Maca koran poe ieu, cenah Jenderal Sonthi Boonnyaratglin, nu
ngagulingkeun PM Thailand, Thaksin, agamana Islam. Rada kerung
oge maca ieu warta, sabab di Thailand urang Muslimna ngan 4% ti
populasi, da seuseurna agamana Budha. Kitu oge konsentrasina aya
di kidul, deukeut tapel wates jeung Malaysia.

Di Thailand, nu kawasa pisan mah sabenerna Raja. Sagala ucapan
Raja ditarurut ku Rakyatna. Rakyat hormat pisan ka Raja. Waktu
kudeta tahun 1985, kabeneran kuring keur diditu, nu kudeta teu
disaluyuan ku Raja. Eta kudeta umurna ngan ukur tilu poe. Sang
Kolonel nu ngudeta jeung PM nu dikudeta, alandeprok payuneun raja
bari acong-acongan nyembah. Sang KOlonel diusir ka Luar Negeri,
PM nu dikudeta tetep kawasa. Thailand aman deui, jiga euweuh
nanaon.

Beda jeung ayeuna, kudeta ieu sigana disaluyuan ku Raja. Jendral
Sonthi cenah mah deukeut pisan jeung raja. Raja Budha ngahiji
jeung jendral Muslim, ngagulingkeun pangawasa nu oge pangusaha
jegug jeung sigana mah katurunan Tiong Hwa. Di Thailand beda
jeung di urang, Urang Tiong Hwa ngahiji jeung urang pribumi, teu
bisa dibedakeun. Aya sababaraha PM Thailand nu katurunan Tiong
Hwa. Malah lamun teu salah mah, aya PM Thailand istrina teh urang
Bogor katurunan Tiong Hwa. Atuh waktu ka Indonesia istri sang PM
teh disuguhan beuleum peuteuy ku Jendral Edy Sudrajat ....

Baktos,
WALUYA




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke