panginten kalimah nu ieu: "naha "darajat" peusing memang leuwih handap tinimbang julang?" kedahna mah kieu : "naon leuwihna julang tinimbang peusing?".. simkuring ayeuna terang naon kaleuwihan julang tinimbang peusing nya eta julang mah hiber, teu lumpat. dina implengan baheula mah newak sato nu bisa hiber tangtu langkung sesah.
dh
heuheu e kelek e pepeg poho eung!
On 8/31/06, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Dudi oge sadayana,Paribasa eta mah medalna lain tina urusan darajat sasatoan, sato nu hiji leuwih handap atawa leuwih luhur ti sato anu sejen. Eta paribasa lahir tina pangaweruh luluhur urang kana jenis atawa talajak sasatoan. Sakumaha anu tos terang mikawanoh yen boh Peusing atawa Julang sarua papada sato anu lingas (hese katewakna), boh kulantaran tangginas lumpatna, seukeut panenjo jeung pangambeuna, oge kulantaran - kabehdieunakeun - duanana sarua sato-sato anu geus meh teu bisa kapanggih deui di alam. Jadi, i'tibar atawa ngalap silib tina talajak eta dua sato, nya mucunghul paribasa "Moro Julang, Ngalepaskeun Peusing". Hartina? sakumaha anu tos dipedar ku Kang Dudi.Catetan:Julang teh sarupa manuk gede, sa-genus jeung Rangkong atawa. Lamun di Kalimantan - ayeuna aya keneh sok sanajan geus langka, disebutna manuk Enggang.
salam,manAROn 8/31/06, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED] > wrote:kang kumi neruskeun panaros kang ota, lamun paribasa nu nyebutkeun:
moro julang ngaleupaskeun peusing nu artina (kira-kira cek kuring) jadi ngaleupaskeun kasempetan nu geus nyampak pikeun neangan nu can karuh. naha "darajat" peusing memang leuwih handap tinimbang julang? kumaha tah dongengna nepi ka ngajanggelek jadi paribasa di luhur?
sikuring nanya teh pedah we ari ka julang mah can wawuh heuheu...
dh
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___

