nya kapaksa we di save as .... hihi ... diantos nu sejen na
On 11/16/06, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
jorojoy hayang ngalukis. padahal tas lebaran tea, kutud pisans. tapi ari geus hayang teh teu bisa ditahan. berebet we ka gramedia da bisa ngiridit. meuli kanvas, koas jeung cet. unggal peuting depa hareupeun kanvas kaselang jadi bartender susu o'rock. sigana sumanget 'spiritual' sesa bulan ramdan aya keneh. jadi lukisanana kaligrafi. ayat kursi. geus samingguan ieu ngalukis deui. kusabab keur boga o' rock, bahana ganti ku cet akrilik, teu ku cat minyak deui siga baheula da rada bau minyak. karunya o'rock ke dotna bau minyak. geus anggeus dua, dina kanvas 80x60 asana mah. nu hiji dipenta adi di tasik. hiji deui ditangkodkeun dina ieu e-mail. punten we tiasana mung model kitu da. bilih di kantor seueur jurig atawa landong keueung, kaci dipasang di screensaver. atuh bade dicitak oge mangga. mj .
-- wassalam

