Ah, persoalan gampil etamah kang.  “Bidadari”  memang kangge pemeget di surga, kangge istri namina WILDAN, alias bidadari pameget?

Clear kan?  Piraku Alloh teu adil, teu ngemutan anu kieu.

 

Kitu sanes?

Sok lah,

 

Sumardi/Bogor.

 

 


From: mj [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: 05 Oktober 2006 13:34
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] bidadari di sawarga

 

 

keur leutik, kungsi manggih carita yen di surga (tina sawarga, bahasa sansakerta) seueur bidadari. bidadari dicaritakeun isteri geulis nu tangtuna pikeun ngabibita lalaki. hehe.

 

dina cupumanik bulan nu kaliwat, aya tulisan kang Irfan Anshory, yen terjemahan ayat qur'an nu jadi bidadari eta, harti nu leuwih herang mah babaturan, lain bidadari (wungkul). kaharti kituna mah. sabab mun di surga ngan aya bidadari, meuren hartina nu asup surga teh pameget wungkul. ari bidadara pikeun maturan istri kamarana? piraku para istri teu arasup surga oge? padahal numutkeun pamanggih kuring, nu pangcapena hirup di alam dunya teh istri. kamari we milu api2 ripuh maturan indungna budak  samameh jeung saatos  ngalahirkeun. teu kabayang lalaki bisa.

 

konsep bidadari ieu rada nunjukeun yen di alam eta, napsu  -ku mangrupa perlambang bidadari nu tangtuna geulis- masih keneh aya. padahal cenah ngan ukur alam roh. hartina geus teu aya urusan napsu. tapi wallahualam

 

di henteu2 oge nya, agama islam urang kapangaruhan ku cara agama sejen nu geus beh ditu asup ka nusantara. conto eta we kecap surga, tina sawarga nu pastina dibawa ku hindu di india. rada siga suwarga, warga nu alus/hade. boa bidadari di sawarga oge hasil ngahartikeun qur'an make 'arkeologi pikiran' samemeh islam asup ka urang.  da ari dina hindu mah, jelema bisa asup sawarga teh, hasil sababaraha kali reinkarnasi nu hade tea cenah. beda jeung konsep agama islam.

 

sawarga mun teu ti basa hindi nya basa sansakerta. ngan di pasantren atawa dilingkungan nu tangtu disebut jannah atawa firdaus nu diadaptasi basa inggris jadi paradise. palebah dieu aya nu ngaganti agama jeung dien, sabab konsepna beda.

 

kuring oge boga bidadari (ti basa inggris angel) dua di imah. nu anyar datang dingaranan Divina Farsiris Vega. ngahaja make F jeung V, sangkan kuring utamana bisa ngabedakeun ngucapkeun hurup F, V, jeung P. farsiris ti basa persia, vega ti arab. divina duka timana, meunang nyokot ti judul carita, divina comedia. kungsi rek make ngaran ti budaya sunda, lanceukna baheula, dibere ngaran tambahan purbasari, tapi diprotes, sabab cenah siga merek lulur. mun make ngaran diah pitaloka, dianggap nurutan rieke.

 

poe rebo kamari, orok geus kaci di bawa ka imah, sanggeus opat poe ditahan di rumah sakit boromeus. sabab bili the kid atawa bilirubin-nu biasa disebut panyakit koneng tea- kadarna rada gede. jadi disinar heula sangkan turun. di imah oge tadi isuk dipoe.

 

begadang jangan begadang

kalau tiada artinya

begadang boleh saja

kalau boga orok!

 

hatur nuhun ka pangbagea baraya sadayana.

ayeuna keur ngapalkeun deui kabiasaan boga budak leutik. karek apal hiji, mun ceurik, mun teu lapar, papang atawa bujurna baseuh.
--
geocities.com/mangjamal

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke