|
Kang Rachmat oge baraya sadaya
....
Carita kuring meunang nyundakeun tur
ngedit ti babaturan nu geus leuwih lila di Jepun .. tapi dasar rasa sarua jeung
nu kaalaman ku kuring. Teu pisan-pisan ngajejeleh budaya sorangan, da budaya
Sunda upamana oge loba hadena. Undak usuk basa lamun dipake kalayan bener
upamana, asa kacida genahna mun asup ka toko terus balanja, nu ngaladangan make
Basa Sunda lemes tea, ieu nu kapanggih dina kahirupan sapopoe urang Jepang,
ngahormat ka pelanggan.
Saperti dina surelek kuring ngeunaan
reinkarnasi, kuring ngan sakadar kasieunan, loba warisan budaya urang nu
leungit, sabab cenah paketrok jeung agama, siga kasus leuweung kolot di lembur
kuring, Asana kasus siga kieu oge kajadian di tempat sejen.
Naha keur nembongkeun "iman" urang teh
kudu ku cara maksakeun ka batur ? Siga dina surelek ti Bah Willy, nu ngalarang
restoran buka ti beurang bari terus dirazia, meureun ieu kaleuleuwihi, kunaon
bisa bet kitu ? mangga kang Rachmat nu langkung ahli na diantos pedaranana.
Sabab kuring ningali ti luar, beuki dieu, asana beuki loba perda utamana, nu
nga-atasnamakeun sareat Islam, tapi dina prak-prakkannana, asa beuki teu
Islami.
Neda tawakupna upami basa kuring matak
nyungkelit kana ati tugenah kana manah.
baktos
budhi
kurono kopo 241
----- Original Message -----
Sent: Friday, September 29, 2006
10:12 AM
Subject: Re: [Urang Sunda]
puasa...multikulturalisme
Pami teu lepat mah, carita di handap teh mani asa sami jeung
carita anu katampi ku kuring ti babaturan, tapi dina basa Indonesia, tapi
seting/tempatna jelas nyaeta di Jepang, pangalaman puasana anu ka sapuluh
kalina.
aya "konsep berpikir" anu kaliru dina carita di handap. Anu
nyampurkeun ajaran agama jeung adat kabiasaan (budaya setempat), ngagulkeun
budaya sejen, ngajejeleh budaya "hingar bingar"na suasana puasa di nagri
urang. Kasimpulan sakedapan mah, anu ngadongeng carita teh heunteu pati
apal pisan kana kaayaan "keberagaman budaya" atawa multikulturalisme
tea. Ari perkara sok aya sabagian ti urang anu tingkah lakuna
kaleuleuwihi, eta mah hiji hal sejen deui perlu aya bahasan husus. Anu
paling penting mah, kumaha urang narima ayana hal anu beda, kalawan jembar
ati. Sabab perbedaan teh pan hiji rahmat (tapi
lain rachmatrawyani)ti Gusti Anu Maha
Suci.
baktos,
mrachmatrawyani
--- Budhi Setiawan <urangciamisjp@yahoo.co.jp>
wrote:
> Puasa taun ieu, puasa kaopat kalina keur kuring di >
ieu nagara nu kaasup > nagara muslim minoritas. Puasa di dieu beda
jeung > puasa lembur, taya sora nu > leuwih rame nu ngaji di
masigit saperti dina > bulan-bulan biasa, taya oge nu > rame keur
ngahudangkeun pikeun saur. Masing-masing > ngatur waktu keur shalat,
> saur atawa keur buka nu jadwalna meunang ngunduh ti >
internet. > > Atuh ti pamarentah oge taya "semboyan"
atawa > spanduk-spanduk nu kadangkala > pagede-gede nu tulisan
"Hormatilah orang berpuasa". > Nu apaleun keur puasa, > salian ti
muslim, ngan babaturan di lab, di luar eta > kantin sakola tetep
> buka, tempat judi tempat buka, nu jual sake tur bir > taya nu
tutup, pon kitu > deui "tempat hiburan malam" angger buka, taya
nu > ngadadak tutup pedah bulan > puasa. > > Salaku
minoritas, nu rame ngan di masjid atawa > tempat-tempat nu ngadadak
> dijadikeun keur tempat taraweh, teu perlu speaker > keur
ngumumkeun sangkan > buru-buru datang, masing-masing ngatur dirina
tea. > Taya nu ngarasa kaganggu > ku angger dibuka "tempat
maksiat", alesanna unggal > poe oge teu pernah datang > ka eta
tempat hiburan. > > Ras inget ka lembur, mun bulan puasa
"tempat > hiburan" kudu tutup, atuh > restoran kantin jeung
tempat-tempat nu nyadiakeun > dahareun oge kudu tutup, > tujuanna
ngarah nu puasa teu kaganggu. Lebah mana > ngaganggu, lebeng teu
> kaharti ku akal kuring, naha urang bisa kagoda mun > nempo
batur dahar > beurang-beurang di hareupeun
?
__________________________________________________ Do
You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
__,_._,___
|