Kaci teu kuring ngomentaran kana 200 PT terbaik di dunya? (ieu mah rangkuman pangalaman pribadi sok ngabandungan anu alewoh perkara otonomi, riset sareng sajabana).
Upami bade ningali paguron luhur nu sae, kedah dikorelasikeun sareng sareng perekonomian nagara eta. Substansina pan, beuki walatra kasejahteraan, nya aya pangaruhna kana mutu paguron luhurna. Ari ceuk klasifikasi Carnegie mah (hiji sistem ngarengking paguron tiasa disebat universitas riset di Amerika Serikat, ku cara ningali sababaraha item, diantarana, jumlah doktor anu dihasilkeun, jumlah publikasi ilmiah para dosenna, jumlah dana anu dihasilkeun ku ayana panalungtikan anu dilakukeun ku para dosen, atanapi hasil kerjasama internasional). Taun 2000an ieu jumlah doktor anu tos dihasilkeun ku UI tos dugi ka 120 an sataunna. Padahal dina klasifikasi Carnegie, hiji paguron luhur tos tiasa dianggap "hebat" upama tos ngahasilkeun 50 doktor dina satauna. tapi upama ningali dana riset anu dihasilkeun, heunteu memenuhi syarat. Nya kitu oge dina hal publikasi ilmiah masih sakedik. Tingali wae nagri Cina, beuki sejahtera, kualitas paguron luhurna oge naek. (kajaba India, hiji kasus anu teu aya hubungan antara perekonomian nagara sareng kualitas lulusanana. tapi da India mah teu malire kana ukuran/standar anu diterapkeun pikeun nganilai kualitas paguron luhur). Jadi para dosen paguron luhur di Indonesia masih "ngungudag cicis" supados dapurna ngebul heula, panalungtikan sareng publikasi ilmiah mah kumaha engke wae. Rebo kamari kuring nember mirengkeun ceramah ti Menteri Riset & Teknologi Dr. Kusmayanto Kadiman (manten rektor ITB). Ceuk cenah, dana riset ti pamarentah pikeun kementrian Ristek ayeuna ngan sapertilu tina anggaran ITB jaman anjeunna jadi Rektor. Kanggo kementrian ristek wae danana sakitu "ageungna". Komo deui kanggo puluhan Paguron luhur negri. Sok sanaos, ayeuna aya sababaraha paguron luhur tos ngangge "BH"MN, hartosna aya kabebasan kanggo ngatur sareng milarian cicis nyalira, tapi hese pisan ngabiayaan sareng nyejahterakeun masyarakat kampus. Komo deui anu di kota-kota ageung. Janten, sacara normatif mah, ku ayana rengking paguron anu berkualitas teh, tiasa janten dorongan pikeun langkung maju. Tapi teu janten udagan anu utama. aya ukuran-ukuran anu hese di tedunan ku satiap paguron luhur di Indonesia. Pan di urang oge ayeuna aya akreditasi (Badan Akreditasi Nasional), anu nganilai program studi di hiji paguron luhur, naha kalebet klasifikasi A, B atanapi C. sok sanaos penilaian ieu teu 100 % obyektif, tapi tiasa janten norma kualitas hiji paguron luhur. Tah, upami program studina hoyong diakui sacara internasional, kedah diakreditasi oge ku badan akreditasi internasional. Salah sapuluh ukuranana teh nyaeta ku ayana kerjasama sareng paguron ti luar negeri (double degree). Atanapi program eta di lebetan ku mahasiswa asing. Beuki seueur mahasiswa asing kuliah di paguron eta, beuki ngetop sacara internasional ( tah ieu diterapkeun ku paguron luhur di India). Ku ayana mahasiswa asing teh, tiasa janten hiji daya tarik kanggo para pendonor ti luar negeri masihan bantuan cicis sareng sarana sanesna. baktos, mrachmatrawyani --- M_Arif <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ass. Wr. Wb > > > > Kang Alhakimc, > > > > Kumaha nganilaina. Maeunya ITB, UI, UGM teu nomor > 200 200 acan. Kumaha > Universitas di Timur Tengah ? > > > > Ulah leutik hate. > > > > Salam, > > > > M. Arif > > > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

