Baraya..........! Hoyaaaahhh.....panggih deui jeung kuring ti Tungtung Seoul, kumaha daramang Baraya? Nuhun atuh ari damang mah, sim kuring ge cageur ngan pakepuk pisan.
Baraya, aya bewara yen lembur kuring Situraja "tercintah" bakal jadi pusat kagiatan budaya Sumedang jeung Jawa Barat, dina tanggal 16 jeung 17 September 2006, poe Saptu jeung Minggu. Acarana kieu: 1. Saptu tanggal 16 September 2006, baris diayakeun Ruwat Jagat sa- Kabupaten Sumedang nu dipusatkeun di alun-alun Situraja (Pedah eta Don Mardiono urang Pamulihan-Situraja, cenah). 2. Poe Minggu di alun-alun Situraja baris diayakeun Festival Kuda Renggong sa-Jawa Barat + Banten jeung Festival Jaipongan sa- Kabupaten Sumedang. Cenah mah, tourist asing oge bakal daratang ka Situraja teh. Kabeneran baraya tanggal eta teh pas kuring ka lembur, ari acara kuring kieu yeuh: 1. Minggu tanggal 10 Sep. datang ti Tungtung Seoul, mondok di Nikko Hotel Jakarta. 2. Senen tanggal 11 Sep. ka ITB Bandung aya kerjasama sorena balik deui ka Nikko Jakarta. 3. Salasa tanggal 12 Sep. ka IPB Bogor aya seminar Kimia Bahan Alam, jadi pembicara, peutingna ka Nikko Jakarta deui. 4. Rebo tanggal 13 Sep. ka Cibitung-Cikarang, ka PT. Haldin ningalian pabrik ekstraksi obat alam. Sorena ka Nikko Hotel deui bae. 5. Kemis tanggal 14 Sep. ka UI Depok aya rapat kerja sama, sorena nganteurkeun Boss ka Bandara nu rek balik ka Korea, uing mah rek terus ka Bandung. 6. Jumaah-Saptu-Minggu, 15-16-17 Sep. Di Situraja...lalajo Ruwat Jagat jeung Festival. 7. Senen tanggal 18 September balik deui ka Koreak... Baraya bilih aya nu rek lalajo ka Situraja sok atuh nyimpang nya da deukeut alun-alun rorompok kuring mah, cai-cai wae mah aya geura. Hatur Salam, Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

