Kang Kumi, sok sanajan uing urang sunda, tapi da teu apal peusing teh naon. Cingan bahasa Indonesia na naon...?!
Heuheuheu jadi panasaran ku peusing. Pernah oge mireng aya kolot nu nyarita kieu ka anakna : "Jangan pipis disana ntar bau 'peusing'...!!"
Hihihihi....


Regards,
OTA
*** Welkambek tu de Kusnet



"kumincir" <[EMAIL PROTECTED]>
Sent by: [email protected]

08/30/2006 09:45 AM

Please respond to
[email protected]

To
"Kusnet" <[email protected]>
cc
"Kisunda" <[email protected]>, "[EMAIL PROTECTED]" <[EMAIL PROTECTED]>, "barayasunda" <[email protected]>, [EMAIL PROTECTED]
Subject
[Urang Sunda] [w] peusing





Peusing téh mamalia dina orde Pholidota, nu kabagi kana hiji kulawarga Manidae jeung hiji genus Manis, nu ngawengku dalapan spésiés. Awak peusing dibungkus ku sisit nu baradag dina kulitna, sumebar di wewengkon tropis buana Asia jeung Aprika.

Dina klasifikasi nu leuwih heubeul, peusing téh dihijikeun jeung sababaraha ordo lian, misalna Edentata. Bukti genetik nu leuwih anyar[1] nunjukkeun yén dulur peusing pangdeukeutna téh karnivora.

Paripolah jeung dedegan

Ciri peusing anu utama nyaéta sisit badag jeung teuas, nu sabenerna mah bulu. Buluna ieu ngahiji sahingga jadi kawas sisit. Mun ngarasa kaancam, peusing bisa ngaringkel jadi buleud, sedengkeun sisitna rogok salaku pakarang atawa nutup rapet sahingga ngabungkus awakna. Sisit ieu téh tadina mah leuleus, tapi nuturkeun umurna, sisitna beuki lila beuki heuras. Kuku dina suku hareupna paranjang & heuras, biasa dipaké pikeun ngagali taneuh. Peusing bisa ngaluarkeun bau haseum nu seukeut tina kelenjar deukeut boolna, sarupa jeung bau segung.

Ukuran peusing rupa-rupa, gumantung kana spésiésna, antara 30-100 cm. Nu bikang sacara umum leuwih leutik batan nu jalu.

Dahar

Kadaharan peusing anu utama nyaéta sireum jeung rinyuh. Cakarna nu teuas tur paranjang dipaké pikeun ngagali atawa ngabongkar sayang sireum/rinyuh, sedengkeun létahna nu panjang bisa dipaké nyasar sayang sireum. Peusing tangkal bisa migunakeun buntutna pikeun ngagantung dina dahan, sabari mapay liang mangsana.

Peusing mah euweuh huntuan sarta teu bisa ngagayem. Pikeun ngala mangsana, kelenjar ciduh dina dadana ngabaseuhan létahna ku ciduh nu rapet, sahingga sireum narapel kana létahna.

Baranahan

Mangsa keureuneuh peusing lilana 120-150 poé. Sakali borojol ilaharna mah ukur hiji, tapi kadang bisa nepi ka tilu, beuratna antara 80-450 g.

Ancaman

Peusing téh jadi salah sahiji kadaharan sabagian masarakat Aprika. Katambah ku leuweung nu beuki ngaheureutan, peusing raksasa geus jadi spésiés nu kaancam lastari. Di Cina, kapercayaan yén bagian-bagian awak peusing téh bisa dijadikeun bahan ubar ngajadikeun peusing ogé kaancam populasina.

Taksonomi

   * Ordo Pholidota
         o Kulawarga Epoicotheriidae (lastari)
         o Kulawarga Metacheiromyidae (lastari)
         o Kulawarga Manidae
               + Subfamili Eurotamandua (lastari)
               + Subfamili Maninae
                     # Genus Eomanis (lastari)
                     # Genus Necromanis (lastari)
                     # Genus Patriomanis (lastari)
                     # Genus Manis (Manis)
                           * Peusing India (M. crassicaudata)
                           * Peusing Cina (M. pentadactyla)
                     # Genus Manis (Paramanis)
                           * Peusing Malayu (M. javanica)
                           * Peusing Palawan (M. culionensis)
                     # Genus Manis (Smutsia)
                           * Peusing raksasa (M. gigantea)
                           * Peusing Temminck (M. temmincki)
                     # Genus Manis (Phataginus)
                           * Peusing tangkal (M. tricuspis)
                     # Genus Manis (Uromanis)
                           * Peusing buntut panjang (M. tetradactyla)

Sumber rujukan

   * Pangolin, Wikipédia édisi basa Inggris (29 Agustus 2006)

Tumbu kaluar

   * Pangolin: Wildlife summary from the African Wildlife Foundation
   * A photograph of a pangolin
   * Tree of Life of Pholidota

Disalin ti "
http://su.wikipedia.org/wiki/Peusing"
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke