Naon cing "lesson learned" nya tina sajarah anu
kararieu..ngan hiji..sagala oge lamun nganggo kacida
teuing..hoyong mutlak2an...wah bakal ancur
sorangan..conto Komunisme Rusia, Komunisme Cina
banting stir tanpa rubah nama, Nazi, Sodom & Gomorah,
Nero,Taliban,Idi Amin,Fuji Mori, Marcos,.....

Ngan eta waktos ningali pilem Downfall..mani asa
ngabirigidig ningali adegan Frauline Goering..ngaracun
putri2na..nah uey demi ideologi didunya..barudak
sorangan dipaehan...macan oge tara..eta kulantaran
jelema ari ego luhur wawasan kurang meureun nya kitu
geuning........

--- irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Kuring ari keur nganggur, sok nuluykeun maca buku
> karangan Hitler "Mein
> Kamf". tapi hasil terjemahan ka basa ingris, da anu
> basa jerman mah teu
> ngarti.he..he..he...
> 
> najan can anggeus kabeh, karek sabaraha lambar, tapi
> eusina memang pinuh ku
> Nasionalisme. Dina buku dituliskeun rasa prihatin
> Hitler kana kaayaan
> nagarana.Oge saran-sarana pikeun kamajuan bangsana.
> 
> Teu heran lamun buku Mein Kamf teh "laris manis bak
> kacang goreng" di jaman
> harita.
> 
> Malah meureun lantaran buku eta, rahayat jerman
> ngadukung The Fuhrer.
> 
> Ngan harepan tinggal harepan, semboyan "Bersama kita
> bisa" teh can bisa
> nganggeuskeun masalah nagara anu pabaliut carut
> marut. (nyindiran maksudna
> mah he.he.he.)
> 
> Malah mah, can aggeus hiji masalah jebul Mas alah
> sejen, can rengse Mas
> alah, aya Mba cana alam. Lini lah, tsunami lah.
> Edas ku sue nya RI 1 ayeuna.
> 
> ***disambung sambungkeun he..he..he..
> 
> 
> 
> 
> On 9/5/06, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > enya, hitler teh kitu tungtungna mah. teu
> walakaya. kamera sababaraha
> > kali nyorot leungeun kencana nu teu daek cicing,
> siga kaserang
> > panyawat alzhemer tea kitu. saraf leugeun geus teu
> bisa dikontrol
> > otak. ambekna ma masih, sanajan tangtara sekutu
> geus beuki deukeut.
> >
> > Nazi teh aslina mah partai buruh sosialis
> nasional, nu payu sabab
> > propagandana hade. utamana eta ngahudangkeun
> kareueus bangsa jerman,
> > aria tea jeung sajabana.
> >
> > lumpat ka nagara urang.
> > harita Suharto nu jadi tulang tonggong naekna
> rejim militer kana
> > kakuasaan nagreg, estuning didarukung ku
> sakabehna-kacuali nu pro
> > Sukarno. sababna, nya daripada jadi komunis,
> ongkoh harita kabukti,
> > militer bisa ngamankeun nagara. rahayat percaya ka
> suharto oge rejim
> > militer. ngan beh dieu gening beuki kitu. sarua
> siga hitler oge, sing
> > saha bae nu oposan kana kapamingpinana, dina teu
> dipenjarana oge,
> > hirupna dijieun susah. siga Ali Sadikin. anakna
> Ali Sadikin ari milu
> > tender proyek tara meunang.  komo nu cenah kungsi
> milu PKI, dalah anak
> > incuna oge jadi susah hirupna teh. padahal teu tua
> teu dosa.
> >
> > suharto dina palebah dinya mah goreng patung
> kacida. sabab cara2na
> > ngalanggengkeun kakuasaan tea. mun mussolini mah
> fascis tea, ari
> > suharto mah diktator otoriter. sabenerna model
> pamarentah/presiden nu
> > jenderal kieu teh teu aneh di nagara berkembang
> mah. sabab di dukung
> > kuat ku militer-utamana angkatna daratna- tea.
> sing saha nu nentang,
> > nya wayahna mayunan bedil.
> >
> > hanjakalna, sugan teh parabot tangtara
> dialus-alus, ditambahan kunu
> > canggih, buktina mah henteu. watir oge. aya conto
> tentara boga 10
> > hercules, nu bisa ngapung ngan 2 atawa tilu.
> teungteuingeun.
> >
> > dina pemilu, rahayat disingsieunan. mun teu milih
> golkar baris
> > sangsara, jeung sajabana. dua partey sejen ngan
> ukur pamantes, sangkan
> > siga demokrasi. aya dpr oge anggotana teh baraya
> menteri anak minantu.
> > hehe.
> >
> > kabayang sedapna jadi suharto-penguasa harita-tug
> pengaruhna nepi ka
> > ayeuna.
> > nasib nagara jeung bangsa kudu ngalaman kitu.
> sugan teh enya satuluyna
> > soleh.
> >
> > dina novel Epigram saliwat ditulis ngeunaan eta.
> naha urang jaman
> > harita ngadukung suharto.
> >
> > --
> > geocities.com/mangjamal
> >
> >
> > Komunitas Urang Sunda -->
> http://www.Urang-Sunda.or.id
> >
> > Yahoo! Groups Links
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke