Leuh karunya teuing nu teu terang Peusing. Kuring inget baheula keur di SMA di Sumedang. Aya babaturan mamawa peusing ka Sakola, cenah meunang newak di pipir imahna. Maksudna rek dibikeun ka Guru Biologi. Ku manehna eta peusing nu ngaringkuk wae, teh dikantongan. Tapi kulantaran guru biologi acan datang, nya dibabawa ka kelas.
Pas Jam palajaran kahiji, palajaran Fisika, Guruna Bu Julaeha, guru anyar, ngora keneh, urang Bandung. Sigana peusing teh keseleun ngaringkuk wae, ngarayap kaluar tina kantong, terus leumpang kahareup kelas. Bu Julaeha, sigana mah kakara ningali peusing, na ana gerewek teh ngagerewek bari ajrag-ajragan terus ngajleng kana meja, bari tutunjuk ka peusing. Ningali Bu Julaeha "histeris", murid awewe, nu teu tarerangeun aya nu mamawa peusing ka kelas, akhirna ting gerewek jeung ajrag-ajragan, nurutan bu Julaeha. Sakelas jadi ribut, guru ti ruang guru lalumpatan muru ka kelas kuring. Si Ating (batur kuring nu mamawa peusing) dodongkoan rek newak peusing. Peusing akhirna beunang. Ngan orakaya si Ating rek ditampiling ku guru galak, untung pada nahan ku guru nu sejen. Si Ating arapap-eureueup nerangan, mamawa peusing teh rek dibukeun ka guru Biologi, lain rek nyingsieunan bu Julaeha. Tah ..... ka baraya anu can terang peusing, mangga sing sering ameng ka kebon binatang bisi jiga guru kuring nu "histeris" ningali peusing. Manuk Julang, sapertos disebat Kang Oman, manuk gede, sarua jeung hayam jago. Pamatukna gede jeung panjang. Di Kalimantan disebat "bUrung Enggang". Manuk ieu lamun hiber, sorana ngahius (Siga entog hiber). Nu kakara ngareungeu sora julang hiber, dijamin bakal soak, komo di leuweung mah, da disangka "jurig hiber". Kabeuki manuk julang, bubuahan leuweung, mana pamatukna gede, keur meupeuskeun bubuahan anu teuas. Aya nu rada aneh, manuk julang ngedog dina jero kai nu gorowong. Waktu nyileungleum, manuk julang bikang, nutup liangna, nu kaluar ukur pamatukna. Nu mere barangdahar, manuk julang jaluna, nu kaditu-kadieu nyiar dahareun. "Kamesraan yang tiada duanya" ......hehehehe Baktos, WALUYA --- In [email protected], "Ina Ratnawulan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > euleuh sanes kang ota wae nu teu apal teh > geningan abdi ge nembe terang yen peusing teh trenggiling hehehe > da nu kabayang mah tina dongeng2 pun bapa kapungkur > peusing teh siga musang atanapi berang2 ... naaa janten teu nyambung :)) Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

