Mang, naon bentenna leutak Porong jeung sabangsaning Beledug Kuwu?

On 11/17/06, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Dina elmu hidrogeologi, aya dua kamungkinan gede asal-usulcai anu loba:
1. reservoar anu asalna tina cai laut baheula (laut purba) anu kaporog (ku
proses geologi) jadi cai purba (istilah paelmuanana: conate water); 2.
reservoir anu proses nyimpen caina ku cara osmosis, hartina: caina cai laut
anu ayeuna (recent). Tah, upama kamungkinan anu kahiji anu bener, nya
lumayan rada aya harepan eta sebrotan leutak (jeung lolobana mah cai) baris
eureun dina waktu moal pati lila. Sabab, sakumaha gedena oge reservoir cai
laut purba tangtu aya watesna. Tapi, lamun kamungkinan anu kadua anu larap?
Walah...pisakumahaeun teuing lilana eta kajadian sebrotan leutak (jeung
lolobana mah cai). osmosi tea...hartina...cai laut ayeuna (paling mungkin
anu aya di selat Madura) rembes ka jero leutak. patarema nepi ka ngeusian
reservoir...nya siga anu ngamalirkeun cai laut selat Madura ka wewengkon
Porong kalwan samemehna ngaliwatan heula rohangan gede rebuan meter
sahandapeun taneuh Porong pikeun dibudalkeun ka beungeut taneuh eta
wewengkon. Moal eureun da tanagana oge tekanan hidrostatik laut Selat Madura
ayeuna. Naha ieu kitu tanda-tanda wong Jowo baris tinggal separo teh?
Wallohu'alam.

Kirim email ke