Mangga Kang Ucep, diantos pisan kasumpinganana. teu kedah repot-repot angkaribung ku babantunan, tapi teu nanaon oge pami bade keukeuh mah ... heu..heu..
baktos, -dul- --- In [email protected], ucep wahyudin <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ucep Wahyudin > [EMAIL PROTECTED] > www.hr-uwj.com > Bade dongkap 10 jalmi tim sukses UWJ > ngange mobil > dinten saptu > Abdi teh ti kaum pusaka cinunuk > pun bao eyang Diperja rai raka sareng eyang Nurhasan, eyang Nurhasim. > Wios engkin dibahas. > > Salam baktos ka sadayana anu di keresek. > HR Ucep Wahyudin > > ndoell <[EMAIL PROTECTED]> menulis: > Assalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh.. > > Baraya Kusnet sadayana, > > Dina raraga boboran siam 1 syawal 1427 Hijriah, > dibewarakeun yén bade diayakeun acara Halal Bihalal Kusnet 2006 > nu Insya Allah badé diayakeun dina : > > Dinten Saptu dugi ka Minggu, ping 4~5 Nopember 2006 > ngawitan tabuh 11.00 énjing dugi ka lekasan > di Pasantren Keresek - Cibatu, Garut > > Acara : > - Ngaleler Pangajén ka Budayawan / Seniman seni Sunda buhun > - Silaturahmi, Wawanohan & Sosonoan > - Kusnetvaganza > - begadang bari siduru, meuleum jagong, Domba Guling, jste.. > > Kukituna, réngréngan Panitia seja ngulem ka sadaya anggota Kusnét > sareng kulawargina, sareng ageung pisan nu dipiharep kana kasumpingan > sadayana dina waktosna. > > Haratis, teu kedah mayar. > > Mugi-mugi ku acara ieu, tiasa langkung ngaraketkeun tali silaturahmi > diantawis baraya Kusnet sadayana. > > Sakitu anu kapihatur, > Wassalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh. > > -Ndoell- > Panitia (hususon tukang wawar) > > hapé : 08129056192 > imel : [EMAIL PROTECTED] > > * PENTING !!! * > --------------- > > Jalaran kanggo kaperyogian administrasi sareng nyayogikeun sagala > rupina, ka sadaya baraya Kusnet disuhunkeun rido galihna kersa > ngeusian Formulir dihandap ieu teras di kintun ka alamat i-mél : > [EMAIL PROTECTED] atanapi dialungkeun ka Milis : > > ---------------------------------------------------------- > FORMULIR NGIRING atanapi HENTEUNA KA HBH/KONGRES KUSNET 2006 > 4~5 Nopember 2006 > > Ngiringan : Bade / Moal (pilih*) > > Nami :..................................................... > Padumukan :................................................ > I-mél :.................................................... > No. telpon / Hapé :........................................ > Jumlah nu bade sumping : ..... dewasa & .... murangkalih > Kendaraan : Motor / Mobil / Umum > > ---------------------------------------------------------- > > Informasi nu sanésna : > > * Tempat Halal Bihalal * > ------------------------ > Di Pasantren "Keresek" Cibatu, Kab. Garut > > *Bazaar* > -------- > Baraya Kusnet/wargina atanapi nu aya pakait sareng baraya Kusnet > nu bade ngiringan Bazaar disayogikeun stand, mangga tiasa ngajapri > kanggo konfirmasi. > > *Sumbangan* > ------------ > Bilih aya nu bade masihan sumbangan disayogikeun kotak sumbangan, > atanapi nu bade ngintun tuangeun, mangga ngajapri kanggo konfirmasi. > > * Susunan Panitia Halal Bihalal* > -------------------------------- > - Pamangku Hajat : Uwa Siddik Wiradiredja > - Penasehat : Uwa Sasmita, Mang Jamal, Kang Tirta Wijaya, Kang Akos > - Pupuhu : Kang Ndoell > - Tukang nyatet : Teh Tia > - Tukang Babayar : Teh Imas Mustakim > - Seksi Humas : Kang Runa > - Seksi Acara : Kang Darpan, Kang Syam Ridwan, Kang Ikmal > - Seksi Konsumsi : Teh Enung (istrina kang Deni) > - Seksi Akomodasi/peralatan : Kang Deni, Kang Kumi & Kang Agus > - Seksi Dokumentasi : Kang Rachmat, Kang Bowie > - Seksi Ingkig / Umum : Kang Irpan, Kang Kamal, Kang Dudi, > Kang Hendra, kang Yayan, > Kang Ega & Kang Hadi > - Registrasi & Panampi tamu : Teh Eeya, Teh Mia, Teh Gia & Teh Iva > > ---..tos ah.. > > > > > > > --------------------------------- > Apakah Anda Yahoo!? > Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

