Walaikum salaam
Kang, Ota abdi tiasa ngaraoskeun perkawis naon nunuju dipayunan ku kang Ota, kumargi cai teh peryogi pisan kanggo urang.
Mung sakedik hanjakal, kang Ota maparin data sumur borna kirang, diantawisna nyaeta ngeunaan tempatna (linggih teh daerah mana?), bor teh nganggo selubung (casing) teu?
Upami bor mung lebetna saukur 15 m, rupinamah eta teh teu acan dugi ka lapisan aquifer tea, da geuning saurna taneuhna masih mangrupa leutak. pami lapisan aquiver sadayana mangrupakeun keusik (pasir) tempatna cai taneuh tea.
Pami kedalaman 0 - 15 m mah masih disebatkeun (air permukaan) sanes cai taneuh asli, kumargi kitu caina masih keneh bau leutak.
Upami kang Ota bade nambihan lebetna eta sumur bor, cobian pipah teh kedah diseri.
0 - 24 m casing (paralon 3 atanapi 4 inci) paralon ieu teu kenging dibolongan kumargi kanggo nutup/nahan cai leutak teulebet kasedot pompa.
24 - 30 m
nganggo pipah 1 1/2 - 2 inci, ditingal naha lapisan ieu tos pasir wungkul atanapi sanes, pami leres tos dugi ka lapisan aquifer nembe di pasang saringan kujalan ngabolongan pipah nu 2 inci tea nganggo ragaji beusi, nudibolonganna antawis 50-100 cm tihandap, sareng tong hilap tungtung pipah paling handap kedah nganggo dop (tutup) supados keusik teu kasedot pompa.
Rupina sakitu heula
Baktos
Kisman
"O. Taryono" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
"O. Taryono" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamualaikum Wr. Wb.
Wilujeng enjing baraya,
Punteun ah bade ngarepotkeun nu nuju anteng ngawangkong. Bade seja
nyuhunkeun bongbolangan ti baraya sadaya. Jejer utamana mah ngeunaah
cai taneuh. Kieu carita na :
Abdi alhamdulillah nembean ngadamel bumi, tos rengse, nanging tacan
dilinggihan margi masih aya masalah sareng sumber cai na. Kaleresan
Abdi nganggo sumur bor kalayan disedot ku kompa (jet pump saurna mah)
minangka sumber cai sadidinten. Mung duka kunaon eta cai teh bau
sareng kotor (campur leutak, sanes keusik). Bau na teh sanes "bau
beusi", nanging "bau leutak" jiga bau comberan....
Kanggo ngicalkeun bau mah, Abdi tos ngagaduhan alternatif solusi
nyatana bade nganggo saringan keusik-karbon (areng) aktif-injuk.
Nanging kanggo ngicalkeun eta kokotor nu jiga leutak mah masih
bingung. Kadar leutak dina eta cai rupina dugika 5-10% mah. Pami
diantepkeun, tangtos kokotor (leutak) tiasa ngabalukarkeun kompana
enggal reksak.
Aya ideu, bade dijeroan deui sumur bor-na. Mung Abdi tacan yakin eta
kompa tiasa nyedot pami sumur bor na jero teuing mah. Ayeuna sumur
bor teh jero na kirang langkung 15 meteran. Sedengkeun, suction head
(sedotan) kompa na oge pami teu lepat mah mung belasan meter. Duka
nu pasti na mah sabaraha, tacan ditingali.
Manawi baraya aya nu gaduh pangalaman....??!Punten nyuhunkeun
bongbolonganna, kedah kumaha saena...??!!
Nyarioskeun ngeunaan cai ieu, Abdi janten emut ka Bah Willi. Kumaha
Bah numutkeun pamadegan Abah...??!
Hatur nuhun. Mangga ah....
Baktos,
OTA
Talk is cheap. Use Yahoo! Messenger to make PC-to-Phone calls. Great rates starting at 1ยข/min. __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___

