Kuringmah bati kabita wae ari ningali postingan siga kieu teh. Rumasa bangsa urangmah masih jauh ka kitu teh. Ari konsepnamah geus tibareto aya. Cuman prak-prakanana nu acan. Karek sebagain bangsa Indonesia nu ngamalkeun. Sebagian besar atawa sebagian kecil????

Konsep ti Indonesia aya Pacasila tur Pedoman Penghayatan dan Pangamalan Pancasila.

Konsep di bangsa sunda komo leuwih loba (silih asah silih asih silih asuh, .......)


On 15/09/06, Tito Suryana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

dugi ka kitu nya eta bangsa batur toleran pisan...
----- Original Message -----
Sent: Friday, September 15, 2006 4:09 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Dongeng dari Jepang

Aya dongeng deui ....
 
Sabab rada wegah kudu kaluar lamun deuk shalat, sanajan teu pati jauh, da ka lantai tujuh ...
 
Tur kabeneran tempat diuk teh rada di juru, atuh aya oge dapur leutik, aya wastafel bisa dipake wudu, kuring sok shalat di rohangan. Babaturan lab nu urang Jepang sigana merhatikeun, terus manehna sok nempo jam lamun kuring shalat teh... Manehna nanya, naon cenah unggal jam sakitu sok kajuru, nya ku kuring dibejakeun eta teh shalat jeung saterusna .. manehna unggeuk..
 
Hiji waktu, sabab kagok, kuring anteng hareupeun komputer, manehna ujug-ujug nunjuk kana jam, kuring oge nempo kana jam, terus neruskeun deui gawe, manehna nunjuk deui ... ah meureun keur nyaruakeun jamna ... kuring anteng we ... teu lila manehna ngadeukeutan, bari pok mun dina basa sunda mah, jam sakieu biasa sok shalat, ayeuna geus liwat 30 menit cenah .. kuring era parada ... 
 
Biasana kuring sok mawa bekel, da rada wegah ku kaluar ka kantin, keur mah rada jauh oge teu pati loba pilihan. Waktuna dahar beurang kadangkala babarengan di rohangan jeung babaturan. Basa bulan puasa, kuring teu mawa bekel, poe mimiti mah babaturan lab teu pati merhatikeun, meunang tilu poe maranehna nanya, naha teu mawa bekel ? nya dijelaskeun keur puasa jeung saterusna ... poe isukna, maranehna teu ngan rek dahar, dina mejana oge euweuh inuman-inuman acan, basa ku kuring ditanya jawabna teh teu hade cenah milaraan babaturan ...
 
budhi

__._,_.

--
Wasalam,
Durahman __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke