----- Original Message -----
Sent: Friday, September 15, 2006 4:09
PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Dongeng
dari Jepang
Aya dongeng deui ....
Sabab rada wegah kudu kaluar lamun deuk
shalat, sanajan teu pati jauh, da ka lantai tujuh ...
Tur kabeneran tempat diuk teh rada di
juru, atuh aya oge dapur leutik, aya wastafel bisa dipake wudu, kuring sok
shalat di rohangan. Babaturan lab nu urang Jepang sigana merhatikeun, terus
manehna sok nempo jam lamun kuring shalat teh... Manehna nanya, naon cenah
unggal jam sakitu sok kajuru, nya ku kuring dibejakeun eta teh shalat jeung
saterusna .. manehna unggeuk..
Hiji waktu, sabab kagok, kuring anteng
hareupeun komputer, manehna ujug-ujug nunjuk kana jam, kuring oge nempo kana
jam, terus neruskeun deui gawe, manehna nunjuk deui ... ah meureun keur
nyaruakeun jamna ... kuring anteng we ... teu lila manehna ngadeukeutan, bari
pok mun dina basa sunda mah, jam sakieu biasa sok shalat, ayeuna geus
liwat 30 menit cenah .. kuring era parada ...
Biasana kuring sok mawa bekel, da rada
wegah ku kaluar ka kantin, keur mah rada jauh oge teu pati loba pilihan.
Waktuna dahar beurang kadangkala babarengan di rohangan jeung babaturan. Basa
bulan puasa, kuring teu mawa bekel, poe mimiti mah babaturan lab teu pati
merhatikeun, meunang tilu poe maranehna nanya, naha teu mawa bekel ? nya
dijelaskeun keur puasa jeung saterusna ... poe isukna, maranehna teu ngan rek
dahar, dina mejana oge euweuh inuman-inuman acan, basa ku kuring ditanya
jawabna teh teu hade cenah milaraan babaturan ...
budhi