Draft tarjamahan UUD 1945 Basa Sunda UNDANG-UNDANG DASAR NAGARA REPUBLIK INDONÉSIA TAUN 1945
BUBUKA (P r e a m b u l e) Saéstuna kamerdikaan téh hak sakumna bangsa, ku kituna, rupaning penjajahan di saalam dunya kudu dimusnahkeun, alatan teu luyu jeung peri-kamanusaan katut peri-kaadilan. Sarta perjoangan pagerakan kamerdikaan Indonésia geus cunduk kana wanci nu mustari kalawan berekah salamet nganteurkeun rayat Indonésia ka gapura kamerdikaan Nagara Indonésia, nu merdika, ngahiji, ngawasa, adil, jeung ma'mur. Ku berekahna rahmat Allah Nu Maha Kawasa sarta dijurung ku angen-angen anu luhung, sangkan kahirupan kabangsaan nu bébas, ku kituna dina ieu hal rayat Indonésia nétélakeun kamerdikaanana. Saterusna ti éta pikeun ngawangun hiji Pamaréntahan Nagara Indonésia nu nangtayungan sakumna bangsa Indonésia katut sakumna séké sélér Indonésia tur pikeun ngamajukeun karaharjaan umum, nyalakankeun kahirupan bangsa, sarta ilubiung dina ngalaksanakeun katartiban dunya anu dumasar kana kamerdikaan, karapihan abadi jeung kaadilan sosial, ku kituna disusun éta Kamerdikaan Kabangsaan Indonésia téh dina hiji Undang-Undang Dasar Nagara Indonésia, nu diwangun dina hiji susunan Nagara Republik Indonésia nu rayatna miboga kakawasaan kalawan dumasar kana Kapangéranan Nu Maha Tunggal, Kamanusaan nu adil jeung baradab, Persatuan Indonésia sarta Karahayatan nu dipingpin ku hikmah kawijaksanaan dina Pemusawarahan/Perwakilan, sarta ku ngawujudkeun hiji Kaadilan sosial pikeun sakumna rayat Indonésia. UNDANG-UNDANG DASAR BAB I WANGUN JEUNG KADAULATAN Pasal 1 (1) Nagara Indonésia nyaéta Nagara Kasatuan, nu winangun Republik. (2) Kadaulatan dicekel ku rahayat tur dilaksanakeun dumasar Undang-Undang Dasar. ***) (3) Nagara Indonésia nyaéta nagara hukum. ***) BAB II MAJELIS PERMUSYAWARATAN RAKYAT Pasal 2 (1) Majelis Permusyawaratan Rakyat diwuwuh ku anggota Déwan Perwakilan Rakyat jeung Déwan Perwakilan Daérah nu dipilih dina pemilihan umum nu saterusna diatur ku undang-undang. ****) (2) Majelis Permusyawaratan Rakyat ngayakeun sidang saeutikna sakali dina lima taun di ibukota nagara. (3) Sagala putusan Majelis Permusyawaratan Rakyat ditetepkeun ku sora nu panglobana. Pasal 3 (1) Majelis Permusyawaratan Rakyat miboga wewenang pikeun ngarobah jeung netepkeun Undang-Undang Dasar. ***) (2) Majelis Permusyawaratan Rakyat ngistrénan Présidén jeung/atawa Wakil Présidén. ***/****) (3) Majelis Permusyawaratan Rakyat ukur bisa ngeureunkeun Présidén jeung/atawa Wakil Présidén dina mangsa jabatanana dumasar Undang-Undang Dasar. ***/****) BAB III KAKAWASAAN PAMARÉNTAHAN NAGARA Pasal 4 (1) Présidén Republik Indonésia nyekel kakawasaan pamaréntahan dumasar Undang-Undang Dasar. (2) Dina nohonan kawajibanana Présidén dibantu ku saurang Wakil Présidén. Pasal 5 (1) Présidén miboga hak pikeun ngajukeun rarancang undang-undang ka Déwan Perwakilan Rakyat. *) (2) Présidén netepkeun palaturan pamaréntah pikeun ngalarapkeun undang-undang sakumaha mistina. Pasal 6 (1) Calon Présidén jeung calon Wakil Présidén kudu warga nagara Indonésia ti mimiti lahir sarta teu kungsi jadi warga nagara séjén alatan kahayang sorangan, teu kungsi hianat ka nagara, mampuh boh rohani boh jasmani pikeun ngalaksanakaeun pancén jeung kawajiban salaku Présidén jeung Wakil Présidén. ***) (2) Sarat-sarat pikeun jadi Présidén jeung Wakil Présidén saterusna diatur ku undang-undang. ***) Pasal 6A (1) Présidén jeung Wakil Présidén dipilih minangka pasangan sacara langsung ku rayat. ***) (2) Pasangan Présidén jeung Wakil Présidén diusulkeun ku partéy pulitik atawa gabungan partéy pulitik pamilon pemilihan umum saméméh dilaksanakeun pemilihan umum. ***) (3) Pasangan Présidén jeung Wakil Présidén nu meunang sora leuwih ti lima puluh persén tina jumlah sora dina pemilihan umum kalawan saeutikna dua puluh persén sora di saban propinsi anu sumebar di leuwih ti satengah jumlah propinsi di Indonésia, diistrénan jadi Présidén jeung Wakil Présidén. ***) (4) Dina hal taya pasangan calon Présidén jeung Wakil Présidén nu kapilih, dua pasangan calon nu meunang sora panglobana kahiji jeung kadua dina pemilihan umum dipilih ku rayat sacara langsung jeung pasangan nu meunang panglobana sora rayat diistrénan salaku Présidén jeung Wakil Présidén. ****) (5) Tata cara ngalaksanakeun pemilihan Présidén jeung Wakil Présidén saterusna diatur dina undang-undang. ***) Pasal 7 Présidén jeung Wakil Présidén nyekel kalungguhan lilana lima taun, sarta sabadana bisa dipilih deui pikeun éta kalungguhan, ukur pikeun sakali mangsa jabatan. *) Pasal 7A Présidén jeung/atawa Wakil Présidén bisa dieureunkeun dina mangsa jabatanana ku Majelis Permusyawaratan Rakyat dumasar usul ti Déwan Perwakilan Rakyat, boh mun kabuktian ngalanggar hukum mangrupa ngahianat ka nagara, korupsi, sosogok, tindak pidana beurat lianna, boh milampah codéka, atawa mun kabuktian geus teu nohonan pasaratan deui salaku Présidén jeung/atawa Wakil Présidén. Pasal 7B (1) Usul ngeureunkeun Présidén jeung/atawa Wakil Présidén bisa diajukeun ku Déwan Perwakilan Rakyat ka Majelis Permusyawaratan Rakyat kalawan ti anggalna kudu ngajukeun heula pameredih ka Mahkamah Konstitusi pikeun mariksa, mangadilan, jeung matotoskeun sawangan Déwan Perwakilan Rakyat yén Présidén jeung/atawa Wakil Présidén geus ngalanggar hukum mangrupa hianat ka nagara, korupsi, sosogok, tindak pidana beurat lianna, atawa milampah codéka; jeung/atawa sawangan yén Présidén jeung/atawa Wakil Présidén geus teu nohonan pasaratan deui salaku Présidén jeung/atawa Wakil Présidén. ***) (2) Sawangan Déwan Perwakilan Rakyat yén Présidén jeung/atawa Wakil Présidén geus ngalanggar hukum atawa geus teu nohonan pasaratan deui salaku Présidén jeung/atawa Wakil Présidén téh nyaéta dina raraga ngalaksanakeun fungsi panitén Déwan Perwakilan Rakyat. ***) (3) Ajuan pameredih Déwan Perwakilan Rakyat ka Mahkamah Konstitusi ukur bisa dilaksanakeun upama dirojong ku sakurang-kurangna 2/3 tina jumlah anggota Déwan Perwakilan Rakyat anu hadir dina sidang paripurna nu dihadiran ku sakurang-kurangna 2/3 tina jumlah anggota Déwan Perwakilan Rakyat. ***) (4) Mahkamah Konstitusi wajib mariksa, mangadilan, jeung matotoskeun saadil-adilna kana sawangan Déwan Perwakilan Rakyat paling elat salapan puluh poé ti saprak éta pameredih Déwan Perwakilan Rakyat katarima ku Mahkamah Konstitusi. ***) (5) Upama Mahkamah Konstitusi mutuskeun yén Présidén jeung/atawa Wakil Présidén kabuktian ngalanggar hukum mangrupa ngahianat ka nagara, korupsi, sosogok, tindak pidana beurat lianna, atawa milampah codéka; jeung/atawa kabuktian yén Présidén jeung/atawa Wakil Présidén geus teu nohonan pasaratan salaku Présidén jeung/atawa Wakil Présidén, Déwan Perwakilan Rakyat ngayakeun sidang paripurna pikeun neruskeun usul marénkeun Présidén jeung/atawa Wakil Présidén ka Majelis Permusyawaratan Rakyat. ***) (6) Majelis Permusyawaratan Rakyat wajib ngayakeun sidang pikeun matotoskeun éta usul Déwan Perwakilan Rakyat paling elat tilu puluh poé ti saprak éta usul katarima ku Majelis Permusyawaratan Rakyat. ***) (7) Putusan Majelis Permusyawaratan Rakyat dumasar kana usul marénkeun Présidén jeung/atawa Wakil Présidén kudu dipatotoskeun dina rapat paripurna Majelis Permusyawaratan Rakyat nu dihadiran ku sakurang-kurangna 3/4 tina jumlah anggota kalawan disaluyuan ku sakurang-kurangna 2/3 tina jumlah nu hadir, sabada Présidén jeung/atawa Wakil Présidén dibéré kasempetan pikeun nepikeun pangjéntré dina rapat paripurna Majelis Permusyawaratan Rakyat. ***) Pasal 7C Présidén teu meunang ngabekukeun jeung/atawa ngabubarkeun Déwan Perwakilan Rakyat. ***) Pasal 8 (1) Upama Présidén tilar dunya, eureun, dieureunkeun, atawa teu bisa nohonan kawajibanana dina mangsa kalungguhanana, manéhna diganti ku Wakil Présidén nepi ka béak mangsa kalungguhanana. ***) (2) Dina hal kajadian kakosongan Wakil Présidén, paling elat dina waktu genep puluh poé, Majelis Permusyawaratan Rakyat ngayakeun sidang pikeun milih Wakil Présidén tina dua calon nu diusulkeun ku Présidén. ***) (3) Upama Présidén jeung Wakil Présiden tilar dunya, eureun, dieureunkeun, atawa teu bisa nohonan kawajibanana dina mangsa kalungguhanana sacara babarengan, nu ngalaksanakeun pancén kaprésidénan nyaéta Menteri Luar Negeri, Menteri Dalam Negeri, jeung Menteri Pertahanan sacara babarengan. Paling elat tilu puluh poé ti mangsa harita Majelis Permusyawaratan Rakyat ngayakeun sidang pikeun milih Présidén jeung Wakil Présidén tina dua pasangan calon Présidén jeung wakil Présidén nu diusulkeun ku partéy pulitik atawa gabungan partéy pulitik nu pasangan calon Présidén jeung Wakil Présidénna ngahontal sora panglobana kahiji jeung kadua dina pemilihan umum saméméhna, nepi ka béak mangsa kalungguhanana. ****) Pasal 9 (1) Méméh jeneng dina kalungguhanana, Présidén jeung Wakil Présidén disumpah dumasar agama, atawa ngedalkeun jangji kalawan daria di hareupeun Majelis Permusyawaratan Rakyat jeung Déwan Perwakilan Rakyat saperti kieu: Sumpah Présidén (Wakil Présidén): "Demi Alloh, kaula sumpah baris nohonan kawajiban Présidén Republik Indonésia (Wakil Présidén Republik Indonésia) kalawan sahadé-hadéna jeung saadil-adilna, nyekel pengkuh Undang-Undang Dasar jeung ngalaksanakeun undang-undang katut palaturan kalawan salempeng-lempengna sarta babakti ka Nusa jeung Bangsa." Jangji Présidén (Wakil Présidén): "Kaula jangji, kalawan daria baris nohonan kawajiban Présidén Republik Indonésia (Wakil Présidén Republik Indonésia) kalawan sahadé-hadéna jeung saadil-adilna, nyekel pengkuh Undang-Undang Dasar jeung ngalaksanakeun undang-undang katut palaturan kalawan salempeng-lempengna sarta babakti ka Nusa jeung Bangsa." *) (2) Upama Majelis Permusyawaratan Rakyat atawa Déwan Perwakilan Rakyat teu bisa ngayakeun sidang, Présidén jeung Wakil Présidén disumpah dumasar agama, atawa ngedalkeun jangji kalawan daria di hareupeun Majelis Permusyawaratan Rakyat kalawan disakséni ku pingpinan Mahkamah Agung. *) Pasal 10 Présidén nyekel kakawasaan pangluhurna ti Angkatan Darat, Angkatan Laut jeung Angkatan Udara. Pasal 11 (1) Présidén kalawan kasaluyuan Déwan Perwakilan Rakyat nétélakeun perang, nyieun perdaméyan jeung perjangjian jeung nagara séjén. ****) (2) Présidén dina pasini jangji internasional lianna nu mawa balukar leuwih lega tur rohaka pikeun kahirupan rayat nu patali jeung kauangan nagara, jeung/atawa ngudukeun parobahan atawa nyieun undang-undang kudu kalawan kasaluyuan ku Déwan Perwakilan Rakyat. ***) (3) Katangtuan nu leuwih jéntré perkara pasini jangji internasional diatur ku undang-undang. ***) Pasal 12 Présidén nétélakeun kaayaan bahaya. Pasaratan katut balukarna tina kaayan anu bahaya ditetepkeun ku undang-undang. Pasal 13 (1) Présidén ngangkat duta jeung konsul. (2) Dina perkara ngangkat duta, Présidén ngéstokeun pertimbangan Déwan Perwakilan Rakyat. *) (3) Présidén narima ditempatkeuneunana duta nagara séjén kalawan ngéstokeun pertimbangan Déwan Perwakilan Rakyat. *) Pasal 14 (1) Présidén méré grasi jeung réhabilitasi kalawan ngéstokeun pertimbangan Mahkamah Agung. *) (2) Présidén mere amnésti jeung abolisi kalawan ngéstokeun pertimbangan Déwan Perwakilan Rakyat. *) Pasal 15 Présidén méré gelar, tanda jasa, jeung tanda kahormatan séjénna nu diatur ku undang-undang. *) Pasal 16 Présidén nyieun hiji déwan pertimbangan nu tugasna méré pituah katut pertimbangan ka présidén, nu saterusna diatur dina undang-undang. ****) BAB IV DÉWAN PERTIMBANGAN AGUNG Dipupus. ****) BAB V KEMENTERIAN NAGARA Pasal 17 (1) Présidén dibantu ku menteri-menteri nagara. (2) Éta menteri-menteri téh diangkat jeung dieureunkeun ku Présidén. *) (3) Unggal menteri ngokolakeun urusan nu geus ditangtukeun dina pamaréntahan. *) (4) Ngawangun, ngarobah, jeung ngabubarkeun kamenterian nagara diatur dina undang-undang. ***) BAB VI PAMARÉNTAHAN DAÉRAH Pasal 18 (1) Negara Kesatuan Republik Indonésia dibagi jadi daérah-daérah propinsi sarta éta daérah propinsi téh dibagi jadi kabupatén jeung kota, nu saban-saban propinsi, kabupatén, jeung kota miboga pamaréntahan daérah, nu diatur ku undang-undang. **) (2) Pamaréntah daérah propinsi, daérah kabupatén, jeung kota ngatur jeung ngurusanan sorangan urusan pamaréntahan dumasar asas otonomi jeung pancén pangbantu. **) (3) Pamaréntah daérah propinsi, daérah kabupatén, jeung kota miboga Déwan Perwakilan Rakyat Daérah nu anggotana dipilih dina pemilihan umum. **) (4) Gupernur, Bupati, jeung Walikota masing-masing minangka kapala pamaréntah daérah propinsi, kabupatén, jeung kota nu dipilih sacara demokratis. **) (5) Pamaréntahan daérah ngalaksanakeun otonomi salega-legana, iwal urusan pamaréntahan nu ditangtukeun ku undang-undang minangka urusan Pamaréntah Puseur. **) (6) Pamaréntah daérah miboga hak pikeun netepkeun palaturan daérah jeung palaturan-palaturan lianna pikeun ngalaksanakeun otonomi jeung pancén pangbantu. **) (7) Susunan jeung tata cara ngalaksanakeun pamaréntahan daérah diatur dina undang-undang. **) Pasal 18A (1) Hubungan wewenang antara pamaréntah puseur jeung pamaréntah daérah propinsi, kabupatén, jeung kota atawa antara propinsi jeung kabupatén jeung kota, diatur ku undang-undang kalawan merhatikeun kahususan jeung karagaman daérah. **) (2) Hubungan kauangan, layanan umum, ngamangpaatkeun sumber daya alam jeung sumber daya lianna antara pamaréntah puseur jeung pamaréntah daérah diatur tur dilaksanakeun sacara adil jeung saluyu dumasar undang-undang. **) Pasal 18B (1) Nagara ngangken jeung ngajénan satuan-satuan pamaréntahan daérah nu miboga sifat husus atawa sifatna istiméwa nu diatur ku undang-undang. **) (2) Nagara ngangken jeung ngajénan kana beungkeutan-beungkeutan masyarakat hukum adat sarta hak-hak tradisionalna salila masih aya tur luyu jeung kamekaran masarakat katut prinsip Negara Kesatuan Republik Indonésia, nu diatur dina undang-undang. **) BAB VII DÉWAN PERWAKILAN RAKYAT Pasal 19 (1) Anggota Déwan Perwakilan Rakyat dipilih dina pemilihan umum. **) (2) Susunan Déwan Perwakilan Rakyat diatur ku undang-undang. **) (3) Déwan Perwakilan Rakyat ngayakeun sidang saeutikna sakali dina sataun. **) Pasal 20 (1) Déwan Perwakilan Rakyat nyekel kakawasaan pikeun nyieun undang-undang. *) (2) Saban rarancang undang-undang dipedar ku Déwan Perwakilan Rakyat jeung Présidén pikeun disaluyuan babarengan. *) (3) Upama éta rarancang undang-undang téh teu disaluyuan babarengan, éta rarancang undang-undang téh teu meunang diajukeun deui dina persidangan Déwan Perwakilan Rakyat mangsa éta. *) (4) Présiden nga-sah-keun rarancang undang-undang nu geus disaluyuan babarengan pikeun jadi undang-undang. *) (5) Dina hal rarancang undang-undang anu geus disaluyuan babarengan teu disahkeun ku Présiden dina waktu tilu puluh poé ti saprak éta rarancang undang-undang disaluyuan, éta rarancang undang-undang téh sah jadi undang-undang tur wajib diundangkeun. **) Pasal 20A (1) Déwan Perwakilan Rakyat miboga fungsi législasi, fungsi anggaran, jeung fungsi panitén. **) (2) Dina ngalaksanakeun fungsina, salian ti hak anu diatur dina pasal-pasal lian ti ieu Undang-Undang Dasar, Déwan Perwakilan Rakyat miboga fungsi interpélasi, hak angkét, jeung hak nétélakeun pamadegan. **) (3) Salian hak anu diatur dina pasal-pasal lian ti ieu Undang-Undang Dasar, saban anggota Déwan Perwakilan Rakyat miboga hak ngajukeun pananya, nepikeun usul jeung pamadegan sarta hak imunitas. **) (4) Katangtuan leuwih jéntré perkara hak Déwan Perwakilan Rakyat jeung hak anggota Déwan Perwakilan Rakyat diatur dina undang-undang. **) Pasal 21 Anggota Déwan Perwakilan Rakyat miboga hak ngajukeun usul rarancang undang-undang. *) Pasal 22 (1) Dina hal ihwal kapentingan anu walurat, Présidén miboga hak pikeun netepkeun palaturan pamaréntah minangka gaganti undang-undang. (2) Éta palaturan pamaréntah téh kudu disaluyuan ku Déwan Perwakilan Rakyat dina persidangan nu baris datang. (3) Upama teu disaluyuan, éta palaturan pamaréntah téh kudu dicabut. Pasal 22A Katangtuan leuwih jéntré perkara tata cara nyieun undang-undang diatur ku undang-undang. ** Pasal 22B Anggota Déwan Perwakilan Rakyat bisa dieureunkeun tina kalungguhanana, nu sarat-sarat katut tata carana diatur dina undang-undang. **) BAB VIIA ***) DÉWAN PERWAKILAN DAÉRAH Pasal 22C (1) Anggota Déwan Perwakilan Daérah dipilih ti unggal propinsi dina pemilihan umum. ***) (2) Anggota Déwan Perwakilan Daérah dipilih ti unggal propinsi kalawan jumlahna sarua sarta jumlah kabéhanana éta anggota Déwan Perwakilan Daérah téh teu leuwih ti sapertilu jumlah anggota Déwan Perwakilan Rakyat. ***) (3) Déwan Perwakilan Daérah ngayakeun sidang saeutikna sakali dina sataun. ***) (4) Susunan jeung kalungguhan Déwan Perwakilan Daérah diatur ku undang-undang. ***) Pasal 22D (1) Déwan Perwakilan Daérah bisa ngajukeun ka Déwan Perwakilan Rakyat rarancang undang-undang nu patali jeung otonomi daérah, hubungan puseur jeung daérah, ngokolakeun sumber daya alam jeung sumber daya ékonomi lianna, sarta nu patali jeung pertimbangan kauangan puseur jeung daérah. ***) (2) Déwan Perwakilan Daérah milu medar rarancang undang-undang nu patali jeung otonomi daérah; hubungan puseur jeung daérah; ngokolakeun sumber daya alam jeung sumber daya ékonomi lianna; sarta pertimbangan kauangan puseur jeung daérah; sarta méré pertimbangan ka Déwan Perwakilan Rakyat kana rarancang undang-undang anggaran pendapatan jeung balanja nagara jeung undang-undang nu patali jeung pajeg, atikan, katut agama. ***) (3) Déwan Perwakilan Daérah niténan dilarapkeunana undang-undang perkara: otonomi daérah, nyieun, mekarkeun jeung ngagabungkeun daérah, hubungan puseur jeung daérah, ngokolakeun sumber daya alam jeung sumber daya ékonomi lianna, palaksanaan anggaran jeung pendapatan balanja nagara, pajeg, atikan, jeung agama sarta ngawakcakeun hasil paniténna ka Déwan Perwakilan Rakyat minangka bahan pertimbangan sangkan aya lajuning lakuna. ***) (4) Anggota Déwan Perwakilan Daérah bisa dieureunkeun tina kalungguhanana, kalawan sarat-sarat jeung tata carana diatur dina undang-undang. ***) BAB VIIB ***) PEMILIHAN UMUM Pasal 22E (1) Pemilihan umum dilaksanakeun sacara langsung, umum, bébas, rasiah, jujur, jeung adil saban lima taun sakali. ***) (2) Pemilihan umum digelar pikeun milih anggota Déwan Perwakilan Rakyat, Déwan Perwakilan Daérah, Présidén jeung Wakil Présidén sarta Déwan Perwakilan Rakyat Daérah. ***) (3) Pamilon pemilihan umum pikeun milih anggota Déwan Perwakilan Rakyat sarta anggota Déwan Perwakilan Rakyat Daérah nyaéta partéy pulitik. ***) (4) Pamilon pemilihan umum pikeun milih anggota Déwan Perwakilan Daérah nyaéta pribadi séwang-séwangan. ***) (5) Pemilihan umum diayakeun ku hiji komisi pemilihan umum anu sipatna nasional, tetep, jeung mandiri. ***) (6) Katangtuan leuwih jéntré perkara pemilihan umum diatur ku undang-undang. ***) BAB VIIB ***) HAL KAUANGAN Pasal 23 (1) Anggaran pendapatan jeung balanja nagara minangka wujud tina ngokolakeun kauangan nagara ditetepkeun saban taun ku undang-undang sarta dilaksanakeun sacara bruk-brak tur tanggung jawab pikeun kama'muran rayat. ***) (2) Rarancang undang-undang anggaran pendapatan jeung balanja nagara diajukeun ku présidén pikeun dipedar babarengan jeung Déwan Perwakilan Rakyat kalawan ngéstokeun kamandang Déwan Perwakilan Daérah. ***) (3) Upama Déwan Perwakilan Rakyat teu nyaluyuan rarancang anggaran pendapatan jeung balanja nagara nu diusulkeun ku Présidén, Pamaréntah ngalarapkeun Anggaran Pendapatan jeung Balanja Nagara taun saméméhna. ***) Pasal 23A Pajeg jeung pungutan séjénna nu sipatna maksa pikeun kaperluan nagara diatur ku undang-undang. ***) Pasal 23B Wanda jeung harga mata uang ditetepkeun ku undang-undang. ***) Pasal 23C Hal-hal séjénna nu patali jeung kauangan nagara diatur ku undang-undang. ***) Pasal 23D Nagara miboga bank séntral nu susunan, adeg-adegna, wewenangna, tanggung jawab, jeung indépéndénsina diatur ku undang-undang. ****) BAB VIIB ***) BADAN PEMERIKSA KEUANGAN Pasal 23E (1) Pikeun mariksa dina ngokolakeun sarta tanggung jawab perkara kauangan nagara diayakeun hiji Badan Pemeriksa Keuangan nu bébas tur mandiri. ***) (2) Hasil pamariksaan kauangan nagara dipasrahkeun ka Déwan Perwakilan Rakyat, Déwan Perwakilan Daérah, jeung Déwan Perwakilan Rakyat Daérah, luyu jeung wewenangna. ***) (3) Éta hasil pamariksaan téh lajuning lakuna ku lembaga perwakilan jeung/atawa badan nu luyu jeung undang-undang. ***) Pasal 23F (1) Anggota Badan Pemeriksa Keuangan dipilih ku Déwan Perwakilan Rakyat kalawan ngéstokeun kamandang Déwan Perewakilan Daérah tur diistrénan ku Présidén. ***) (2) Pimpinan Badan Pemeriksa Keuangan dipilih ti jeung ku anggota. ***) Pasal 23G (1) Badan Pemeriksa Keuangan dumukna di ibukota nagara, tur miboga wawakil di saban propinsi. ***) (2) Katangtuan leuwih jéntré perkara Badan Pengawas Keuangan diatur ku undang-undang. ***) BAB IX KAKAWASAAN KAHAKIMAN Pasal 24 (1) Kakawasaan kahakiman mangrupa kakawasaan anu merdika pikeun ngayakeun paradilan geusan nanjeurkeun hukum jeung kaadilan. ***) (2) Kakawasaan kahakiman dilakukeun ku sahiji Mahkamah Agung jeung badan paradilan sahandapeunana di lingkungan paradilan umum, lingkungan paradilan agama, lingkungan paradilan militér, lingkungan paradilan tata usaha nagara, jeung ku Mahkamah Konstitusi. ***) (3) Badan-badan séjén nu fungsina patali jeung kakawasaan kahakiman diatur dina undang-undang. ****) Pasal 24A (1) Mahkamah Agung miboga wewenang mangadilan dina tingkat kasasi, nguji palaturan parundang-undangan sahandapeun undang-undang ka undang-undang, sarta miboga wewenang lianna nu dipasrahkeun ku undang-undang. ***) (2) Hakim agung kudu miboga integritas jeung kapribadian anu tanpa codéka, adil, professional, jeung miboga pangalaman dina widang hukum. ***) (3) Calon hakim agung diusulkeun Komisi Yudisial ka Déwan Perwakilan Rakyat pikeun disaluyuan nu saterusna ditetepkeun salaku hakim agung ku Présidén. ***) (4) Ketua jeung wakil ketua Mahkamah Agung dipilih ti jeung ku hakim agung. ***) (5) Susunan, adeg-adeg, kaanggotaan, jeung hukum acara Mahkamah Agung sarta badan peradilan sahandapeunana diatur ku undang-undang. ***) Pasal 24B (1) Komisi Yudisial sipatna mandiri nu miboga wewenang pikeun ngusulkeun ngangkat hakim agung jeung miboga wewenang lian dina raraga ngajaga jeung nanjeurkeun kahormatan, kaluhungan martabat, sarta paripolah hakim. ***) (2) Anggota Komisi Yudisial kudu miboga pangaweruh jeung pangalaman dina widang hukum sarta miboga integritas jeung kapribadian anu taya codéka. ***) (3) Anggota Komisi Yudisial diangkat jeung dieureunkeun ku Présidén kalawan kasaluyuan Déwan Perwakilan Rakyat. ***) (4) Susunan, adeg-adeg, jeung kaangotaan Komisi Yudisial diatur ku undang-undang. ***) Pasal 24C (1) Mahkamah Konstitusi miboga wewenang pikeun mangadilan dina tingkat munggaran sarta pamungkas anu putusanana sipatna final pikeun nguji undang-undang kana Undang-Undang Dasar, mutus pacéngkadan kawenangan lembaga nagara anu wewenangna dipasrahkeun ku Undang-Undang Dasar, mutus perkara nu ngabengkahkeun partéy pulitik, sarta mutus pacogrégan perkara hasil pemilihan umum. ***) (2) Mahkamah Konstitusi wajib méré putusan dumasar sawangan Déwan Perwakilan Rakyat patali jeung sangkaan palanggaran ku Présidén jeung/atawa Wakil Présidén numutkeun Undang-Undang Dasar. ***) (3) Mahkamah Konstitusi miboga salapan anggota hakim konstitusi nu ditetepkeun ku Présidén, nu diajukeun masing-masing tilu urang ku Mahkamah Agung, tilu urang ku Déwan Perwakilan Rakyat, jeung tilu urang ku Présidén. ***) (4) Ketua jeung Wakil Ketua Mahkamah Konstitusi dipilih ti jeung ku hakim konstitusi. ***) (5) Hakim konstitusi kudu miboga integritas jeung kapribadian anu taya codéka, adil, nagarawan anu ngawasa perkara konstitusi jeung tata nagara, sarta teu ngarangkep salaku pajabat nagara. ***) (6) Ngangkat jeung ngeureunkeun hakim konstitusi, hukum acara sarta katangtuan lianna perkara Mahkamah Konstitusi diatur ku undang-undang. ***) Pasal 25 Sarat-sarat pikeun jadi jeung pikeun dieureunkeun salaku hakim ditetepkeun ku undang-undang. BAB IXA**) WILAYAH NAGARA Pasal 25A ***) Negara Kesatuan Republik Indonésia nyaéta hiji nagara kapuloan anu miboga ciri Nusantara kalawan wewengkon nu wates jeung hakna ditetepkeun ku undang-undang. **) BAB X WARGA NAGARA JEUNG PENDUDUK **) Pasal 26 (1) Nu jadi warga nagara nyaéta jalma-jalma bangsa Indonésia asli jeung jalma-jalma bangsa séjén nu disahkeun ku undang-undang salaku warga nagara. (2) Penduduk nyaéta warga nagara Indonésia jeung jalma asing nu dumuk di Indonésia. **) (3) Hal-hal nu patali jeung warga nagara katut penduduk diatur ku undang-undang. **) Pasal 27 (1) Sakumna warga nagara sarua kalungguhanana di hareupeun hukum jeung pamaréntahan sarta wajib tumut kana éta hukum jeung pamaréntahan kalawan taya iwalna. (2) Saban-saban warga nagara miboga hak kana pakasaban jeung kahirupan anu pantes pikeun kamanusaan. (3) Saban warga nagara miboga hak jeung wajib ilubiung dina tarékah béla nagara. **) Pasal 28 Kamerdikaan ngahiji (nyieun sarékat) jeung pikeun kumpul, ngaluarkeun pamadegan sacara lisan jeung tulisan jeung nu séjénna ditetepkeun ku undang-undang. BAB XA **) HAK ASASI MANUSA Pasal 28A Saban jalma miboga hak pikeun hirup sarta miboga hak pikeun mertahankeun hirup jeung kahirupanana. **) Pasal 28B (1) Saban jalma miboga hak pikeun ngawangun kulawarga sarta neruskeun turunan ku cara kawin anu sah. **) (2) Unggal budak miboga hak pikeun lumangsungna hirup, tumuwuh, jeung mekar sarta miboga hak panangtayungan tina panandasa jeung diskriminasi. **) Pasal 28C (1) Saban jalma miboga hak pikeun mekarkeun diri ku cara nohonan pangabutuh dasarna, miboga hak atikan jeung mangpaat tina élmu pangaweruh jeung téhnologi, seni jeung budaya, geusan ngaronjatkeun ajén hirupna sarta demi karaharjaan umat manusa. **) (2) Saban jalma miboga hak pikeun ngamajukeun dirina dina merjoangkeun hakna sacara babarengan pikeun ngawangun masarakat, bangsa, jeung nagarana. **) Pasal 28D (1) Saban jalma miboga hak kana pangakuan, jaminan, panangtayungan, jeung kapastian hukum nu adil sarta disatatakeun dina hukum. **) (2) Saban jalma miboga hak pikeun kasab sarta narima buruhna tur perlakuan nu adil jeung pantes dina hubungan gawé. **) (3) Saban warga nagara miboga hak pikeun miboga kasempetan nu sarua dina pamaréntahan. **) (4) Saban jalma miboga hak kana status kawarganagaraan. **) Pasal 28E (1) Saban jalma bébas ngagem agama jeung ibadah dumasar agamana, milih atikan jeung pangajaran, milih pakasaban, milih kawarganagaraan, milih tempat dumuk di wilayah nagara jeung ninggalkeunana, sarta miboga hak pikeun balik deui. **) (2) Saban jalma miboga hak kabébasan kayakian kapercayaan, nétélakeun pikiran jeung sikep, luyu jeung haté sanubarina. **) (3) Saban jalma miboga hak kabébasan ngahiji, kumpul, jeung nétélakeun pamadegan. **) Pasal 28F Saban jalma miboga hak pikeun ngayakeun patalimarga sarta meunang informasi pikeun mekarkeun pribadi jeung lingkungan sosialna, sarta miboga hak pikeun néangan, meunang, miboga, nyimpen, ngolah, jeung nepikeun informasi kalawan ngagunakeun sagala rupa saluran nu aya. **) Pasal 28G (1) Saban jalma miboga hak panangtayungan diri pribadi, kulawarga, kahormatan, martabat, jeung harta banda anu dipibogana, sarta miboga hak rasa aman jeung panangtayungan tina ancaman kasieun pikeun migawé atawa teu migawé hiji hal minangka hak asasi. **) (2) Saban jalma miboga hak pikeun bébas tina panyiksa atawa lakuan anu nurunkeun darajat katut martabat manusa jeung miboga hak pikeun meunang suaka pulitik ti nagara séjén. **) Pasal 28H (1) Saban jalma miboga hak hirup raharja lahir batin, miboga padumukan, jeung lingkungan pakumbuhan anu hadé tur séhat sarta miboga hak pikeun meunang layanan kaséhatan. **) (2) Saban jalma miboga hak pikeun digampangkeun/dibabarikeun jeung dibere kasempetan husus pikeun meunang kasempetan jeung mangpaat anu sarua geusan ngahontal persamaan jeung kaadilan. **) (3) Saban jalma miboga hak jaminan sosial anu ngamungkinkeun mekarkeun dirina sacara gembleng salaku manusa anu miboga martabat. **) (4) Saban jalma miboga hak pikeun miboga hak pribadi jeung hak milik nu teu bisa dicokot sagawayah ku saha waé ogé. **) Pasal 28I (1) Hak pikeun hirup, hak pikeun teu disiksa, hak kamerdikaan pikiran jeung haté nurani, hak ngagem agama, hak pikeun teu diperbudak, hak pikeun diaku salaku pribadi dina hukum, jeung pikeun teu ditungtut dumasar hukum anu berlaku surud nyaéta hak asasi manusa anu teu bisa dicocéng dina kaayaan kumaha waé ogé. **) (2) Saban jalma miboga hak bébas tina pamolah diskriminatif dumasar alesan naon waé sarta miboga hak pikeun meunang panangtayungan tina pamolah nu sipatna diskriminatif. **) (3) Idéntitas budaya jeung hak masarakat tradisional diajénan saluyu jeung kamekaran jaman katut paradaban. **) (4) Panangtayungan, ngamajukeun, nanjeurkeun, jeung panohonan hak asasi manusa nyaéta tanggung jawab nagara, utamana pamaréntah. **) (5) Pikeun nanjeurkeun jeung nangtayungan hak asasi manusa saluyu jeung prinsip nagara hukum anu demokratis, ku kituna ngalarapkeun hak asasi manusa dijamin, diatur, jeung diréngkolkeun dina palaturan parundang-undangan. **) Pasal 28J (1) Saban jalma wajib ngajénan hak asasi manusa jalma séjén dina katartiban pajemuhan masarakat, bangsa, jeung nagara. **) (2) Dina ngalaksanakeun hak jeung kabébasanana, saban jalma wajib tumut kana wates-wates nu ditetepkeun ku undang-undang kalawan maksud pikeun ngajamin pangakuan sarta ngajénan hak jeung kabébasan jalma lian jeung pikeun nohonan pameredih nu adil luyu jeung timbangan moral, ajén-inajén agama, kaamanan, jeung katartiban umum dina hiji masarakat anu demokratis. **) BAB XI AGAMA Pasal 29 (1) Nagara dumasar kana Ketuhanan Yang Maha Esa. (2) Nagara ngajamin kamerdikaan saban-saban penduduk pikeun ngagem agamana séwang-séwangan jeung pikeun ibadah nurutkeun agamana jeung kapercayaanana éta. **) BAB XII PERTAHANAN JEUNG KAAMANAN NAGARA **) Pasal 30 (1) Saban warga nagara miboga hak jeung wajib ilubiung dina usaha pertahanan jeung kaamanan nagara. **) (2) Usaha pertahanan jeung kaamanan nagara dilaksanakeun ngaliwatan sistim pamaréntahan jeung kaamanan rayat semesta ku Tentara Nasional Indonésia jeung Kepolisian Negara Republik Indonésia, minangka kakuatan utama, jeung rayat, minangka kakuatan pangrojong. **) (3) Tentara Nasional Indonésia ngawengku Angkatan Darat, Angkatan Laut, jeung Angkatan Udara minangka alat nagara nu tugasna mertahankeun, nangtayungan, jeung ngarumat weuteuhna jeung daulatna nagara. **) (4) Kepolisisan Negara Republik Indonésia minangka alat nagara ngajaga kaamanan jeung katartiban masarakat kalawan pancén nangtayungan, ningtrimkeun, ngaladénan masarakat, sarta nanjeurkeun hukum. **) (5) Susunan jeung adeg-adeg Tentara Nasional Indonésia, Kepolisian Negara Republik Indonésia, hubungan wewenang Tentara Nasional Indonésia jeung Kepolisian Negara Republik Indonésia dina ngajalankeun pancénna, sarat-sarat ilubiung warga nagara dina tarékah pertahanan jeung kaamanan nagara, sarta hal-hal séjén nu patali jeung pertahanan katut kaamanan diatur ku undang-undang. **) BAB XIII ATIKAN JEUNG KABUDAYAAN ****) Pasal 31 (1) Saban warga nagara miboga hak pikeun meunang atikan. ****) (2) Saban warga nagara wajib milu atikan dasar sarta pamaréntah wajib ngawaragadanana. ****) (3) Pamaréntah narékahan jeung ngalaksanakeun hiji sistim atikan nasional, nu ngaronjatkeun kaimanan jeung katakwaan sarta ahlak mulya dina raraga nyalakankeun kahirupan bangsa, nu diatur ku undang-undang. **) (4) Nagara ngutamakeun anggaran atikan sakurang-kurangna dua puluh persén tina anggaran pendapatan jeung balanja nagara sarta tina anggaran pendapatan jeung balanja daérah pikeun nohonan pangabutuh ngayakeun atikan nasional. **) (5) Pamaréntah ngamajukeun élmu pangaweruh jeung téhnologi kalawan ngajungjung luhur ajén-inajén agama jeung persatuan bangsa pikeun kamajuan peradaban sarta karaharjaan umat manusa. ****) Pasal 32 (1) Nagara ngamajukeun kabudayaan nasional Indonésia dina kancah paradaban dunya kalawan ngajamin kabébasan masarakat dina miara jeung mekarkeun ajén-inajén budayana. ****) (2) Nagara ngajénan jeung miara basa daérah minangka budaya nasional. ****) BAB XIX PERÉKONOMIAN NASIONAL JEUNG KARAHARJAAN SOSIAL ****) Pasal 33 (1) Perékonomian disusun minangka usaha babarengan dumasar kana asas kakulawargaan. (2) Cabang-cabang produksi nu penting pikeun nagara sarta anu ngawasa kana hajat balaréa dikawasa ku nagara. (3) Bumi jeung cai katut kakayaan alam nu aya dijeroeunana dikawasa ku nagara kalawan digunakeun sagedé-gedéna pikeun kama'muran rayat. (4) Perékonomian nasional dikokolakeun dumasar kana demokrasi ékonomi kalawan prinsip barjamaah, éfisiénsi nu adil, aya lajuning lakuna, maké wawasan lingkungan, mandiri, sarta ngajaga kasaimbangan kamajuan jeung kasatuan ékonomi nasional. ****) (5) Katangtuan leuwih jéntré perkara palaksanaan ieu pasal diatur dina undang-undang. ****) Pasal 34 (1) Pakir miskin jeung barudak nu barongkéakan diurus ku nagara. ****) (2) Nagara mekarkeun sistim jaminan sosial pikeun sakumna rayat jeung ngabelejagkeun masarakat anu héngkér sarta teu mampuh luyu jeung martabat kamanusaan. ****) (3) Nagara miboga tanggung jawab pikeun nyayagikeun fasilitas layanan kaséhatan jeung fasilitas layanan umum anu pantes. ****) (4) Katangtuan leuwih jéntré perkara palaksanaan ieu pasal diatur dina undang-undang. ****) BAB XV BANDÉRA, BASA, JEUNG LAMBANG NAGARA, SARTA LAGU KABANGSAAN **) Pasal 35 Bandéra Nagara Indonésia nyaéta Sang Mérah Putih. Pasal 36 Basa nagara nyaéta basa Indonésia Pasal 36A Lambang Nagara nyaéta Garuda Pancasila kalawan semboyan Bhinéka Tunggal Ika. **) Pasal 36B Lagu kabangsaan nyaéta Indonésia Raya. **) Pasal 36C Katangtuan leuwih jéntré perkara Bandéra, Basa, jeung Lambang Nagara, sarta Lagu Kabangsaan diatur ku undang-undang. **) BAB XVI PAROBAHAN UNDANG-UDANG DASAR Pasal 37 (1) Usul parobahan pasal-pasal Undang-Undang Dasar bisa diagéndakeun dina sidang Majelis Permusyawaratan Rakyat upama diajukeun ku sakurang-kurangna 1/3 tina jumlah anggota Majelis Permusyawaratan Rakyat. ****) (2) Saban usul parobahan pasal-pasal Undang-Undang Dasar diajukeun sacara tinulis tur bagian anu diusulkeun pikeun dirobah téh dituduhkeun kalawan écés binarung alesanana. ****) (3) Pikeun ngarobah pasal-pasal Undang-Undang Dasar, sidang Majelis Permusyawaratan Rakyat dihadiran ku sakurang-kurang 2/3 tina jumlah anggota Majelis Permusyawaratan Rakyat. ****) (4) Putusan pikeun ngarobah pasal-pasal Undang-Undang Dasar dilakukeun kalawan kasaluyuan sakurang-kurangna lima puluh persén ditambah hiji anggota tina sakumna anggota Majelis Permusyawaratan Rakyat. ****) (5) Husus perkara wangun Negara Kesatuan Republik Indonésia teu bisa dirobah. ****) ATURAN PERALIHAN Pasal I Sagala palaturan parundang-undangan nu aya masih tetep dipaké/laku saméméh dijieun nu anyar dumasar ieu Undang-Undang Dasar. ****) Pasal II Sakumna lembaga nagara nu aya masih tetep miboga fungsi salila pikeun ngalaksanakeun katangtuan Undang-Undang Dasar sarta can dijieun nu anyar dumasar ieu Undang-Undang Dasar. ****) Pasal III Mahkamah Konstitusi diadegkeun saelat-elatna dina 17 Agustus 2003 sarta saméméh ngadeg sagala wewenangna dilakukeun ku Mahkamah Agung. ATURAN TAMBAHAN Pasal I Majelis Permusyawaratan Rakyat dipapancénan pikeun niténan matéri jeung status hukum Ketetapan Majelis Permusyawaratan Rakyat Sementara jeung Ketetapan Majelis Permusyawaratan Rakyat pikeun nyieun putusan dina Sidang Majelis Permusyawaratan Rakyat taun 2003. ****) Pasal II Ku ditetepkeunana parobahan ieu Undang-Undang Dasar, Undang-Undang Dasar Negara Republik Indonésia Taun 1945 diwuwuh ku Pembukaan jeung pasal-pasal. ****) *) : Parobahan Kahiji **) : Parobahan Kadua ***) : Parobahan Katilu ****) : Parobahan Kaopat mj http://geocities.com/mangjamal Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

