Sakedik deui, pameng geus kagok na milist...soal lumpur Lapindo Brantas tea.
Tina jihat kaelmuan geologi, sigana anu kajadian di Porong teh lain ukur "mud volcano". Ieu teh kusabab bukti anu aya, lain wae leutak (lumpur) anu ka luar teh, tapi cai jeung "suhu"-na anu panas. Dina diskusi informal di kantor, sababaraha geolog ngebrehkeun pamadeganana yen bisa jadi anu aya sahandapeun Porong teh nya mud volcano (gunung leutak handapeun bumi), nya fenomena geothermal (panas jero bumi/taneuh) atawa malah gunungapi handapeun taneuh....walah, nya fenomena hidrogeologi regional, nya.....patahan aktif, jst. Si kuring anu kungsi sakeudeung diajar soal cai taneuh rada kataji ku katerangan salah saurang geolog senior. Ceuk anjeunna, nilik kana gedena volume cai anu kaluar tina jero taneuh Porong, asa cangcaya upama eta cai teh asalna cai taneuh normal. Sabab, 70% tina sebrotan leutak teh apan cai tea (data kimia leutak Lapindo). Upama waktu harita (basa diskusi) volume sebrotan eta leutak geus nepi kana angka 50.000 m3/poe, apan aya kurang leuwih 35.000 m3/poe anu mangrupa cai (sesana nya leutak) ka luar ti "rohangan" jero taneuh. Tah, pisakaumahaeun teuing gedena rohangan (reservoir) di handap upama eta cai teh cai taneuh normal. Upama lain rohangan sakumaha kabayang ku urang di luhur bumi, tangtu eta hasil pataremana cai-cai anu geusian lolongkrang heureut antara "butiran" taneuh. Asa mustahil da sagedena oge wewengkon Porong, moal enya lolongkrang antara taneuhna bisa nyimpen cai anu sakitu lobana jeung nyebrot unggal poe meh 35.000 m3. Cai naon atuh? jeung timana asalna? Dina elmu hidrogeologi, aya dua kamungkinan gede asal-usulcai anu loba: 1. reservoar anu asalna tina cai laut baheula (laut purba) anu kaporog (ku proses geologi) jadi cai purba (istilah paelmuanana: conate water); 2. reservoir anu proses nyimpen caina ku cara osmosis, hartina: caina cai laut anu ayeuna (recent). Tah, upama kamungkinan anu kahiji anu bener, nya lumayan rada aya harepan eta sebrotan leutak (jeung lolobana mah cai) baris eureun dina waktu moal pati lila. Sabab, sakumaha gedena oge reservoir cai laut purba tangtu aya watesna. Tapi, lamun kamungkinan anu kadua anu larap? Walah...pisakumahaeun teuing lilana eta kajadian sebrotan leutak (jeung lolobana mah cai). osmosi tea...hartina...cai laut ayeuna (paling mungkin anu aya di selat Madura) rembes ka jero leutak. patarema nepi ka ngeusian reservoir...nya siga anu ngamalirkeun cai laut selat Madura ka wewengkon Porong kalwan samemehna ngaliwatan heula rohangan gede rebuan meter sahandapeun taneuh Porong pikeun dibudalkeun ka beungeut taneuh eta wewengkon. Moal eureun da tanagana oge tekanan hidrostatik laut Selat Madura ayeuna. Naha ieu kitu tanda-tanda wong Jowo baris tinggal separo teh? Wallohu'alam. Kumaha carana nganyahokeun eta asal-usul cai? Ceuk elmu hidrogeologi mah nya tanya wae atuh jinis (cai) na. Kumaha carana? Elmu fisika bumi mere nasehat: gunakeun test radioaktif (isotof) ka eta cai pikeun meunangkeun jawaban anu jujur. Komposisi isotop cai baheula (conate water) tangtu moal beda jeung standar (data) isotop cai baheula anu geus aya; sakumaha isotop cai ayeuna (tina proses osmosi) baris sarua jeung catetan isotop cai jaman ayeuna anu oge sarua geus aya datana, geus aya standarna. Hanjakal....test atawa nguji cai teh kaasup lengkah anu teu dilaksanakeun atawa dina dilaksanakeunana oge telat ku pihak anu pakait jeung kasus leutak Lapindo. Ayeuna mah ges hese meunangkeun contoh cai anu bener2 ngawakilan cai ti jero taneuh...nun rebuan jauh anggangna ti luhur taneuh. Sabab, apan liang sebrotanana oge geus muka, geus teu atawa hese dilokalisir deui. Tapi, lamun bisa mah hade pisan...kajeun telat asal bisa. Sugan wae atuh. baktos, manAR On 11/17/06, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Waktos sasih puasa kamari kuring mirengkeun informasi ti Menristek Dr. Kusmayanto Kadiman mah, Kamentrianana tos ngagaduhan sistem early Warning tsunami anu kawilang canggih. Jeung deuih kauangan menristek sigana tos "cekak". Jadi teu kedah meser peralatan deui, kajaba lamun juragan Bush "maksa" nitah meuli alat-alatna kalayan dibere bantuan dana/soft loan (masihan hutang kanggo meser alat eta). Tapi tetep wae kedah dibayar. Kuring marios deui makalah Pa Rudi Rubiandini, tetela Lapindo Brantas ngagaet Petrochina. Dina makalah eta oge disabit-sabit "mud volcano". Kumargi kitu skenario-4 penanggulanganana nyaeta ku jalan ngebor ngangge 4 - 5 relief well ngurilingan semburan, kanggo maehanana. Tapi ieu teh cara anu paling mahal sareng prosesna lami. Ceuk cenah mah, upami lancar, nembe tiasa teratasi dina pertengahan desember. Padahal leutak luhurna ngajungkiring aya kana 7 meterna. baktos, mrachmatrawyani --- Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED] <budhi%40urang-sunda.or.id>> wrote: > sigana amrik bade ngajual alat early warning system, > padahal asana teu aya > panaliti amrik nu "aktif" nalungtik gempa di ina. > kapal-kapal nu metakeun > "zona subduksi", asana kapal jerman tur kapal jepang > salian ti geomarine nu > bppt (eh ppgl kitu). > > duka pami amrik sieun industri migas na di"hugo > chaves"keun siga kasus > caltex (ayeuna chevron texaco) nu salah sahiji > lapanganna di riau (rumbai > kitu), di akuisisi ku pertamina tur bumd riau. jadi > teu kudu hariwang, yen > mun di bumd-keun bakal dikorupsi, asalna sistimna > geus puguh mah geuning, > aman-aman wae. di sumsel oge kabupaten muba nu aktif > nga-akuisisi minyak, > malah batubara tur listrik mah kerja samana jeung > parusahaan ti china. > > lumpur "lapindo" oge dina panempo tukang geol mah > kaasup kajadian "mud > volcano", sabab disebut volcano mangka teu bisa > dieureunkeun, saperti > kajadian gunung bitu, nu hese ngeureunkeunna lamun > geus kajadian. dina > panempo ahli minyak, bisa dieureunkeun ku cara > "relief well" alias nyieun > sumur anyar di gigireunna, duka tah kumaha hasilna > ... ngan geuning nepi ka > kiwari, lumpurna angger keneh mudal. > > budhi > kurono kopo 241 __________________________________________________________ Sponsored Link Mortgage rates near 39yr lows. $310k for $999/mo. Calculate new payment! www.LowerMyBills.com/lre

