> From: "O. Taryono" <[EMAIL PROTECTED]> > *** Bah Willi, dimana ngagaleuhna eta Jet Pump, oge kinten-kintenna > pangaosna sabaraha...??!
Kang Ono, upami di Bandung mah jet pump seueur diicalan di Gg. Suniaraja / Otista. Buatan eropa nu 500 watt pangaosna sabudeureun 2- 3 juta rupiah. Di Ace Hardware ge kuring kantos ningali, ngan pangaosna langkung mahal. Kang Ono, rada sedih yeuh nyarioskeunana. Bieu kuring tempa-tempo kana peta Hidrogeologi nu diwedalkeun ku kantorna Kang Oman. Euleuh geuning Subang teh, lebet ka daerah langka cai taneuh, komo ka palebah wetan mah (cikamurang). Taneuhna batulempung teu rembes cai. Beuki jero, lapisan cai malah beuki teu aya (aya sababraha sumur bor artesis nu teu hasil di daerah dinya). Tapi sanajan kitu, margi ukur kanggo rumah tangga (sabumieun), sigana mah masih tiasa diusahakeun. Kuring nyarankeun cobi tingali sumur tatangga, jerona dugi ka sabaraha, tah upami ngajeroan samikeun we sareng sumur tatangga atanapi dilangkungan sakedik. Perkawis gambar kontruksi sumur, ke dipilarian heula dina kompie ..... Baktos, WALUYA Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

