Digawe dihiji pausahaan PMA Korea, geus aya kana 10 taunna. 
Salila eta, kuring teh asa dikekeyek pisan, diekploitasi. 
Salian ti eta, apresiasinya kurang nyugemakeun. 
istilahna mah, litel-litel tu mi, epriting tu mi, salari not ap-up. 
Model-modelna jiga sendal capit geuning. Ongkoh dipake tapi ongkoh 
di-ijek. Dipakena oge ari keur butuh wungkul, ari geus teu dipake 
mah, dialungkeun we ka popojok.

Sedengkeun, pagawean kuring teh ngurusanan tetek bengek. Ditungtut 
kudu sagala bisa. ngaaaan hanjakal, tetekna keur juragan, ari 
bengekna dibikeun keur kuring. hi hi hi

Loba nu nanya mah, naha atuh geuning betah nepi ka 10 taun ? 
Anu matak anu mawi, hulu botak katinggang awi. 
Realistis we, nyiar pagawean jaman kiwari mah susah pisan, komo umur 
geus rada kasorenakeun, katambah rumasa teu sakola luhur, jadi sok 
laloang. Pernah oge di ITB, geus nepi tingkat 3, tapi turun deui ka 
tingkat 1. Lain bodo, ngan pedah we adukanana seep, jadi kapaksa 
turun deui nyokot dua ember deui mah.
(harita teh kungsi jadi buruh bangunan heu..heu..)

Batur oge geuningan nu jaradi sarjana, ti mimiti S1 nepi ka S3, loba 
nu palinter, garinding, gareulis tur karasep, tapi meni hese nyiar 
pagawean anu matuh teh. Naha sabab ? Boa geus loba teuing sarjana, 
sedengkeun lapangan pagawean teu nyukupan ? atawa loba teuing 
pagawean nu teu saluyu jeung sistem pendidikan di urang ?
teuing ketang.....

Ngan nu matak ngabenghul dina beuheung teh perlakuanana sok rada 
kurang manusiawi ari urang Korea teh di kantor kuring mah. Teu 
kaitung teu katugenahan anu karandapan salila kuring gawe teh. 

Pernah kuring dicarekan bari sirah kuring ditakolan. Atuh etamah 
ngadak-ngadak, getih tina dampal suku naek nepi ka ubun-ubun, ampir-
ampiran eta si ontohod teh dibabuk korsih ku kuring, mun babaturan 
teu rarikat ngarejeng kuring nu ngagerem jiga Buta nu nincak paku 
payung.

Matakna,
Peupeujeuh...kanu sarakola...sing junun sing palinter...
palinter nempatkeun diri dina sagala widang.

Geus ah...


-dul-

ieu postingan aya dina :
http://ndoell.multiply.com/journal/item/20







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke