Hanjakal kuring teu bisa ningali fotona. Tapi sigana leres ceuk kang Dudi, 
saleresna sanes bentangna nu pindah, tapi bumina anu muter. Anologina sareng 
panonpoe. Panonpoe pan "siga" muter, mucunghul ti beulah wetan titeuleum ti 
beulah kulon. Tapi eta ukur rarasaan, padahal bumi anu muter. Ieu mah lir 
ibarat urang tutumpakan, contona lamun tumpak Kareta Api heug ningali 
kaluar, pan  tiang telepon jeung tatangkalan nu kaciri "lalumpatan" teh.

Dina astronomi aya peta bentang di langit. Peta bentang ieu gumantung kana 
waktu (jam/ bulan) sareng posisi nu ningali (lintang sareng Bujur). Bentang 
sami jeung panonpoe, posisi di langit gumantung kana waktu jeung posisi nu 
ningali. Contona panonpoe ayeuna di bulan September keur aya di "kaler" 
upami urang aya di Khatulistiwa. Tapi upama urang di Kutub, panonpoe 
mucunghul terus di musim panas (beurang terus), jeung teu nolol-nolol di 
musim tiis (peuting terus).

Upami katarik? mangga tatanggahan ka langit. Tingali Venus jeung Mars 
(sanajan ieu laen bentang tapi planet, tapi keun we da sarua benda langit). 
Venus nu paling jelas mah. Venus aya jadwalna. Lamun pas jadwal, Venus sok 
miheulaan katingali memeh panonpoe titeuleum palih wetan. Upami subuh Venus 
sok katingali di palih kulon. Mars oge sami ( warnana paling beureum). Upami 
bentang (tiasa dibedakeun tina cahayana, bentang mah kikiceupan, ari planet 
mah henteu) tingali gugus bentang tujuh (bentukna tiasa ditingali dina obat 
puyer  bentang tujuh). Ayana gugus bentang tujuh di beulahan langit beulah 
kaler. Gugus bentang tujuh, sok dianggo nanggtukeun arah kaler. Posisi gugus 
bentang tujuh di langit, teu sami tiap jamna.

Ari di beulahan langit palih kidul mah, aya nu disebat gugus bentang salib 
(tambah, positif). Gugus bentang salib sok dianggo nangtukeun arah kidul. 
Upami nu tos apal, gugus bentang ieu posisina rada nyerong ka wetan, lamun 
sore keneh, tapi ka subuhna keun, rada nyerong ka kulon.

Patani di urang oge sakapeung sok ngagunakeun bentang, keur tatanen. Gugus 
bentangna teh disebut bentang wuluku. Ngan kuring teu apal kumaha carana. 
Aya nu terang?

Baktos,
WALUYA
[Tara nempo deui bentang, Bandungna baranang ku lampu]

---- Original Message ----- 
From: Dudi Herlianto
To: [email protected]
Sent: Tuesday, September 26, 2006 7:58 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] motret bentang


kang maman rek ngarahul ah,
andi, babaturan kuring, jeung kuring basa neangan sangu keur saur peuting 
kamari hoghag ngeunaan bentang. teu kudu dicaritakeun meureun hoghagna mah. 
ngan cek mas andi (kabeneran uj saluhureun) cenah, incahna bentang ti hiji 
titik bisa nepi ka opat poena. meureun lamun urang ngatur shuter speed ukur 
nepi ka 10 jam mah gerakan muter nu karingali teh jigana pangaruh rotasi 
bumi dina porosna lain garis edar bentang.




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke