Assalamualaikum Wr. Wb.
Tos lami teu ngiring ulubiung di ieu babakan, duka tah tos sabaraha sasih, 2 - 3 sasih panginten. Lantaran imel na diblokir ku juragan IT tea. Aya oge account imel di yahoo, asa hoream muka yahoo mah. Ayeuna tos dinormalkeun deui jigana ku juragan IT, aaah dasar Abdi na baong, keukeuh we ngalangganan ngulampreng ka babakan.
Pami dititenan mah geuningan seueur nami baraya-baraya Kusnet ayeuna nu enggal. Panginten salami Abdi teu tiasa nampi imel ti babakan teh seueur kadang wargi nu nembean daftar janten anggota atanapi ngawitan aktif ngintun imel ka babakan.
Atuh jalaran aya paripaos "tak kenal maka tak sayang", sim Abdi bade seja ngawanohkeun nyalira hususon kanggo baraya Kusnet nu enggal. Nami mah Ono Taryono kawit ti Kuningan. Sawewengkon lah sareng Kang Ndoell tukang ngorong tea heuheuheu....Yuswa nembe 25 taun kalayan status 'available' ("Kekeke....nanaonan ieu teh make nyebutkeun status 'available' sagala, hayang dipentung ku mitoha kituw...??!", ceuk Kang Kumi bari molotot ka Abdi.)
Pami dumuk mah tacan panceg, masih pundah-pindah alias nomaden. Kantos dumuk di Bandung 7 taun, ti taun 1997 dugi ka taun 2004, di Cikampek sataun, taun 2004 dugi ka taun 2005. Kantos oge dumuk di Bontang sok sanaos mung 3 sasih heuheuheu. Ayeuna mah kaleresan nuju bubuara di Jakarta janten kuli di salah sawios pausahaan engineering dina widang migas.
Rupina mung sakitu we heula. Sakali deui kanggo baraya Kusnet nu enggal, wilujeng tepang we, wilujeng wanoh. Mangga ah....
Baktos,
OTA __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___

