baca e-mail awal kuring teu? kuring nulis di awal, alusna... ari alusna mah beda jeung teu meunang.
kieu pikiran kuring mah. urang sunda teh lolobana ngagem agama islam. tah kanu sok posting soal kagorengan urang sorangan-papada umat islam- naon niatna? ari cek sangkaan kuring mah, meureun ieu oge, niat batur-baraya kusnet- nu nyemplungkeun perkara beja soal nu goreng2 di urang, meureun, pikeun otokritik. sabab urang oge umat islam, nya sugan bisa pikeun ningkatkeun kualitas kaislaman urang. jadi, soal pastor rek jadi gay, rek freesex, rek jadi naon bae oge sabodo teuing. teu urusan. urusan kuring mah kumaha urang sunda bisa maju. conto sejen, soal kaislaman urang, diuji ku ayana beja misionaris arasup ka lembur2 urang, jualan agama ku indomie jeung sajabana, cek kuring mah, da puguh maranehanana mah kitu, urang nu salah, teu malire dulur urang. dalah mun urang -nu ngaku umat islam- ngajalankeun ajaran agama islam kalayan bener, sigana moal nepi ka aya dulur teu dahar jeung asup agama batur-sanajan memang hakna. tapi urang ngarasa keuheul, padahal urang teu uget nanaon, estuning ngantep, ari batur malire. kacolongan tea. jadi kang dur, oge nu sejena, soal kuring mah ngahartikeunana pikeun ngahadean ka jero. islam teh agama urang, tah, geus nepi kamana kaislaman urang? beda teu tingkah laku ucap moral urang-salaku umat islam- jeung nu teu ngagem islam? jadi, sakali deui, urusanana ulah kacangreud ku soal goreng alusna. tapi mangpaatna. ambek mah -da aing oge tukangna, baheula mah kuring katelah kuncen seksi gaplok- gampang. mun urang eusian ieu milis ku go to hell israel atawa go to hell amrik atawa pastur, misalna, unggal poe oge bisa. tapi meureun teu kudu kitu, da teu aya gunana. ka jalan we demo hareupeun kedutaan amrik. jaba ieu milis urangsunda, milis nu sabisa-bisa milu ngahudang sumanget papada US boh nu di internet boh nu di darat-sangkan maraju. boh nu di lembur boh nu dimana mendi. mangga salajengna, kuncens sanes diantos sikepna kumaha. --- In [email protected], "maman durahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Keheula atuh. Tong waka posting nu karitu heula. Dagoan heula keputusan > Kuncen. Meunang atawa henteu mositing kagorengan umat Islam didieu. Da > mosting kagorengan Pastur mah geus pasti teu meunangna. Sabar. Ketang Eta > pamenta kuring pribadi. Tapi mun rek maksa mangga da kuringmah lain sasaha > (lain kuncen). > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

