Wilujeng Kang Yaya,
Tah geuningan tos nambahan, mekar, ngarampidak. Ti heula acara ngukuhkeun kabuyutan hulu cai Citarum hulu. Memang, eta acara rada "berbau program pamarentah", tapi alhamdulillah, acara anu enas-enasna minangka sinergi antara nyalindungan budaya, lingkungan jeung adat istiadat -singgetna, sebut wae: revitalisasi budaya- teh ayeuna geus mimiti sumebar di sakuliah Priangan atawa Tatar Sunda.
Di sagigireun acara-acara sarupa anu dijuru-candolian ku Pamarentah (Dinas PU, Dinas Kasehatan, Disbudpar, jsb), teu saeutik acara-acara sarupa anu dikokojoan ku LSM2 atawa kelompok-kelompok jero masyarakat.
Anyar keneh, bulan Juli kamari, aya acara "Ngalokat" di Situ Ciburuy (semboyanana: Ngalokat Cai, Ngalokat Diri). Ieu acara dimuat dina PR sakumaha bisa diilo di alamat ieu:
http://www.pikiran-rakyat.com/cetak/2006/072006/30/0103.htm oge dimuat di koran Kompas, Radar jeung Sindo dina minggu anu sarua (30 Juli 2006). Acara-acara anu sarupa oge tos dilaksanakeun sakumaha laporan-laporan Kang Hanjuangbodas ti Bogor. Atuh salajengna, Kang Nana Munajat, sutradara acara Ngalokat Situ Ciburuy tos ngajakan oge ka sadaya anu minat ngayakeun acara ngukuhkeun sirah cai sacara adat (kalawan kokojo ti masyarakat, lain ti Pamarentah).
Pamugi wae acara anu bade digelar di Sumedang sakumaha dilaporkeun ku Kang Yaya ieu jadi panumbu laku nu kapungkur, papanjangan carita anu baheula: Ngertakeun Bumi Lamba, Ngajaga Kabuyutan, kaasup lelengkahan dina raraga pakena gawe rahayu pakeun heubeul jaya di buana.
baktos,
manAR
On 9/6/06, yr32 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya..........!
Hoyaaaahhh.....panggih deui jeung kuring ti Tungtung Seoul, kumaha
daramang Baraya? Nuhun atuh ari damang mah, sim kuring ge cageur
ngan pakepuk pisan.
Baraya, aya bewara yen lembur kuring Situraja "tercintah" bakal jadi
pusat kagiatan budaya Sumedang jeung Jawa Barat, dina tanggal 16
jeung 17 September 2006, poe Saptu jeung Minggu. Acarana kieu:
1. Saptu tanggal 16 September 2006, baris diayakeun Ruwat Jagat sa-
Kabupaten Sumedang nu dipusatkeun di alun-alun Situraja (Pedah eta
Don Mardiono urang Pamulihan-Situraja, cenah).
2. Poe Minggu di alun-alun Situraja baris diayakeun Festival Kuda
Renggong sa-Jawa Barat + Banten jeung Festival Jaipongan sa-
Kabupaten Sumedang.
Cenah mah, tourist asing oge bakal daratang ka Situraja teh.
Kabeneran baraya tanggal eta teh pas kuring ka lembur, ari acara
kuring kieu yeuh:
1. Minggu tanggal 10 Sep. datang ti Tungtung Seoul, mondok di Nikko
Hotel Jakarta.
2. Senen tanggal 11 Sep. ka ITB Bandung aya kerjasama sorena balik
deui ka Nikko Jakarta.
3. Salasa tanggal 12 Sep. ka IPB Bogor aya seminar Kimia Bahan Alam,
jadi pembicara, peutingna ka Nikko Jakarta deui.
4. Rebo tanggal 13 Sep. ka Cibitung-Cikarang, ka PT. Haldin
ningalian pabrik ekstraksi obat alam. Sorena ka Nikko Hotel deui bae.
5. Kemis tanggal 14 Sep. ka UI Depok aya rapat kerja sama, sorena
nganteurkeun Boss ka Bandara nu rek balik ka Korea, uing mah rek
terus ka Bandung.
6. Jumaah-Saptu-Minggu, 15-16-17 Sep. Di Situraja...lalajo Ruwat
Jagat jeung Festival.
7. Senen tanggal 18 September balik deui ka Koreak...
Baraya bilih aya nu rek lalajo ka Situraja sok atuh nyimpang nya da
deukeut alun-alun rorompok kuring mah, cai-cai wae mah aya geura.
Hatur Salam,
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___

