Waduh hade pisan baraya....ari anu resep tuung toong
mah eta anu diharepkeun...seueur wawasan...tara
ngahakiman...tara padungdeng dina delman....tiasa
ngajenan sagala pamadegan..lamun ngalempengkeun oge
nganggo atanapi nyebat
referensina..atanapi..mazhabna......


--- Agus Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

> Assalamu'alaikum Wr Wb
> Kang Kumincir, Kang Agus Pakusarakan, Kang Surtiwa,
> Kang Rachmat,Kang joko tingkir, Kang Abdul, Kang
> Trisna Permana, Kang Oman Abdurahman, utamina ka
> kasesepuh KUSNET, apih Sidiq, Ua Sas, Mang Jamal
> cenah janten G, Gamal...heheheh, nuhun ah, ka Kang
> Tito, Bah Willy kum ka sadaya para wargi di
> urangsunda, kisunda, [EMAIL PROTECTED] anu
> kusimkuring dipihormat.
> hapunten kumawantun unjukan kasadayana bade ngiring
> tulas-tulis deui...hehehe.
> //-----------------------------------------------
> perkawis tulisan simkuring dina ngiritik Fatwa ti
> Kerajaan Arab, FATWA ULAMA tentang PLURALISME AGAMA
>
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/108050
> teu aya sanes kanggo nimbang-nimbang pamikiran,
> ati-ati dina Tekad, ati-ati dina Laku Lampah,
> buktina Ulama2 di Nagara Iran benten sareng Ulama2
> di Nagara Arab perbentenan dina paham Islam ieu teu
> leupas akibat tina sejarah Islam keneh, aya bacaan
> di situs www.al-shia.com judulna "KEMELUT KEPIMPINAN
> SELEPAS RASUL"
>
http://www.al-shia.com/html/id/books/Kemelut%20Kepemimpinan/index.htm
> 
> Salianti akibat kariweuhan dina Sajarah Islam,
> perbentenan Idiologi Islam oge diakibatkeun ku
> rujukan Hadistna, da Al-Qur'an kitab sucina mah
> sarua. contona hadist anu kedah Nyekel Pageuh
> Kitabulloh+Sunnah VS Nyekel Pageuh Kitabulloh+'Itroh
> Ahlul Bait, aya bacaan kanggo nambah wawasan situsna
> di
>
http://www.al-shia.com/html/id/books/Kebenaran-Hilang/index.htm
> ,terus deui dina Rujukan ka para Ulamana, anu dimana
> eta para Ulama teh beda-beda dina ngarujuk Hadist
> jeng Nafisrkeun Al-Qur'anna, cenah saur ulamana
> Manhaj Salaf teh kieu-kieu, Madzhab Syi'ah mah
> kitu-kitu rame dikalangan Ulamana oge. 
> //----------------------------------------------
> simkuring oge sok rajeun noongan, diaji, dilenyepan
> dina eusi situs hidayatulloh,swaramuslim, jeng
> sajabana anu muatan eusi webna saurnah Manhaj
> Salafi, Ahlussunah Waljamaah, ngangkeun Islam
> Kaaffah, Islam Murni saurnah kitu. mangga etamah
> kumaha pangangkenna masing-masing jeung kaluhungan
> dina neuleuman Islamna.
> 
> hehehem.. Kang Abdul nyerat : 
> "posisi Yahudi, Nasrani, sareung Sabiin anu
> dijelaskeun ku Al Baqoroh 62, ngenaan SALAMET DI POE
> KIAMAH".
> hehehehe.., aya ayat, mangga pilari "dhi'fal hayati,
> wadhi'fal mamati", Alloh males amal manusa teh
> nalika hayat (hirup/didunya), sareng nalika mamati
> (maot/Kiamah Leutik).
> 
> ka Kang Agus Pakusarakan, Kang Surtiwa, Kang Abdul :
> Teu Panujuna+Ngiritikna simkuring kana Fatwa ti KAS
> (Kerajaan Arab Saudi) sanes hartos kuring boga
> anggapan yen Zabur, Taurat, Injil anu ayeuna
> dibenerkeun kupedah ayana pamahaman Pluralisme dina
> Al-Qur'an, sanes..., ieu tos benten persualannana,
> antawis Manusa sareng Kitab Sucina.,  kumaha
> Al-Qur'an+Akhlaq Nabi dina perkawis "Kitab Suci"?,
> kumaha Al-Qur'an+Akhlaq Nabi dina perkawis
> "Manusa-na"?,.
> 
> Kunaon eta kedah dibentenkeun? margi ibarat Cangkang
> sareng Eusina, Kitab Suci cangkanna, Manusa tegesna
> eusina anu ngalampahkeunnana, kahartos panginten.
> Pondok mikirnamah kieu we "Kitab tulisan Zabur,
> Taurat, Injil AYEUNA" moal meunang Hidayah Alloh da
> tos disampurnakeun ku Al-Qur'an anu nganggo bahasa
> Arab, salawasna KAFIR kitab tulisan Zabur, Taurat,
> Injil AYEUNA teh. jadi Cangkangna/Labelna cap Kafir
> ceuk Manusa anu geus nyekel cangkang tulisan tina
> Al-Qur'an yen Cangkang (Kitab Suci Zabur,
> Tauret,Injil teh) Kafir, Kitab Menyesatkan....dst
> punten teu disundakeun...
> 
> Tah kumaha ayeuna Eusina, Manusana AYEUNA anu gubrag
> lahir kaalam dunya, ngarana cep "Wirabuana" tuluy
> dewasa di lingkungan kulawarga
> Yahudi/Katolik/Protestan? naha bisa meunang Rohmat
> Kasalametan di Dunyya jeng di Akherat moal cep
> "Wirabuana"  teh ti Alloh SWT?.
> cep "Wirabuana" : kuringmah lain menang kahayang
> hirup di dunyana oge, tur komo deui turunan
> Yahudi/Katolik/Protestan, estuning jleg geus dewasa
> wee.
> cep "Wirabuana" teh boro-boro apal kana tulisan
> Al-Qur'an anu ku Bahasa Arab, cep "Wirabuana" mah
> ngedul dina maca Kitab Suci Zabur/Tauret/Injil-na,
> ibadah ka Gerejana oge belang betong...ti mimiti
> baleg cep "Wirabuana" mah resep nalungtik kana Ilmu
> Alam.
> Ku jerona kana Ilmu Alam manehna yakin kana ayana
> anu nyieun kalawan Anu nyieun ieu Alam teh Mung Hiji
> (Ahad/Tunggal) , cep "Wirabuana" yakin Alam anu keur
> ditalungtikna moal langgeng, nilik kana salirana
> nyalira cep "Wirabuana" teh ngagebeg, geuining ieu
> Alam anu Leutik oge sakieu tunggalna, atuh sarua
> moal langgengna tur bari aya aya papastenna, buktos
> loba nu maot, anu boga budak dituluykeun ku budakna,
> tuluy maot, memeh maot boga budak heula, tuluy maot
> jst.
> 
> cep "Wirabuana" ngadenge geus di cap Kafir wee ku
> babaturannana teh..., ah hare-hare we nalungtik
> Alam. Da pamadegannana paduli disebut, Kafir bakal
> kana Naraka oge, lain urusan Manusa ieuh, anu
> nangtukeun Kuring Salamet jeng Heunteu mah, mimiti
> Pangeran Anu nyieun ieu Alam (da nalungtik wae kana
> Alam), Pangeran anu mere widi kuring Hirup di Alam
> Dunya (lain manusa), nalika kuring can bisa nanaon,
> kuring disalametkeun,disusuan ku Indung (Indung
> kuring didinya jadi juru salamet keur kuring, kumaha
> lamun kuindung pas brol gancang dipaehan,kawas loba
> jaman ayeuna, moal aya kuring ayeuna meureun), Bapak
> anu ngayuga jeng satuluyna, kitu pamadegan cep
> "Wirabuana".
> 
> Salian ti hasil panalungtikan eta, cep "Wirabuana"
> jelema anu mimiti manggihan Teknologi Komputer tug
> jadi Internet, ni'atna mah supaya Manusa anu aya di
> Alam dunya babari hubungan boh ku surat/sora/gambar
> atawa Live. 
> nya...hasilna anu ku Urang keur diparake diskusi.
> tuluy deuih simkuring apalna ka Ahlul baet teh tina
> Internet..heheheheh
> 
> Tah kumaha Al-Qur'an+Akhlaq Nabi dina ngaHukuman cep
> "Wirabuana" boh ayeuna anu keur hirup keneh, atawa
> engke geus maotna?.
> 
> *cep "Wirabuana" Paehan we kabeh da Kafir ieuh
> salilana tur bakal ngaruksak ka Urang, Nini-Akina,
> Buyut,Jangawareng jtly oge merangan ka Kanjeng
> Nabi+Muslimiin, Kitab na oge geus di sampurnakeun ku
> Al-Qur'an dina Bahasa Arab,
> *Salila cep "Wirabuana" teu ngaleupaskeun 
> "Cangkang" (Kitab Suci Zabur, Tauret,Injil-na)
> Kafir.
> *Jadi euweuh untungna cep "Wirabuana" lamun teu
> nyekel "Cangkang" Al-Qur'an mah, ku Alloh di dunya
> Disiksa komo di Akherat (tetep Kafirna), sanajan
> pinter Ilmu Alam oge.
> *cep "Wirabuana" Moal menang pituduh Alloh pikeun
> Iman ka Alloh, da lain "Cangkang" Al-Qur'an Kitab
> Sucina, Amal Kaalusanna moal ditarima ku Alloh, da
> Teu Iman ka Alloh, teu Iman kana "Cangkang"
> Al-Qur'an, teu Iman ka Muhammad salaku Nabi panutup
> *"Cangkang" Da turunan ti kulawarga
> Yahudi/Nasrani/Sabiin anu Kafir tidituna, kafir we
> tuluy, paling oge turunannana jang Minuhan Seuneu
> Naraka. keun we hasil Teknologi Internetnamah pake
> wae, manfaatkeun ku Urang.
> 
> mangga tah kumaha saur "cangkang" Al-Qur'an+Akhlaq
> Nabi ningal ngaHukuman ka eta cep "Wirabuana" teh
> boh ayeuna keur hirup keneh didunya atawa Hukuman
> engke di akherat?.
> 
> Sakitu heula, ah mangga diantos walerannana tisadaya
> palawargi, katut ka Kang  H. Adian Husaini, MA, anu
> parantos ngadamel logika "Minyak babi cap Onta"...,
> duka kitu geuning antukna teh teu akademis, kang
> Jalal mah teu kitu kanu nolak paham Pluralisme,
> beakeun dalil meureun...teubisa ngahujjah deui
> meureun...jadi ngaluarkeun tulisan Pluralisme teh
> samodel ngajual "Minyak babi cap Onta".
> heheheheheh...
> 
> hapuntenna ah sadaya resep heureuy....
> 
> Waalamu'alaikum Wr Wb
> baktos
> Agus Wirabudiman 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 



 
____________________________________________________________________________________
Sponsored Link

Rates near historic lows - 
$200,000 mortgage for $660/ month - 
http://yahoo.ratemarketplace.com

Kirim email ke