Waalaikum salam wr. wb.
Sim abdi sapagodos, manawi teu lepat mang J kantos mostingkeun usulan nami ti Pa Ayip R., manawi teu lepat mah : Kumpulan Urang Sunda di Internet,.....?
Nami Kulawarga/Kulawargi Urang Sunda di Internet, asana langkung meungkeut tali kulawargi Urang Sunda di Internet.
Ananging kitu teu langkung kumaha kasaluyuan sugri para wargi..
Wassalam
Asslamu 'alaikum Wr.Wb.Rumaos teung ngiring marajian, jenten teu kagungan hak maparinan ngaran. Tapi dina dunya demokrasi, sigana upami aya usul mah kaci alias teu diharamkeun. Dapon teu disaluyuan eta mah kumaha ramena saur manuk. Anu janten usul teh taya sanes, kecap komunitas anu mangrupakeun singgetan tina kusnet, kumaha upami digentos ku "kulawarga". Ayaopat hal anu janten pamadegan. Kahiji, luyu sareng sumanget hoyong ngagunakeun basa sunda; kadua upami kecap komunitas digentos ku kulawarga moal leungiteun makna; katilu, kaopat sami dingawitan ku hurup K; kaopat kecap kulawarga langkung jembar sareng tiasa nembongkeun tali asih anu langkung anteb. Eta mah usul. Ditampi wae mangga -- henteu ge moal pundung.Wassalam.

