Kecap "wildan" dina Al Qur'an akunggel dina surah Al-Waqi'ah
("wildanun mukholladuun". Tarjamahan depag ngahartikeun eta kecap
"wildan' sakumaha aslina ceuk etimologi (bhs Arab): barudak (jamakna
tina budak) anu ditafsirkeun salaku pembantu atawa anu maturan
(mukholaduun : langgeng). Jadi, "wildan" lain bidadari keur awewe.

Ceuk sakaol wildan teh cenah tadina budak anu maot keur leutik/orok
keneh, jadi anu maturan ka indung bapana di surga. Wallohu'alam.

Pedaran sejenna, sugan kahontal jeung inget keneh tina anu kungsi
katarima, urang tepikeun dina masing reply jejer ieu anu kapilih
(upamana wae, ceuk salah sahiji tafsir, bidadari teh taya lian ti bojo
tiap manusa/lalaki keneh anu babarengan asup surga).

baktos,
manAR


On 10/5/06, LSD <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ah, persoalan gampil etamah kang.  "Bidadari"  memang kangge pemeget di
> surga, kangge istri namina WILDAN, alias bidadari pameget?
>
> Clear kan?  Piraku Alloh teu adil, teu ngemutan anu kieu.
>
>
>
> Kitu sanes?
>
> Sok lah,
>
>
>
> Sumardi/Bogor.
>
>
>
>
>
>   _____
>
> From: mj [mailto:[EMAIL PROTECTED]
> Sent: 05 Oktober 2006 13:34
> To: [email protected]
> Subject: [Urang Sunda] bidadari di sawarga
>
>
>
>
>
> keur leutik, kungsi manggih carita yen di surga (tina sawarga, bahasa
> sansakerta) seueur bidadari. bidadari dicaritakeun isteri geulis nu tangtuna
> pikeun ngabibita lalaki. hehe.
>
>
>
> dina cupumanik bulan nu kaliwat, aya tulisan kang Irfan Anshory, yen
> terjemahan ayat qur'an nu jadi bidadari eta, harti nu leuwih herang mah
> babaturan, lain bidadari (wungkul). kaharti kituna mah. sabab mun di surga
> ngan aya bidadari, meuren hartina nu asup surga teh pameget wungkul. ari
> bidadara pikeun maturan istri kamarana? piraku para istri teu arasup surga
> oge? padahal numutkeun pamanggih kuring, nu pangcapena hirup di alam dunya
> teh istri. kamari we milu api2 ripuh maturan indungna budak  samameh jeung
> saatos  ngalahirkeun. teu kabayang lalaki bisa.
>
>
>
> konsep bidadari ieu rada nunjukeun yen di alam eta, napsu  -ku mangrupa
> perlambang bidadari nu tangtuna geulis- masih keneh aya. padahal cenah ngan
> ukur alam roh. hartina geus teu aya urusan napsu. tapi wallahualam
>
>
>
> di henteu2 oge nya, agama islam urang kapangaruhan ku cara agama sejen nu
> geus beh ditu asup ka nusantara. conto eta we kecap surga, tina sawarga nu
> pastina dibawa ku hindu di india. rada siga suwarga, warga nu alus/hade. boa
> bidadari di sawarga oge hasil ngahartikeun qur'an make 'arkeologi pikiran'
> samemeh islam asup ka urang.  da ari dina hindu mah, jelema bisa asup
> sawarga teh, hasil sababaraha kali reinkarnasi nu hade tea cenah. beda jeung
> konsep agama islam.
>
>
>
> sawarga mun teu ti basa hindi nya basa sansakerta. ngan di pasantren atawa
> dilingkungan nu tangtu disebut jannah atawa firdaus nu diadaptasi basa
> inggris jadi paradise. palebah dieu aya nu ngaganti agama jeung dien, sabab
> konsepna beda.
>
>
>
> kuring oge boga bidadari (ti basa inggris angel) dua di imah. nu anyar
> datang dingaranan Divina Farsiris Vega. ngahaja make F jeung V, sangkan
> kuring utamana bisa ngabedakeun ngucapkeun hurup F, V, jeung P. farsiris ti
> basa persia, vega ti arab. divina duka timana, meunang nyokot ti judul
> carita, divina comedia. kungsi rek make ngaran ti budaya sunda, lanceukna
> baheula, dibere ngaran tambahan purbasari, tapi diprotes, sabab cenah siga
> merek lulur. mun make ngaran diah pitaloka, dianggap nurutan rieke.
>
>
>
> poe rebo kamari, orok geus kaci di bawa ka imah, sanggeus opat poe ditahan
> di rumah sakit boromeus. sabab bili the kid atawa bilirubin-nu biasa disebut
> panyakit koneng tea- kadarna rada gede. jadi disinar heula sangkan turun. di
> imah oge tadi isuk dipoe.
>
>
>
> begadang jangan begadang
>
> kalau tiada artinya
>
> begadang boleh saja
>
> kalau boga orok!
>
>
>
> hatur nuhun ka pangbagea baraya sadayana.
>
> ayeuna keur ngapalkeun deui kabiasaan boga budak leutik. karek apal hiji,
> mun ceurik, mun teu lapar, papang atawa bujurna baseuh.
> --
> geocities.com/ <http://geocities.com/mangjamal> mangjamal
>
>
>
>
>


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke