heuheu.. hatur nuhun kang Dudi (halah euy asa nikukur :))).. alah muhun nya ngabeubeurik nu ngawang-ngawang mah langkung hese. ngan bodo we nya jalema asup kana paribasa eta mah naha teu dikelek tah si peusing sabari moro julang..

***

toz sabaraha dudi nya di ieu milis, cik urang etang geura, urang duaan kang, tilu kang dudi ss urang sumedang nu linggih di purwokerto (eh saurna bade ngalih ka kalimantan nya? tos kitu?) teras ... asana mah aya keneh ngan hilap heuheuy deuh pasaran oge geuning ngaran dudi teh. sugan teh kapungkur mah hipermarket eung

kaleresan nu ngawaler kang Dudi simkuring bade ngalajengkeun naros deui, wios? kieu kang ti kapungkur simkuring teh weleh teu mendak hartos nami "dudi", pan cek cenah nami teh doa. pan panginten lamun nami urang hartosna sae doana ge sae. mamanawian akang terang, cik ari hartos "dudi" teh naon?

dh

On 8/31/06, dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Mun teu lepat mah kieu kawasna teh.
Ari julang mah pan ngapak di luhur( hese diudag) , sedengkeun peusing mah ngalingker dihandap (gampang ditewak).
Sok  naha mending nu gampang di tewak atawa nu hese diudagna.
 
Aya hukum ekonomi kieu: Mun pagawean resikona leutik  nya kauntunganna oge saeutik, sedengkeun upama resikona gede aya kamungkinan kauntungannana oge bakal mucekil. Contona:  neundeun duit di deposito  , resikona leungit  leutik, tapi pan kauntungan sataunna  paling gede 12 % . Tapi lamun  bisnis saham, kamungkinan meunang untung ratusan persen sataunna  aya, tapi kamungkinan leungit jeung modal modalna ge aya. Jadi resikona gede pisan.
 
Jadi ibaratna ,moro julang teh  ngandung resiko anu gede, da hese ditewakna tea . Ngapung di luhur tea pan. Tapi ari newak peusing mah pan resiko teu katewakna ge  saeutik da si peusingna cicing ngalingker tea, sanes?. 
 
Tah kitu kulan kinten kintenna maksad tina paribasa anu diunggelkeun tadi teh.
 
salam
ti Dudi oge





--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke