Alah meni pakepuk kitu, sugan mah murag bulu bitis
atawa hejo tihang ? he...he...he..

Insya Alloh, geus lila teu ningali Kuda Renggong.


Emod

--- yr32 <[EMAIL PROTECTED]> menulis:

> Baraya..........!
> 
> Hoyaaaahhh.....panggih deui jeung kuring ti Tungtung
> Seoul, kumaha 
> daramang Baraya? Nuhun atuh ari damang mah, sim
> kuring ge cageur 
> ngan pakepuk pisan. 
> 
> Baraya, aya bewara yen lembur kuring Situraja
> "tercintah" bakal jadi 
> pusat kagiatan budaya Sumedang jeung Jawa Barat,
> dina tanggal 16 
> jeung 17 September 2006, poe Saptu jeung Minggu.
> Acarana kieu:
> 
> 1. Saptu tanggal 16 September 2006, baris diayakeun
> Ruwat Jagat sa-
> Kabupaten Sumedang nu dipusatkeun di alun-alun
> Situraja (Pedah eta 
> Don Mardiono urang Pamulihan-Situraja, cenah).
> 
> 2. Poe Minggu di alun-alun Situraja baris diayakeun
> Festival Kuda 
> Renggong sa-Jawa Barat + Banten jeung Festival
> Jaipongan sa-
> Kabupaten Sumedang.
> 
> Cenah mah, tourist asing oge bakal daratang ka
> Situraja teh.
> 
> Kabeneran baraya tanggal eta teh pas kuring ka
> lembur, ari acara 
> kuring kieu yeuh:
> 
> 1. Minggu tanggal 10 Sep. datang ti Tungtung Seoul,
> mondok di Nikko 
> Hotel Jakarta.
> 
> 2. Senen tanggal 11 Sep. ka ITB Bandung aya
> kerjasama sorena balik 
> deui ka Nikko Jakarta.
> 
> 3. Salasa tanggal 12 Sep. ka IPB Bogor aya seminar
> Kimia Bahan Alam, 
> jadi pembicara, peutingna ka Nikko Jakarta deui.
> 
> 4. Rebo tanggal 13 Sep. ka Cibitung-Cikarang, ka PT.
> Haldin 
> ningalian pabrik ekstraksi obat alam. Sorena ka
> Nikko Hotel deui bae.
> 
> 5. Kemis tanggal 14 Sep. ka UI Depok aya rapat kerja
> sama, sorena 
> nganteurkeun Boss ka Bandara nu rek balik ka Korea,
> uing mah rek 
> terus ka Bandung.
> 
> 6. Jumaah-Saptu-Minggu, 15-16-17 Sep. Di
> Situraja...lalajo Ruwat 
> Jagat jeung Festival.
> 
> 7. Senen tanggal 18 September balik deui ka
> Koreak...
> 
> Baraya bilih aya nu rek lalajo ka Situraja sok atuh
> nyimpang nya da 
> deukeut alun-alun rorompok kuring mah, cai-cai wae
> mah aya geura.
> 
> Hatur Salam,
> 
> 
> 
> 


 
   
  CapRock Communications
[EMAIL PROTECTED]
www.caprock.com




        

        
                
_______________________________________________________________________________ 
Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! 
http://beta.id.yahoo.com/


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke