Pami teu lepat mah, carita di handap teh mani asa sami jeung carita anu katampi ku kuring ti babaturan, tapi dina basa Indonesia, tapi seting/tempatna jelas nyaeta di Jepang, pangalaman puasana anu ka sapuluh kalina.
aya "konsep berpikir" anu kaliru dina carita di handap. Anu nyampurkeun ajaran agama jeung adat kabiasaan (budaya setempat), ngagulkeun budaya sejen, ngajejeleh budaya "hingar bingar"na suasana puasa di nagri urang. Kasimpulan sakedapan mah, anu ngadongeng carita teh heunteu pati apal pisan kana kaayaan "keberagaman budaya" atawa multikulturalisme tea. Ari perkara sok aya sabagian ti urang anu tingkah lakuna kaleuleuwihi, eta mah hiji hal sejen deui perlu aya bahasan husus. Anu paling penting mah, kumaha urang narima ayana hal anu beda, kalawan jembar ati. Sabab perbedaan teh pan hiji rahmat (tapi lain rachmatrawyani)ti Gusti Anu Maha Suci. baktos, mrachmatrawyani --- Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Puasa taun ieu, puasa kaopat kalina keur kuring di > ieu nagara nu kaasup > nagara muslim minoritas. Puasa di dieu beda jeung > puasa lembur, taya sora nu > leuwih rame nu ngaji di masigit saperti dina > bulan-bulan biasa, taya oge nu > rame keur ngahudangkeun pikeun saur. Masing-masing > ngatur waktu keur shalat, > saur atawa keur buka nu jadwalna meunang ngunduh ti > internet. > > Atuh ti pamarentah oge taya "semboyan" atawa > spanduk-spanduk nu kadangkala > pagede-gede nu tulisan "Hormatilah orang berpuasa". > Nu apaleun keur puasa, > salian ti muslim, ngan babaturan di lab, di luar eta > kantin sakola tetep > buka, tempat judi tempat buka, nu jual sake tur bir > taya nu tutup, pon kitu > deui "tempat hiburan malam" angger buka, taya nu > ngadadak tutup pedah bulan > puasa. > > Salaku minoritas, nu rame ngan di masjid atawa > tempat-tempat nu ngadadak > dijadikeun keur tempat taraweh, teu perlu speaker > keur ngumumkeun sangkan > buru-buru datang, masing-masing ngatur dirina tea. > Taya nu ngarasa kaganggu > ku angger dibuka "tempat maksiat", alesanna unggal > poe oge teu pernah datang > ka eta tempat hiburan. > > Ras inget ka lembur, mun bulan puasa "tempat > hiburan" kudu tutup, atuh > restoran kantin jeung tempat-tempat nu nyadiakeun > dahareun oge kudu tutup, > tujuanna ngarah nu puasa teu kaganggu. Lebah mana > ngaganggu, lebeng teu > kaharti ku akal kuring, naha urang bisa kagoda mun > nempo batur dahar > beurang-beurang di hareupeun ? __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

