandingan "Golden Mean, 1:1,618" alus jang > jelema anu nyicingan nana. > > susuganan, lantaran hirup dina bangunan anu harmonis secara > arsitektur, sifat jelema na oge jadi hade. > engkena, sagala hal anu di hasilkeun ku eta jelema, tangtu hade jeung > mangpaat. > > kitu tah, mang J, maksud kuring teh. > > Sok baraya geura neangan literatur ngeunaan "Golden mean 1:1,618". > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

