Naskah Volkalmanak Sunda? Lain ti kamari atuh ngabéjaan téh, euy... Tapi keun atuh, sugan baé aya waktu kénéh nya...
Hatur nuhun ogé ka sadayana: Apih Sidik, Kang Willy (Bah Willy téa) pun lanceuk, Kang Jamal (MJ téa) kapilanceuk, Ki Hasan sobat bagadang, Kang Dudi, Kang Boim, Kang Ulé, Kang Tito, Kang Buyung, Téh Ipeut (bingah si Tétéh tos kumelendang deui yeuh), Kang Oman guru kuring, Téh Roro, kum baé lah ka sadayana. Hayu atuh urang pada-pada singkil sangkan Sunda jeung Kasundaan téh énggal nanjung...!!
Insya Allah kaping 20 Séptémber sim kuring seja mulang ka lembur.
AJ
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Walah AJ, geus beres euy! Wilujeng atuh, iraha mulang
ka lembur euy? Jadi taun ieu lebaran di lembur atuh
nya. Syukur euy, uing oge milu reueus yeuh. Keun wae
atuh, perkara nu ditalungtik can karuh laku henteuna
di lembur mah, jual we atuh ka lembur batur. Hehehe.
Aeh euy, mun bisa mah, samemeh mulang ka lembur, cing
pangneangankeun naskah Volkalmanak Sunda euy. Cenah di
Ferancis aya Bu Vivian nu resep nalungtik perkara
kabudayaan Sunda. Ceuk beja anjeunna urang Ferancis,
tapi carogena mah urang Sunda. Cing paluruh ka Kang
Ganjar geura. Punten euy nitah, hehehe.
Salam,
mh
--- Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]com > wrote:
> Hapunten ka Kang Ganjar, rumaos sim kuring téh
> jolédar nembé nepangan, hé hé...
>
> Baraya... Alhamdulillah sim kuring kamari tiasa
> nyangkolong waktos Kang Ganjar, silaturahim, sanaos
> meumeus kaganggu ku telepun sareng nu sanésna.
> (Boa-boa kuring nu ngaganggu nu nelepun jeung nu
> lianna, nya? Enya sigana mah..! Heuheuy deuh...).
> Ogé sim kuring "suksés" nyocéng waktos "para putra"
> Kang Ganjar (pengurus PPI) anu kamari ogé aya di
> KBRI, ngadeuheus ka "ramana".
>
> Hatur nuhun ka sadayana. Rada mangmang sabenerna
> mah, naha anu ditalungtik ku kuring téh payu henteu
> nya di lembur? Nyéta panalungtikan kuring téh teu
> parok jeung batur, hé hé... Tapi, upami téa mah aya
> anu maksa badé sasarengan nalungtik, mangga di antos
> pisan, legana mah dina widang Combinatorics,
> heureutna mah perkawis pattern-avoiding
> permutations.
>
> AJ
=====
Situs: http://www.urang-sunda.or. id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
_____________________ _________ _________ _________ __
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Do you Yahoo!?
Get on board. You're invited to try the new Yahoo! Mail. __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
__,_._,___

