Punten baraya sadayana abdi bade tumaros. Tadi aya ibu2 anu ngadoni sareng nyuhun keun bongbolongan ka abdi. Hanjakalna abdi ngan ukur milu welas. Saurna teh panangan anjeuna dua nana anu kiwa sareng anu katuhu teh paregel da eta encok tea, manawi anjeuna damel ngajait jaket sareng acuk di pabrik anu kagungan urang jerman. Damel teh kedah 14 jam sadinten ti satengah dalapan isuk dugi ka tabuh sapuluh wengi. Ari WC sareng kamar ibak di konci, dibuka oge kanggo wudlu sholat lohor wungkul. Heg pabrik teh tebih lebet kampung caket cisaat, nami na Ueroget atanapi Euroget, ari merek anu ditapel keun kana jaket mah Iguana. Nami Mandor na Wisnu sareng Sukma, telepon 0266-212-389. Bade tumaros teh kieu yeuh, kasaha eta komplain anatapi lapor. Hatur nuhun sateuacana.
Mae
 


Yahoo! Messenger with Voice. Make PC-to-Phone Calls to the US (and 30+ countries) for 2ยข/min or less. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke