Sok sanajan kuring lain urang Garut oge, rek miluan urun rembug ah.
Kunaon nya teu sabit-sabit oge masalah pendidikan. Apanan pendidikan teh salah sahiji cara pikeun ngaronjatkeun SDM, masarakat Garut hususna atuh umumna mah masarakat Indonesia. Minangka mantan akademisi, kuring mah nitip saran we, punten masalah pendidikan oge diperhatoskeun...!!


Baktos,
OTA



"kumincir" <[EMAIL PROTECTED]>
Sent by: [email protected]

10/04/2006 10:51 PM

Please respond to
[email protected]

To
"Kusnet" <[email protected]>
cc
"ucep wahyudin" <[EMAIL PROTECTED]>
Subject
[Urang Sunda] garut pangirutan





Kang Ucép, ngabagéakeun kana seja tandangna salira, nya kaleresan baé ieu mah, aya sababaraha hal anu hayang ditepikeun ngeunaan Garut. Panginten, ieu gé aya patalina sareng konsép udagan anu badé dirarancang (atawa atos?) ku salira (sakumaha anu kaaos di loka/situs salira).

1. Ngajadikeun Garut salaku kabupatén anu beresih/bébas tina rupa-rupa prakték KORUPSI

Naon kira2na tar ékah anu dijalankeun pikeun ngahontal ieu udagan, mangkaning masalah korupsi téh geus ngajiret birokrasi di urang
?

2.  Garut jadi kabupatén nu panghareupna dina ngalarapkeun téhnologi informasi

Naon anu dipiharep ku salira tina dilarapkeunana t
éhnologi informasi sahingga bisa ngamajukeun masarakat Garut? Kuring pribadi mah sok sképtis mun ngadéngé kekecapan nu maké émbohan "pang-" téh...

3.  Mertahankeun Garut salaku Kota Santri

Leres kitu Garut téh Kota Santri? Ditilik ti mana sawangan kitu t éh?


4.  Ngaronjatkeun pangala per kapita masarakat Garut

Atuh ieu mah umum teuing. Cikan, manawi tiasa dipedar, kumaha carana tiasa ngaronjatkeun pangala (leres kitu?) urang Garut t éh? Ari kalolobaan masarakat Garut pangupajiwana dina widang naon? Tani, dagang, industri, atanapi naon? Naon kira2na anu bakal diprioritaskeun ku salira? Kumaha carana ngaronjatkeun hasil éta prioritas?


5.  Ngalempangkeun jalur aksés ka puseur pamaréntahan

Maksadna jalur aksés ka puseur pamar éntahan téh nu mana? Ti Garut ka luhur atanapi ti masarakat Garut ka Pamar éntah Garut? Aksés nu dimaksad téh aks és naon? Ngalemesan/ngalegaan jalan, nyieun sasak, atawa muka jalur aspirasi ti masarakat ka Pamaréntah?

Asa teu ningal disabit2na masalah lingkungan. Kumaha numutkeun Kang Uc ép?


Sakitu ba
é heula.

--
sikandar

kumincir.blogspot.com
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke