Sigana mah kieu eta teh, Dud...
Peusing mah ngalana teu hese, asal geus kapanggih weh, moal hese newak, da tara kabur. Sakadang peusing ukur ngarengkol, ngandelkeun sisitna tea. Peta kitu soteh metu ari keur sato sejen, tapi keur jelema mah moal. Hehe... Ceuk Kang Boim ge, kalah sok dicaroo, dirojokan (nyokel/ngabongkar rengkolan peusing teh hese, da tanagana lumayan rosa). Tapi nya kitu, najan gampang ngalana, tapi teu loba nu bsia diala ti sakadang peusing. Malah dedeganana ge, ceuk nu heureuy mah, euweuh pikaresepeunana. Pira ge sato sisitan....
Anapon julang (inget arsitektur sunda "julang ngapak"? ngapak = mengepakkan sayap), eta manuk teh endahna kacida, tuh ku Mang Oman & Bah Willy geus didongengkeun. Kuring kungsi nempo manuk julang basa keur SMP keneh asana mah, teuing nyasab teuing kunaon, eta manuk teh bet ngulampreng ka pakotaan Garut (cenah mah di pakidulan aya keneh). Tah, najan endah, pan eta manuk teh hese dialana. Jadi, paribasa eta teh sigana mah nalatahan ka urang sangkan bisa tumarima kana naon2 anu geus katampa, ulah hayang teuing ngahontal nu luhur2, bari jeung can tangtu beunang. Tapi, sigana mah, jaman kiwari, palasipah kitu teh tiasa bae diadurenyomkeun deui, da meureun geus wancina urang teh "bersaing" ngahontal cita2 saluhur2na...
sikandar
On 31/08/06, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kang kumi neruskeun panaros kang ota, lamun paribasa nu nyebutkeun:
moro julang ngaleupaskeun peusing nu artina (kira-kira cek kuring) jadi ngaleupaskeun kasempetan nu geus nyampak pikeun neangan nu can karuh. naha "darajat" peusing memang leuwih handap tinimbang julang? kumaha tah dongengna nepi ka ngajanggelek jadi paribasa di luhur?
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___

