On 9/16/06, netta fahad <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
__._,_.___
Cool Pisan euy, UUD 1945 Versi Sundanese Language.
Tapi Aya sabaraha kecap nu rada aneh,misal:
1. Karapihan abadi
===> sigana kecap "karapihan" di dieu, anu ngarupakeun tarjamahan tina "perdamaian", bisa ditarjamahkeun jadi : "katengtreman". Anapon kecap "abadi" bisa oge diganti ku kecap "langgeng". Jadi: perdamaian abadi -->katengtreman anu langgeng
2. hiji kaadilan sosial
===> asana kalimah anu ieu mah tos nyukupan.
Nilik ti ieu tarjamah UUD 1945, Geuning Basa Sunda teh
teu tiasa nerjemahkeun Kecap Malayu secara langsung
(per"kata"),da seueur nu teu aya "padanannya" di Kecap
Sunda. mangka kapaksa kedah ditarjamahken tanpa
perubahan atau dijelaskan ku dua kecap Sunda atanapi
langkung.
===>Sapuk. Ugeran dasarna mah narjamahkeun teh teu bisa nuturkeun aturan hiji kecap-hiji tarjamahan. Kudu diilo heula runtuyan kalimahna jeung naon maksudna, karek ditarjamahkeun. Sok sanajan kitu, hasilna bisa wae siga beunang narjamahkeun kecap hiji-hiji. Tapi, bisa oge aya tarjamahan anu lamun diparokeun moal nurub kecap kana kecap sagembelngna.
Oge sapuk, yen aya sababarah aturan nyieun kecap dina basa Indonesia anu teu bisa ditarjamahkeun kitu bae kana basa Sunda. Upama, awalan "ber" dina basa Indonesia eta teu aya papadanana dina basa Sunda. Beradil, upamana, susah lamun rek ditarjamahkeun kana basa Sunda make aturan "kudu sakecap". Pikeun awal "ber" ieu, mungkin kecap "nyangking", "mibanda", atawa "miboga" bisa dipake. Jadi, upamana, kecap "berkeadilan" ditarjamahkeun jadi "nyangking kaadilan", atawa "mibanda kaadilan", atawa "miboga kaadilan". Kukituna, tarjamahan teh tina sakecap jadi dua kecap.
misalna:
1. Persatuan = apakah kahijian,kasatuan,Pasatuan
===> Ti abah Surya: kecap saperti "persatuan" tiasa diserep jadi basa Sunda oge (patali, siga awalan "ber", teu aya basa Sunda pikeun tarjamahan kecap-kecap dina basa Indonesia anu make awalan "per")
atanapi kamanunggalan???
===>Memang bisa digunakeun, tapi larapana kecap "manunggal" dina lebah dieu geus eleh populer ku kecap "persatuan". Anu kaduana, kecap manunggal mah ngandung maksud "ngahiji" dina tataran non-fisik (pangarti kuring ieu mah, duka anu saleresena mah).
2.peri- = teu aya kecap Sunda na
===> Asana kudu aya. Upama nitenan kecap "perilaku", lain bisa ditarjamahkeun jadi "tingkah laku" atawa "laku lampah"? Sok sanajan kitu, asana teu bisa lamun nandeskeun yen tarjamahan kecap "peri" teh sarua jeung "tingkah" atawa ...."lampah". Sigana, kecap "peri" kaasup anu teu bisa dipisahkeun dina narjamahkeunana. Conto sejen: peribahasa, peri kehidupan". Kukituna, narjamahkeun kecap "peri" gumantung kana kecap anu dianteurkeunana: peribahasa-->paribasa, peri kehidupan-->unak-anik kahirupan. Bener, kumaha rasa basana.
3. beradab = baradab ??
==> Anu jelas, tarjamahan "baradab" pikeun kecap dina basa Indonesia "beradab" teu keuna, jauh pisan (kajaba salah nulis, anu sabenerna mah "beradab, alias teu aya bedana atawa jadi kecap serepan dina basa Sunda).
4. Permusyawaratan/Perwakilan =
Pamusyawarahan/Pawakilan??
===> Asana geus bener tarjamahan teh. Urang bae anu can biasa ngareungeuna.
5. cita-cita= angen-angen (angan-angan?)
===>angen-angen teu sarua jeung "angan-angan" (dina basa Indonesia). Keur kuring mah tarjamahan "angen-angen" pikeun kecap basa Indonesia "cita-cita" geus bener. Upama henteu, "cita-cita" oge rarasaan mah geus jadi kecap dina basa Sunda.
6. Undang-undang= aya istilah Basa Sundana teu nya??
==>Undang-undang geus jadi basa Sunda oge. Lamun dipaksakeun neangan tarjamahan sejenna jadi moal keuna.
salam,
manAR
--- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Draft tarjamahan UUD 1945 Basa Sunda
>
> UNDANG-UNDANG DASAR NAGARA REPUBLIK INDONÉSIA
> TAUN 1945
>
> BUBUKA
>
> (P r e a m b u l e)
>
>
> Saéstuna kamerdikaan téh hak sakumna bangsa, ku
> kituna, rupaning
> penjajahan di saalam dunya kudu dimusnahkeun, alatan
> teu luyu jeung
> peri-kamanusaan katut peri-kaadilan.
> Sarta perjoangan pagerakan kamerdikaan Indonésia
> geus cunduk kana wanci nu
> mustari kalawan berekah salamet nganteurkeun rayat
> Indonésia ka gapura
> kamerdikaan Nagara Indonésia, nu merdika, ngahiji,
> ngawasa, adil, jeung
> ma'mur.
> Ku berekahna rahmat Allah Nu Maha Kawasa sarta
> dijurung ku angen-angen anu
> luhung, sangkan kahirupan kabangsaan nu bébas, ku
> kituna dina ieu hal
> rayat Indonésia nétélakeun kamerdikaanana.
> Saterusna ti éta pikeun ngawangun hiji Pamaréntahan
> Nagara Indonésia nu
> nangtayungan sakumna bangsa Indonésia katut sakumna
> séké sélér Indonésia
> tur pikeun ngamajukeun karaharjaan umum,
> nyalakankeun kahirupan bangsa,
> sarta ilubiung dina ngalaksanakeun katartiban dunya
> anu dumasar kana
> kamerdikaan, karapihan abadi jeung kaadilan sosial,
> ku kituna disusun éta
> Kamerdikaan Kabangsaan Indonésia téh dina hiji
> Undang-Undang Dasar Nagara
> Indonésia, nu diwangun dina hiji susunan Nagara
> Republik Indonésia nu
> rayatna miboga kakawasaan kalawan dumasar kana
> Kapangéranan Nu Maha
> Tunggal, Kamanusaan nu adil jeung baradab, Persatuan
> Indonésia sarta
> Karahayatan nu dipingpin ku hikmah kawijaksanaan
> dina
> Pemusawarahan/Perwakilan, sarta ku ngawujudkeun hiji
> Kaadilan sosial
> pikeun sakumna rayat Indonésia.
>
>
>
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
__,_._,___

