|
Aya dongeng deui ....
Sabab rada wegah kudu kaluar lamun deuk
shalat, sanajan teu pati jauh, da ka lantai tujuh ...
Tur kabeneran tempat diuk teh rada di
juru, atuh aya oge dapur leutik, aya wastafel bisa dipake wudu, kuring sok
shalat di rohangan. Babaturan lab nu urang Jepang sigana merhatikeun, terus
manehna sok nempo jam lamun kuring shalat teh... Manehna nanya, naon cenah
unggal jam sakitu sok kajuru, nya ku kuring dibejakeun eta teh shalat jeung
saterusna .. manehna unggeuk..
Hiji waktu, sabab kagok, kuring anteng
hareupeun komputer, manehna ujug-ujug nunjuk kana jam, kuring oge nempo kana
jam, terus neruskeun deui gawe, manehna nunjuk deui ... ah meureun keur
nyaruakeun jamna ... kuring anteng we ... teu lila manehna ngadeukeutan, bari
pok mun dina basa sunda mah, jam sakieu biasa sok shalat, ayeuna geus liwat
30 menit cenah .. kuring era parada ...
Biasana kuring sok mawa bekel, da rada
wegah ku kaluar ka kantin, keur mah rada jauh oge teu pati loba pilihan. Waktuna
dahar beurang kadangkala babarengan di rohangan jeung babaturan. Basa bulan
puasa, kuring teu mawa bekel, poe mimiti mah babaturan lab teu pati merhatikeun,
meunang tilu poe maranehna nanya, naha teu mawa bekel ? nya dijelaskeun keur
puasa jeung saterusna ... poe isukna, maranehna teu ngan rek dahar, dina mejana
oge euweuh inuman-inuman acan, basa ku kuring ditanya jawabna teh teu hade cenah
milaraan babaturan ...
budhi
kurono kopo 241
__._,_.___ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required) Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe __,_._,___ |
- Re: [Urang Sunda] Re: Dongeng dari Jepang Budhi Setiawan
- Re: [Urang Sunda] Re: Dongeng dari Jepang Tito Suryana
- Re: [Urang Sunda] Re: Dongeng dari Jepang maman durahman

